Re: [Urang Sunda] Riwayat Gatotkacha

2010-08-12 Terurut Topik Aldo Desatura ™
saterasna  mana

2010/8/12 Abbas Amin abas_ami...@yahoo.com



 Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok
 ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban
 keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna
 lalaki.

 Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung papatah
 ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna.
 Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh.
 Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna;
 lantaran cenah bisi sieuneun manusa.

 Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa batur;
 tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus menta
 kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten jste

 Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa geus
 kolot'
 terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan.
 Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!
 Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang
 ngajarugkel
 ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha
 ngajungkiring.
 Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana.

 Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap wae
 sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana wae,
 pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal cilaka.
 Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak sampeyan.

 Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan paeh
 kabeh
 mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari careureik;
 keur
 kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara.

 Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu ceurik;
 terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:Wh Butha; sok we Kula
 yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !

 Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:Jadi sampeyan daek
 ngagantian
 eta kulawarga nu dalapan ?

 Enya, si jalma gagah ngomong heureut pisan.
 Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula.

 Jung ti heula Kaula nuturkeun.

  Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi.

 Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung
 lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula.

 NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula.

 Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah
 endah,
 nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng.

 Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea.
 Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados
 nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit.
 Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah.
 Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu
 nyentak ka eta Pamuda: Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah;
 ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima Sena.

 Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha teh,
 brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar terus
 ku ibuna ):Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya;
 ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa ditampi.

 Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran ayeuna
 Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi
 anjeunna
 panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun mani
 ti gegereleng.

 Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi
 disuntrungkeun;
 teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui
 Gatotkacha
 di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan,
 lantaran
 unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi.

 Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu jogol
 teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade di
 dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari olojok
 nya
 teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :Duh Bapa Kaula
 Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa Bhima.

 Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh
 meunang
 make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra.

 Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh nyembah
 deui
 sababaraha kali.

 HANCA

  




-- 
Aldo Desatura ®  ©

Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata


[Urang Sunda] Riwayat Gatotkacha

2010-08-11 Terurut Topik Abbas Amin
Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok
ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban
keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna
lalaki.

Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung papatah
ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna.
Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh.
Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna;
lantaran cenah bisi sieuneun manusa.

Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa batur;
tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus menta 
kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten jste

Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa geus kolot'
terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan.
Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!
Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang ngajarugkel
ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha ngajungkiring.
Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana.

Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap wae
sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana wae,
pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal cilaka.
Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak sampeyan.

Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan paeh kabeh
mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari careureik; keur
kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara.

Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu ceurik;
terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:Wh Butha; sok we Kula
yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !

Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:Jadi sampeyan daek ngagantian
eta kulawarga nu dalapan ?

Enya, si jalma gagah ngomong heureut pisan.
Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula.

Jung ti heula Kaula nuturkeun.

 Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi.

Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung
lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula.

NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula.

Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah endah,
nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng.

Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea.
Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados
nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit.
Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah.
Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu
nyentak ka eta Pamuda: Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah;
ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima Sena.

Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha teh,
brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar terus
ku ibuna ):Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya;
ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa ditampi.

Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran ayeuna 
Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi anjeunna
panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun mani 
ti gegereleng.

Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi disuntrungkeun;
teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui Gatotkacha
di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan, lantaran
unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi.

Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu jogol
teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade di
dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari olojok nya
teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :Duh Bapa Kaula
Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa Bhima.

Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh meunang
make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra.

Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh nyembah deui
sababaraha kali.

HANCA