Salam, ngiringan diskusi
Ari asa afgan teh bahasa persia oge... ngan ari afgan mah basa persia heubeul
anu sok dianggo ku penyair saperti maulana rumi, tah ari bahasa persia anyar
namina persia dari anu sok dianggo ku urang iran... tah ayeuna nagara anu
nganggo persia teh nagara iran, tajikistan, uzbekistan, afganistan, jeung anu
sakitarna... bedana tina lahjah wungkul.
lamun ku sim kuring maca dina buku budaya persia di indonesia anu penerbitna,
aduh poho deui...
kapungkur cenah na urang sunda jeung persia teh seueru patalianana dina dagang,
tabligh agama, jeung nu sanesna... samisal salah sahiji guruna sunan gunung
jadi anu namina syeikh jadi al-kafi anu asli namina teh syeikh maulana ali teh
aslina ti persia anu ayeuna kuburnana aya di cirebon, eta teh muballigh jaman
baheula, terus urang seueur ngadangu fatahillah atawa feletehan aslina teh
namina fadhilah khan,,, tah ari khan teh kapungkur saurna mah nami bangsawan di
daerah persia jeung india... anu eta feletehan teh dulurna sunan gunung jadi,
salain ti eta syeikh siti jenar anu kantos diajar di bagdad jeung persia
nikahkeun istrina ulama urang persia anu namina sayidah fatimah... ku kituna
tina budaya jeung basa caket. ngan dina eta buku teu disebatkeun hubungan jawa
barat jeung afgan kapungkurmah
sainget-inget sim kuring seueur pisan basa sunda jeung persia anu sami misalna :
1. boro-- bari jeung nitah indit , ari dina basa sunda mah --buru indit---
2. bibi-- dulur indung --- sunda oge bibi
3. choi-- sai teh--- ngan basa sunda hartina cai wungkul
4. hawa-- udara-- sunda oge nganggo hawa
5. sobun-- urangmah sabun
6. Ob das--- wudu urang mah abdas, ob artina cai, das artina leuneun
7. hurmat--- sunda jeung persi sami lahjahna hurmat lamun basa indonesia hormat
8. pahlawon--- urang mah pahlawan
9. agar--- ngan manana urang mah --lamun (syarat)
10. shelang-- kanggo cai urangmah --selang
11. bini --- tapi ieu mah seseurna ku basa indonesia -- artina irung... beda
artina hehe..
12. modar-- artina maot... ari urang mah indung ...hehe beda maknana
13. sandali-- artina korsi ari urang mah sendal...
14. nini -- ari urang mah nini jeung aki ari maneh na mah hartina incu
15. momon-- beda saetik urang mah mamah nyaeta indung ...
16. ihonat-- beda saetik artina urangna -- ngahina
17. kun-- dina basa persia sok ditempelkeun ka kecap anu sanesna anu hartina
jadi kecap parentah sami jeung basa sunda misalna--- kadieu keun...bedana itu
mah--kun-- urang mah keun, ari jawa mah-ken--
18. markaz-- urang oge seueur nyebut markas artina pusat.. eta oge aya ina basa
arab.
19. ahli-- urang oge ahli
20 ... seueur deui mangga nambihan
lamun inget ke dituluykeun
From: Nana Suwargana nanaca...@yahoo.co.id
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tue, January 12, 2010 10:17:11 PM
Subject: Bls: [Urang Sunda] Afghan
kagok teh geura hanca novel nu hijina deui geura, sarua karangan Khaled Hosseini
judulna A Thousand Splendid Suns
latarna ieumah di afgan wungkul. caritanaah teu eleh lah ku kite runner mah
Dari: Roro Rohmah Roro.Rohmah@ Sidola.com
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Terkirim: Rab, 13 Januari, 2010 11:58:59
Judul: [Urang Sunda] Afghan
Afghan
Kuring resep ka hiji biduan jang Afghan. Keur mah kasep
budak teh… ni lucu, irung bangir, pipi kempot, dikaca panon …. Sorana nu
halimpu matak dedengeeun, komo mun dina bulan puasa sok ngahaleuangkeun
niat puasa di wewengkon Kampung Daun, matak nyerep kana hate. Tapi, kuring mah
lain rek ngomongkeun eta budak ngora, bae sina ngahaleuang…
Karek beres maca buku “The Kite Runner” ditulis ku Khaled
Hosseini, urang Afghanistan nu pacabakanana jadi dokter, dumuk di San Jose
Amerika. Ieu buku ngagambarkeun dongeng hiji kakuatan tina sosobatan,
duduluran, silih asah, silih asih, silih asuh, silih pikanyaah, khianat plus
kasangsaraan dua budak leutik Amir Hasan. Nyokot setting di wewengkon
Afghanistan Amerika, digambarkeun ku Khaled kacida pisan alusna. Maca bari
galo rarasaan teh, malah mah bari ngingsreuk ceurik sagala, miliuan sedih. Moal
didongengkeun ah… sing teu rame…heheh. Pantes ieu novel jadi bestseller
meunang pangajen ti UNHCR.
Dina buku eta aya lakon antagonis nu ngarana “Assef”. Jadi
inget ka bangsa urang, enya urang Sunda tea… rea pisan ngaran Assef = Asep.
Kungsi ngadongeng hiji babaturan kuring, hiji poe manehna indit ka bank rek
neundeun duit. Salila manehna nungguan nomerna dicalukan, manehna
nitenan…
“Bapak Asep!...” ceuk teller. Beres ti dinya… manggil deui
jelema.
“Bapak Asep!...” tellerna biasa keneh.. lila-lila…
“Bapak
Asep!...” tellerna gogodeg, harita nu setor nepi ka lima kali, beda jelema
ngarana Asep… heheh.
Salian eta manggih kecap Khosteep hartina tampan, tuh pan
sarua pisan jeung basa Sunda? kasep = tampan.
Jadi rada kerung, boa-boa Sunda jeung Afghanistan aya
hubunganana? atawa ngan saukur kabeneran.
Cik baraya, manawi aya nu terang...
diantos
pedaranana,
ro2