Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread kumincir
Perkawis makalah, tong boro makalah, hand out ge teu nyieun kuring mah, da
eusi pidanganana ge lolobana ukur gambar anu teu perlu dipedar-dipedir,
cukup ukur di-tembong2. Naon pangna disebut teu aneh pikeun warga internet?
Sabab mun bener2 hoyong ningal naon anu dipidangkeun harita ku kuring, kari
muka wikipedia.org atawa su.wikipedia.org kanggo nu basa Sunda. Di dinya aya
sadayana.

Mangga, yaktos, eta tujuan & pamiangan gempungan ku kuring dibulak-balik
bisi aya nu kaliwat. Eces jeung pertela, yen nu diudag ku urang teh nyaeta
eupan balik atawa kamandang ti sesepuh atawa inohong, kumaha sangkan bisa
ngamaksimalkeun naon2 anu geus/keur dihanca ku Kusnet. Kumaha pamendak para
sesepuh teh? Tah eta pisan anu sakedahna dipedar & dilenyepan, ngan hanjakal
kaburu digugat-gugat nepi ka mamawa urusan akuntansi sagala.

Peun, urusan ieu mah cukup nepi ka dieu bae. Hampura, Gan. Kuring teu bisa
mere walonan anu sistematis kalawan nyugemakeun, dalah henteu
pasaran-pasaran acan.

On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
>
>   Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> dieu.
>
> Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
>

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id 


[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Tah sae kitu, Kang Agus. Hawatos. Mudah2an we anjeunna henteu tebih ti
Jakarta. 
Mangga, tah cobi kontak Kang Agus heula...

Simkuring sambung du'a, mugia enggal damang siga sabihara-sabihari deui...


Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Agus K \"PAKUSARAKAN\""
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> posisi akang dimana bade lalandong ku cara non medis mah mangga we japri
> atawa sms ka abdi
> 
> 
> On Mon, Feb 4, 2008 at 9:42 PM, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >   Sampurasun,
> >
> > punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo
> > panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi
baraya kusnet
> > aya ny terang.
> >
> > nuhun
> > wasalam "kuncen kasep"
> >
> > - Original Message 
> > From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: urangsunda@yahoogroups.com
> > Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
> > Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?
> >
> >
> > Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> > pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> > argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> > ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> > internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> > aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> > ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> > kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> > kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> > dieu.
> >
> > Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> > eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> > Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> > pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> > internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> > internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
> >
> > Baktosna
> > Dhipa Galuh Purba
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com ,
> > kumincir  wrote:
> > >
> > > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
> > nganggap
> > > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu
sumping: Abah
> > > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.),
mangga teh
> > > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> > >
> > > On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> > > >
> > > > Hanjakalna Ã(c)ta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
> > kuring) bet
> > > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyÃ(c)ktif, ulah
kÃ(c)na-kÃ(c)na
> > diulem
> > > > pikeun masihan prÃ(c)sentasi. Sok mangga uningaan ku Kang
Kumi, naon
> > > > tujuanna Ã(c)ta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia?
SanÃ(c)s saukur
> > > > masihan prÃ(c)sentasi ka urang darat ti urang internÃ(c)t. Tapi
> > tujuanna tÃ(c)h
> > > > "nepungkeun anu giat di internÃ(c)t jeung anu di darat". Upama
Kang Kumi
> > > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan
yÃ(c)n
> > urang
> > > > internÃ(c)t langkung palalinter batan urang darat, anu antukna
urang
> > > > internÃ(c)t mah dianggap teu penting ngabandungan
presÃ(c)ntasi ti urang
> > > > darat.
> > > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > Never miss a thing. Make Yahoo your
homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ---
> AGUS PAKUSARAKAN
> 08128377662
>
www.smarthubtech.co.id---
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> www.garut0262.wordpress.com
> www.azzoman.wordpress.com
> www.azzoman.indonetwork.co.id
> www.indonetwork.co.id/azzoman
> -
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
>




Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread Agus K "PAKUSARAKAN"
posisi akang dimana bade lalandong ku cara non medis mah mangga we japri
atawa sms ka abdi


