Kang John kumaha damang? nepangkeun, sim kuring Yayan Sopyan, sim kuring oge tongki (blasteran), pun bapa ti Garut, mung pun biang ti Ciranjang Cianjur...hehe... ari ayeuna linggih di Ciputat Tangerang. Kaleresan ngawulang di Universitas Islam Negeri Syarif Hidayatullah Jakarta. bagea pisan mun tiasa tepang di Cianjur. kumaha rencana akang, bade linggih di Cianjur saterasna sa atosna pangsiun? hatur nuhun
John van der Ploeg <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nuhun abdi di tampi, hapunteun we abdi bade ka Bandung engke jam salapan sonten.Ke di Bandung we nu sanesna bade di waleran. John siBodo ----- Original Message ---- From: LIES ANDIANI <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Friday, 19 October, 2007 6:08:09 AM Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun kenging atuh, teu aya nu ngalarang diajar bahasa mah, asal kersa wae diajarna, hayu atuh sasarengan diajar, da abdi ge bari diajar nyarios nu sae sareng leres teh Salam LiesA di Bandung pinterpisan <pinterpisan@ yahoo.co. uk> wrote: Nyuhun dihapunteun kasadaya. Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna. Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol. isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang. Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon? Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda). Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun John siBodo ____________ _________ _________ _________ _________ __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail. yahoo.com --------------------------------- For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com