Re: [Urang Sunda] wilujeng ka Kang John van der Ploeg

2007-10-24 Terurut Topik SUMANTRI GUNADI
Kang John punten yeuh Abdi Nepangkeun, upami teu kaabotan pribados palay tepang 
di darat iraha atuh nya palay ngobrol ngaler ngidul sareng akang diantos 
waleranana.
Hatur Nuhun

Baktosna,

Pun Gunadi

- Original Message 
From: yayan sopyan [EMAIL PROTECTED]

Kang John kumaha damang?
nepangkeun, sim kuring Yayan Sopyan, sim kuring oge tongki (blasteran), pun 
bapa ti Garut, mung pun biang ti Ciranjang Cianjur...hehe. .. ari ayeuna 
linggih di Ciputat Tangerang. Kaleresan ngawulang di Universitas Islam Negeri 
Syarif Hidayatullah Jakarta.
bagea pisan mun tiasa tepang di Cianjur. kumaha rencana akang, bade linggih di 
Cianjur saterasna sa atosna pangsiun?
 _ _ _ _ __


[Urang Sunda] wilujeng ka Kang John van der Ploeg

2007-10-22 Terurut Topik yayan sopyan
Kang John kumaha damang?
nepangkeun, sim kuring Yayan Sopyan, sim kuring oge tongki (blasteran), pun 
bapa ti Garut, mung pun biang ti Ciranjang Cianjur...hehe... ari ayeuna linggih 
di Ciputat Tangerang. Kaleresan ngawulang di Universitas Islam Negeri Syarif 
Hidayatullah Jakarta.
bagea pisan mun tiasa tepang di Cianjur. kumaha rencana akang, bade linggih di 
Cianjur saterasna sa atosna pangsiun?
hatur nuhun


John van der Ploeg [EMAIL PROTECTED] wrote:   
Nuhun abdi di tampi, hapunteun we abdi bade ka Bandung engke jam salapan
sonten.Ke di Bandung we nu sanesna  bade di waleran.

John siBodo

- Original Message 
From: LIES ANDIANI [EMAIL PROTECTED]
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, 19 October, 2007 6:08:09 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun

 
kenging atuh, teu aya nu ngalarang diajar bahasa mah, asal kersa wae diajarna, 
hayu atuh sasarengan diajar, da abdi ge bari diajar nyarios nu sae sareng leres 
teh
   
  Salam
   
  LiesA
  di Bandung

pinterpisan pinterpisan@ yahoo.co. uk wrote:
  Nyuhun dihapunteun kasadaya.
Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun
dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.
Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina
basa sunda,  kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol.
isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. 
Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang.
Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti
Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon?
Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa
Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia
(bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda).
Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun 

John siBodo




  _ _ _ _ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com 
 
  




 
-
  For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month. 
 
   

 __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com