On Mon, Feb 4, 2008 at 9:42 PM, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sampurasun,
>
> punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo
> panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi baraya kusnet
> aya ny terang.
>
> nuhun
> wasalam "kuncen kasep"
>
> - Original Message 
> From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
> Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?
>
>
> Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> dieu.
>
> Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
>
> Baktosna
> Dhipa Galuh Purba
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com ,
> kumincir <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
> >
> > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
> nganggap
> > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah
> > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> >
> > On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> > >
> > > Hanjakalna Ã(c)ta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
> kuring) bet
> > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyÃ(c)ktif, ulah kÃ(c)na-kÃ(c)na
> diulem
> > > pikeun masihan prÃ(c)sentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > > tujuanna Ã(c)ta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? SanÃ(c)s saukur
> > > masihan prÃ(c)sentasi ka urang darat ti urang internÃ(c)t. Tapi
> tujuanna tÃ(c)h
> > > "nepungkeun anu giat di internÃ(c)t jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
> > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yÃ(c)n
> urang
> > > internÃ(c)t langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > > internÃ(c)t mah dianggap teu penting ngabandungan presÃ(c)ntasi ti urang
> > > darat.
> > >
> >
>
>
>
> --
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>  
>



-- 
---
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id---
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
-
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com


[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Rampeees...

Aduh hawatos teuing. Hanjakal simkuring sanes dokter.
Nanging, kamari ieu kantos ngobrol sareng pun lanceuk, Kang Iding,
ngeunaan JAMUR KAPUCA (Punten bilih lepat namina). Saurna mah eta
jamur teh tiasa ngalandongan sawatara panyawat, diantawisna TBC sareng
ASMA.

Cara ngadamelna, ngagodog heula cai dugi ka ngagolak. Teras eta cai
didamel janten teh manis (takeranna dikinten-kinten we sakumaha
ilaharna ngadamel teh manis). Tos kitu, lebetkeun kana keler atanapi
wawadahan naon wae anu didamel tina kaca. Omat ulah tina plastik
saurna teh. Margi, simkuring oge kantos ngaos buku anu judulna "Jangan
Makan Plastik". Kacindekanana, memang katuangan anu dibungkus ku
sabangsaning plastik teh kirang sae kanggo kasehatan.

Tah, tos dilebetkeun kana wadah kaca tea, lebetkeun we jamur kapuca.
Teras we dikekeb sadinten. Engke rasana teh rada haseum, tapi da
nikmat. Komo upami disimpen heula dina kulkas mah. Simkuring oge
saumur2 teu acan ngalaman gaduh kulkas, tapi saatos wawanohan sareng
jamur kapuca mah janten maksakeun meser kulkas.

Karaos ku simkuring mah memang aya hasilna. Tara gampil cape, tara
gmpil tunduh (upami bagadang), sareng (wartosna) nambah kakuatan
pameget dina ngawajiban nu janten istri. Tah, nu pamungkas mah
simkuring teu acan gaduh kasempetan kanggo ngabuktoskeun.  

Kumaha carana kenging eta jamur? Mangga we kontak Bapa Iding: (022)
70012397. InsyaAlloh salami ieu tara kantos diicalan. Nu nuhunkeun mah
tangtos dipaparin, bari dipapatahan cara ngadamelna, pleus tiasa
nyobian hasil racikan anjeunna.

Simkuring oge kirang resep ngaracik nyalira mah. Sok nuhunkeun anu tos
janten we, lajeng disimpen dina kulkas. Alhamdulillah, panyawat mag
simkuring oge damang ku syareatna eta jamur kapuca. Ayeuna simkuring
tos tya wagelan deui ngaleueut kopi siang-wengi, tur henteu kedah
teratur tuang. Margi, tos henteu gaduh mag.

Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna.

Baktosna
Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com

 


--- In urangsunda@yahoogroups.com, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun,
> 
> punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo
panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi baraya
kusnet aya ny terang.
> 
> nuhun
> wasalam "kuncen kasep"
> 
> 
> - Original Message 
> From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
> Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?
> 
> 
> Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> dieu.
> 
> Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
> 
> Baktosna
> Dhipa Galuh Purba
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, kumincir  wrote:
> >
> > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
> nganggap
> > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping:
Abah
> > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> > 
> > On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> > >
> > > Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
> kuring) bet
> > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna
> diulem
> > > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés
saukur
> > > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi
> tujuanna téh
> > > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama
Kang Kumi
> > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén
> urang
> > > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> > > darat.
> > >
> >
> 
> 
> 
> 
> 
>  

> Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
> http://www.yahoo.com/r/hs
>




Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread kuncen kasep
Sampurasun,

punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo panyawat 
ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi baraya kusnet aya ny terang.

nuhun
wasalam "kuncen kasep"


- Original Message 
From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?


Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
dieu.

Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?

Baktosna
Dhipa Galuh Purba

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
>
> Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
nganggap
> diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah
> Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> 
> On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> >
> > Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
kuring) bet
> > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna
diulem
> > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur
> > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi
tujuanna téh
> > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
> > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén
urang
> > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> > darat.
> >
>





  

Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh

Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
dieu.

Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?

Baktosna
Dhipa Galuh Purba



--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
nganggap
> diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah
> Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> 
> On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> >
> >   Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
kuring) bet
> > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna
diulem
> > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur
> > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi
tujuanna téh
> > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
> > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén
urang
> > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> > darat.
> >
>




Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread kumincir
Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring nganggap
diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah
Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.

On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
>
>   Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung kuring) bet
> asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna diulem
> pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur
> masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi tujuanna téh
> "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
> gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén urang
> internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> darat.
>


[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon waé nu kapanggih

Tutungkusan ti karuhun
Dipiara dipupusti
Ku warga di alam maya
Nu karasép nu gareulis
Komunitas Urang Sunda
Di Internét seja ngancik


Ku bubuka dua pada Pupuh KINANTI di luhur, kuring neda widi deui ka
sadayana pikeun mairan panitia pajemuhan di Wisma Unpad, anu
Alhamdulillah wartosna tos lumangsung kalayan lungsur langsar.

Kang Oman, dulur kuring ti tatar Galuh, hatur nuhun kana waleranana.
Tapi ulah lepat harti, da kuring mah teu ngajak paréa-réa omong. Di
ieu milis, kuring henteu ngomong sakecap-kecap acan, éstuning mung
tiasa ngedalkeun eusi haté ku tulisan. Jadi, lepat kabina-bina upama
kuring dianggap ngajak paréa-réa omong.

Basa kuring nulis ieu surat, sakapeung diselangan heula ku maca buku
"Yang Datang Telanjang" (Surat-surat Ajip Rosidi dari jepang
1980-2002, Kepustakaan Populer Gramedia, 2008), anu kandelna 804 kaca.
Eusi surat-surat Kang Ajip Rosidi téh ditujukeun ka Asrul Sani,
Nugroho Notosusanto, Subagio Sastrowardoyo, sareng sajabina.  

Kitu kahirupan di darat mah, surat-surat téh nepi ka dibukukeun, bisa
dibaca ku saha baé nu daék meuli, nginjeum, atawa ménta buku. Jadi,
balaka baé, kuring kakara terang upama di milis aya étika yén surat
japri kudu diwalonan ka japri, pon kitu deui surat group diwalonan
deui ka group. Ana kitu mah heureut pisan kabébasan di dunya maya téh,
dunya anu cenah mah global, tempat pakumbuhan jalma (boa kaasup jin)
saalam dunya. 

Surat kuring nu munggaran, henteu aya anu dibantah ku Kang Oman.
Ngandung harti, sagala anu ditulis ku kuring téh luyu jeung
kanyataanana. Batan ngabantah eusi surat mah, kalah masualkeun téknis
surat. Tapi teu sawios-wios, upama katiasana ngan samet dinya mah
tangtos dima'lum ku kuring ogé.

Pangna surat kuring dicemplungkeun ka group, aya sawatara alesan. Di
antarana:
1.  Kuring tara biasa susulumputan, kajaba mun nuju bobogohan.
2.  Kuring teu terang upama anu diulem téh mung sabagéan warga Kusnét
(dipilihan), sabab dina eusi surat Kang Oman, ditandeskeun yén Kang
Oman ngawakilan sadayana. Ari ngawakilan sadayana, hartosna sadayana
ogé otomatis aruningaeun. Upama Kang Oman ngakukeun ngawakilan
sadayana bari ukur sababaraha urang nu uninga, naha éta kalebet étis
di dunya milis?
3.  Surat kuring ka japri henteu diwalonan baé, antukna dicemplungkeun
ka group. Malah upama henteu diwalonan kénéh mah pasti bakal
dipidangkeun di galuh-purba.com, jeung dikirimkeun ka sunda.web.id,
herni2nisih.blogspot.com, putrisunda.multiply.com, sarta situs-situs
séjénna anu kasawang bakal kersaeun ngamuat tulisan (sanés omongan)
kuring. Di darat ogé, kuring sok kitu. Lamun tulisan henteu dimuat di
hiji média massa, pasti kuring bakal néangan média séjénna anu
kersaeun ngamuat tulisan kuring. Pasti bakal aya nu kersaeun, da
kuring yakin Gusti Alloh Maha Adil.

Perkawis laporan waragad dina gempungan kamari, saumur nyunyuhun
mastaka, aéh… hulu, asa nembé ngaos laporan waragad dibarung ku
susumpahan. Sigana kedah diajar akuntansi. Kang Oman nyebatkeun teu
aya nu ngawaragadan, kajabi caneuteun jeung fasilitas di Wisma Unpad. 

Kumaha logikana éta kalimah téh? Apan caneuteun sareng fasilitas téh
mangrupi waragad. Naha bet nyebat teu aya nu ngawaragadan? Cobi wé
étang, sabaraha upami mésér caneuteun sareng sabaraha upami nyéwa
fasilitas? Kalebet sumbangan moto kopi ti Kang Oman ogé, nu nambutkeun
infokus, apan éta ogé kalebet waragad. 

Upama kuring mah, sigana bakal kieu basana téh: Alhamdulillah,
pajemuhan parantos lumangsung kalayan diwaragadan ku Pangersa Ganjar
Kurnia, mangrupi fasilitas Wisma Unpad, katuangan anu sakitu
raoseunna, ditambih ku waragad ti simkuring mangrupi biaya moto kopi
sareng mangusahakeun infokus. Nu langkung utami, maksad transparan téh
sanés hartosna kedah susumpahan sagala, tapi sumangga konsultasi ka
ahlina, neuleuman cara-carana ngalaporkeun hiji kagiatan.

Dina pasualan uleman, anu didugikeun ku Kang Agus, éta ogé teu kénging
dilalaworakeun. Ulah nyandak praktisna baé, komo bari alesanna henteu
logis. Kantun ngeunteung wé ka HBH (Halal Bi Halal), anu lumangung
kamari ieu di Cipayung waktos manggung… aéh, "waktos manggung"-na mah
henteu kalebet. 

Sanaos sadayana diulem, apan nu hadir téh henteu nyéépkeun tempat dugi
ka heurin usik. Di Wisma Unpad ogé, asa piraku upami henteu kawadahan
mah. Bet anu diulem ogé, sanés hiji-dua anu teu tiasa sumping téh,
patali aya wagelan anu tangtos langkung utami. Mung hiji, ulah
ngawartosan Miftahul Malik. Margi anjeunna mah sok aku-aku angga. Moal
henteu, majarkeun téh éta anu ngarempel mangrupi massa anjeunna, tur
siap milih Pa Agum Gumelar, Pa Dani Setiawan, atanapi Pa Ahmad
Héryawan. Omat, jalmi éta mah sok kitu.

Kang Kumi, aktivis wikipedia Sunda, satadina kuring moal
nyabit-nyabit, sabab geus terang kana ketak Kang Kumi. Kuring salut
tur kalintang ngajénan kana hanca gawé Kang Kumi anu tos napak tur
kaala mangpaatna. Hébat pokona mah, Kang

Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread kumincir
Euh... Kusabab disabit, nya 'kapaksa' kuring ngilu ngomong, najan sabenerna
nu langkung payus mah cekap ti pihak panitia (atos ti Kang Oman).

Intina mah kieu, acara kamari teh presentasi atawa pidangan ti kusnet keur
nu di darat. Mun nu diulem urang Kusnet keneh, naon anehna atuh? Anu datang
ti Kusnet, misalna wae kuring, nya memang rek presentasi ka nu sarumping.
Kitu tah...

On 2/4/08, Budhi Setiawan wrote:
>
>   On 2/4/08, Agus K PAKUSARAKAN wrote:
> >
> >   hiji pertarosan abdi ari anu giat kana budaya sunda anu kumaha?
> >
> nu disebat giat nyaeta nu ngiringan nyerat dina wikipedia basa sunda ...
> ceuk kang kumincir bari lumpat ...
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com


Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread Budhi Setiawan
On 2/4/08, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> hiji pertarosan abdi ari anu giat kana budaya sunda anu kumaha?
>
> baktos
> Agus Pakusarakan
>  <[EMAIL PROTECTED]>
> .
>
> 
>

nu disebat giat nyaeta nu ngiringan nyerat dina wikipedia basa sunda ...
ceuk kang kumincir bari lumpat ...
baktos,
-- 
Budhi Setiawan
e-mail: [EMAIL PROTECTED]
web: http://budhisetiawan.net/


Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-03 Thread Agus K "PAKUSARAKAN"
Sami kang oman hatur nuhun kana waleran nana.. nya keun da' sifatnya jalmi
mah pan taya nu sampurna
mung kahanjeulu abdi mung hiji, umapami uleman nu sifatnya kanggo kabudayaan
sunda teras mung diulem saperlu iyeu sok kenah kana kurang pasna nincak gas
atawa rem
keur perkara umum /kasundaan naha bet kudu ukur si a si b nu keudah terang
nu sanesna ngantosan hasilna pan teu kitu kang.. nu sifatnyan umum kasundaan
nya di bejakeun kasadayana, mun di pilih nya ciga ayeuna
nu hoyong ngiring teu tiasa ngiring da' teu terang plus teu di ulem
nu moal ngiring nya di ulem

kecuali e-mail anu sifat pribadi/bisnis pribadi/ nya teu keudah di beja2
kasaha2 nya kanu diperlukeun ku urang we... tah perkawis budaya sunda mah
cigana kedah kasadayana kang

hiji pertarosan abdi ari anu giat kana budaya sunda anu kumaha?

baktos
Agus Pakusarakan


On Mon, Feb 4, 2008 at 11:12 AM, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   Kahatur Kang Dipha oge Kang Agus Pakusarakan,
>
> Budalkeun wae Kang, sok abdi siap nampina. Hehehe...
> Abdi seja mairan dina raraga klarifikasi wae, sanes seja manjangkeun
> parea-rea omong. Hapuntenna.
>
> Perkawis gempungan, alhamdulillah cios. Teu aya anu ngawaragadan,
> kajabi caneuteun sareng fasilitas tempat ti Kang Ganjar, di wisma
> Unpad tea, oge ti abdi biaya fotocopi bahan presentasi (handout). Anu
> dimaksad caneuteun teh nyaeta: kopi, teh, sareng lalawuhna. Sakitu
> wae da anu haladir oge teu miharep anu langkung ti eta (sanes bade
> balakecrakan, jsb). Kedah nganggo sumpah, Kang? Mangga, demi Alloh,
> teu aya waragad sanesna anu katampi ku abdi kanggo eta riungan kajabi
> anu tos disebat nembe plus: infocus (kenging nambut ti kantor abdi) +
> abdi numpang mobil Kang Tirta ti kantor abdi ka tempat riungan.
>
> Hapunten henteu sadayana diulem tumali sareng bilih tempat henteu
> nyekapan. Emutan teh engke hasilna wae dipostingkeun. Eta mah kanggo
> kapraktisan wae, teu aya maksad ngawilah-wilah atanapi diskriminasi.
>
> Ka Kang Agus, hapunten henteu kaulem. Ua Sas diulem, oge Mj, via
> email. Namung Ua Sas teu aya ngareply uleman. Rupina komputerna ku
> virus. Mj aya ngadugikeun hapuntenna moal tiasa ngiringan (reply kana
> uleman ti payun).
>
> Bahan anu dipresentasikeun sapalih kungsi ditingalikeun ka Ua Sas
> waktos Konferensi Basa Sunda Taun 2005 di Subang. Kang Kumi oge
> ngadugikeun bahan dina eta riungan mangrupi presentasi ngeunaan
> Wikipedia. Eusina mah ngeunaan naon anu tos dihasilkeun ku sadayana
> dulur-dulur urang di ieu milist. Maksadna ngajakan sangkan sadayana -
> nu rancage atawa anu teu rancage, anu mindeng di internet atawa anu
> henteu mindeng, tiasa ngarojong ngalebetan karya-karya urang Sunda
> dina internet sapetos wikipedia Sunda, jsb; atawa ngahucuhkeun nu
> sanes sangkan nyeueuran karya-karya sarupi kitu.
>
> Sakitu wae Kang ti abdi. Kapayun Insya Alloh upami aya rencana
> riungan deui sadayana diulem, kalawan mudah-mudahan aya anu
> ngabiayaan (kanggo caneuteun tea hehehe). Sugan Kang Dipha atanapi
> Kang Agus, oge nu sanesna. Pon kitu deui, bilih ti para wargi milist
> aya anu gaduh maksad ngadamel riungan, mangga bebas wae.
>
> Hatur nuhun kana koreksian sareng nasehatna. Abdi nampi kana naon anu
> lepat ti abdi. Hapunten ka dadayana tina samudaya kakirangan abdi.
> Kalayan sakedik talatah ti abdi: aya saena upami email japri atanapi
> japri group dibales ka japri atanapi japri group deui. Pon kitu keneh
> sabalikna, email anu ka milist dibales deui ka milist. Asana anu siga
> kitu teh kalebet kana etika bermilist atawa ngagunakeun komunikasi
> via email.
>
> baktosna,
> manAR
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com ,
> "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
> >
> > Hatur nuhun, Kang Agus.
> >
> > Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
> > téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
> > Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
> > internét" sareng "anu di darat".
> >
> > Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
> > di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
> > widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
> > téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
> > Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
> > pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.
> >
> > Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir
> tur
> > naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
> > pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
> > serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
> > Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
> > aya serat waleran ti panitia mah.
> >
> > Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
> > ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
> > ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
> > surat kuring tet

[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-03 Thread Oman Abdurahman
Kahatur Kang Dipha oge Kang Agus Pakusarakan,

Budalkeun wae Kang, sok abdi siap nampina. Hehehe...
Abdi seja mairan dina raraga klarifikasi wae, sanes seja manjangkeun 
parea-rea omong. Hapuntenna.

Perkawis gempungan, alhamdulillah cios. Teu aya anu ngawaragadan, 
kajabi caneuteun sareng fasilitas tempat ti Kang Ganjar, di wisma 
Unpad tea, oge ti abdi biaya fotocopi bahan presentasi (handout). Anu 
dimaksad caneuteun teh nyaeta: kopi, teh, sareng lalawuhna. Sakitu 
wae da anu haladir oge teu miharep anu langkung ti eta (sanes bade 
balakecrakan, jsb). Kedah nganggo sumpah, Kang? Mangga, demi Alloh, 
teu aya waragad sanesna anu katampi ku abdi kanggo eta riungan kajabi 
anu tos disebat nembe plus: infocus (kenging nambut ti kantor abdi) + 
abdi numpang mobil Kang Tirta ti kantor abdi ka tempat riungan.  

Hapunten henteu sadayana diulem tumali sareng bilih tempat henteu 
nyekapan. Emutan teh engke hasilna wae dipostingkeun. Eta mah kanggo 
kapraktisan wae, teu aya maksad ngawilah-wilah atanapi diskriminasi. 

Ka Kang Agus, hapunten henteu kaulem. Ua Sas diulem, oge Mj, via 
email. Namung Ua Sas teu aya ngareply uleman. Rupina komputerna ku 
virus. Mj aya ngadugikeun hapuntenna moal tiasa ngiringan (reply kana 
uleman ti payun).

Bahan anu dipresentasikeun sapalih kungsi ditingalikeun ka Ua Sas 
waktos Konferensi Basa Sunda Taun 2005 di Subang. Kang Kumi oge 
ngadugikeun bahan dina eta riungan mangrupi presentasi ngeunaan 
Wikipedia. Eusina mah ngeunaan naon anu tos dihasilkeun ku sadayana 
dulur-dulur urang di ieu milist. Maksadna ngajakan sangkan sadayana - 
nu rancage atawa anu teu rancage, anu mindeng di internet atawa anu 
henteu mindeng, tiasa ngarojong ngalebetan karya-karya urang Sunda 
dina internet sapetos wikipedia Sunda, jsb; atawa ngahucuhkeun nu 
sanes sangkan nyeueuran karya-karya sarupi kitu.

Sakitu wae Kang ti abdi. Kapayun Insya Alloh upami aya rencana 
riungan deui sadayana diulem, kalawan mudah-mudahan aya anu 
ngabiayaan (kanggo caneuteun tea hehehe). Sugan Kang Dipha atanapi 
Kang Agus, oge nu sanesna. Pon kitu deui, bilih ti para wargi milist 
aya anu gaduh maksad ngadamel riungan, mangga bebas wae.

Hatur nuhun kana koreksian sareng nasehatna. Abdi nampi kana naon anu 
lepat ti abdi. Hapunten ka dadayana tina samudaya kakirangan abdi. 
Kalayan sakedik talatah ti abdi: aya saena upami email japri atanapi 
japri group dibales ka japri atanapi japri group deui. Pon kitu keneh 
sabalikna, email anu ka milist dibales deui ka milist. Asana anu siga 
kitu teh kalebet kana etika bermilist atawa ngagunakeun komunikasi 
via email.

baktosna,
manAR 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Hatur nuhun, Kang Agus. 
> 
> Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
> téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
> Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
> internét" sareng "anu di darat". 
> 
> Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
> di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
> widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
> téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
> Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
> pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.
> 
> Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir 
tur
> naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
> pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
> serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
> Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
> aya serat waleran ti panitia mah.
> 
> Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
> ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
> ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
> surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana
> kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama
> jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas.
> 
> Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang
> Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena
> ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék 
ku
> manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. 
> 
> Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah
> sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia
> gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman 
numpak
> vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya
> Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun.
> Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah
> élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah
> miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét.
> 
> 7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, a

Re: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-03 Thread Agus K "PAKUSARAKAN"
sami-samig kang dhipa hatur nuhun mani ancad laer serat teh.. ngeunah kana
ceuli abdi kang..

muhun kang cigana mah abdi jeung nu sanesna nu teu ka elem mah dianggap na
calik dina laut atawa di haseup alias di awang-awang tea nya.. atawa boa2
dianggap dina pucuk daun cau hehehehhe

perkawis dianggap giat dina budaya sunda asana heret pisan fikiran panitian
mun kitu, pan nu giat na budaya teh lain urang bandung wungkul sanes? lain
anu benghar wungul nya' lain nu sok jaipongan wungkul lain nu sok nalungtik
sajarah sunda wungkul sanes
janten ulah diwilah-wilah kahoyong abdi mah..
naha model abdi anu resep kana pencak, resep kana kasenian sunda resep
berbahasa sunda sok sanajan kasar teu kaasup nu teu giat kana budaya sunda,
naha budaya sunda teh saukur urang bandung?

tah janten ku abdi kaciri panitia teh rada hereut fikiran nana dina masalah
ngawengku kasundaan

kirang langkung kitu kang, janten kapanitian anu maos iyeu email sok guar
kadieu nu kumaha ari nu giat kana budaya sunda?

baktos
Agus Pakusarakan


On Mon, Feb 4, 2008 at 10:21 AM, dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Hatur nuhun, Kang Agus.
>
> Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
> téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
> Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
> internét" sareng "anu di darat".
>
> Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
> di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
> widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
> téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
> Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
> pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.
>
> Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur
> naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
> pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
> serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
> Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
> aya serat waleran ti panitia mah.
>
> Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
> ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
> ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
> surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana
> kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama
> jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas.
>
> Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang
> Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena
> ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku
> manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh.
>
> Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah
> sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia
> gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak
> vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya
> Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun.
> Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah
> élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah
> miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét.
>
> 7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh… maksad téh 7 papan peuteuy,
> dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng
> pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad
> Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan
> mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy,
> goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih
> dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng
> pajemuhan di Unpad.
>
> Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun
> ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan.
> Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson
> ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha.
>
> Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu
> ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap
> ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka:
> [EMAIL PROTECTED]  atanapi
> [EMAIL PROTECTED] . Kuring yakin 100%
> tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon
> pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya
> sababaraha kamungkinan, di antarana:
> 1. Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna)
> 2. Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor
> Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun
> dina motopr Dadan.
> 3. Anjeunna resepeun kana motor Dadan.
> 4. Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta
> mukena supados kaimpikeun ku Dadan.
> 5. Anj

[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-03 Thread dhipagaluh
Hatur nuhun, Kang Agus. 

Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
internét" sareng "anu di darat". 

Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.

Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur
naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
aya serat waleran ti panitia mah.

Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana
kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama
jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas.

Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang
Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena
ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku
manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. 

Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah
sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia
gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak
vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya
Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun.
Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah
élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah
miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét.

7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh… maksad téh 7 papan peuteuy,
dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng
pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad
Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan
mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy,
goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih
dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng
pajemuhan di Unpad.

Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun
ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan.
Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson
ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha. 

Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu
ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap
ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka:
[EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED] Kuring yakin 100%
tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon
pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya
sababaraha kamungkinan, di antarana:
1.  Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna)
2.  Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor
Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun
dina motopr Dadan.
3.  Anjeunna resepeun kana motor Dadan.
4.  Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta
mukena supados kaimpikeun ku Dadan.
5.  Anjeunna seueur teuing mukena di bumina, lajeng hoyong masihan
mukena ka Dadan.
6.  Anjeunna miwarang Dadan énggal-énggal gaduh kabogoh nu nyantri
kalayan dipancing ku mukena; sareng kamungkinan sanésna 

Ku kituna, sakali deui, ka Tétéh atanapi Ibu anu ngaraos kaicalan
mukena, mangga saénggalna ngintun email, bilih kabujeng diical ku
Miftahul Malik. Henteu kedah ngajukeun proposal. Komo ngalampirkeun
surat keterangan rajin solat ti DKM mah. Cekap sebatkeun namina,
alamatna dimana, gaduh putra istri nu lalagasan sabaraha urang, sareng
nomor kontakna. 


Kapayunna, ieu kagiatan nu teu puguh alang-ujurna téh muga baé sing
jadi pieunteungeun. Upama badé ngadamel acara téh sing asak nyusun
konsépna, transparan dina ngabacarkeun waragadna (mun aya nu
ngawaragadan), tur ngabéjaanna ulah dipilihan nu seueur artos wungkul,
siga saur Kang Agus. 


Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
Kuring ogé: ANTI DISKRIMINASI




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus Pakusarakan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr Wb,
>  wilujeng enjing baraya sadayana kumaha damang?
> kamari isuk2 di Bakus (urangsunda@yahoogroups.com)
> kuring maca uleman anu di haturkeun ku kang oman ka kang dhipa 
> nu terusna di