Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka....Juru Pantun

2006-09-21 Terurut Topik hangjuang bodas
Haturan baraya sadaya...Pakait ayana rarancang ti panata calagara HBH nu baris ngaleler "Kusnet Award" pikeun seniman seni sunda buhun, kuring bade ngusulkeun juru pantun nu dina danget ieu mah tos langka pisan.Mangga, ieu data dirina : Abah Kanceng alias Andi Yana Yuswa : 88 taun

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka....Juru Pantun

2006-09-21 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Hatur nuhun cep Hendra... Namung kantos kenging pangleler ti Walikota Bogor nya?? Ananging kitu, tiasa dilebetkeun kana daftar calon, bari ngantosan calon nu sanesna. Mangga wargi nu sanesna bilih kagungan calon, diantos pisan.Pihatur sswhangjuang bodas [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka....Juru Pantun

2006-09-21 Terurut Topik Dudi Herlianto
pih sidik.sakantenan we lah dina waktosna ngaleler engke, di tempat nu edun suredun bari jeung diliput ku media internasional, pan jaman kiwari mah baju jadi nomer hiji...dh On 9/21/06, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Hatur nuhun cep Hendra...

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-16 Terurut Topik Kang Ule
heuheuheuheu... nyaan beda euy, matak saha nu rek nyangka ateuh meun ieu teh Awing balad baheula.. da baheula mah sajeplakna, bari gaya leumpangna teh anu rada eundeuk eundeukan, tara lepas ti sendal jepit ;p punten ah baraya, ieu teh geuningan balad basa jaman keurseus basa araringgis

Kang Ndoel: Pangleler Kusnet pikeun Seniman atw Budayawan--Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-16 Terurut Topik oman abdurahman
Kang Ndoel, si kuring sapuk pisan upama dina HBH engke Kusnet maparinan pangleler (penghargaan) ka seniman atawa budayawan. Anu kumaha kriteriana? Lebah dieu si kuring sapuk jeung usulan MH. Jadi, model penghargaan ti Kusnet mah lain pikeun seniman atawa budayawan anu tos moyan, tapi seniman

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Dudi Herlianto
malik naros ah ahaha...upami Seni-seni/budaya Sunda anu teu acan langka, naon wae nya?dh --- Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Cing para wargipangnambihankeun upami aya anu kalangkung, pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung.. Seni-seni/budaya Sunda anu

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Hatur nuhun kapara wargi anu parantos kersa mairan/nambihan daftar seni-seni sunda anu parantos langka malih tiasa disebat ngantosan punahna. Salajengna, obrolan urang teraskeun, supados ulah keuna ku paripaos, catur tanpa bukur, carita taya buahna. Dina raraga ngeusi acara kanggo HBH anu

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Nya seueur atuh kasep, aya ; Wayang Golek, Kendang penca, Degung, Kacapi Suling, Tembang-tembang Sunda, Sirimpi sareng rupi-rupi tari Sunda, Debus, Tarling, Calung, Reog . Namung nya eta seueur keneh anu langkana... tibatan seni-seni Sunda anu masih keneh "teu acan langka"..

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Agus K \PAKUSARAKAN\
ari tukang sawer kaasup kasenian sunda teugeuning mun kawin sok di sawer... terus terbang.. kumaha tah asup teu ?da' aya di lembur kuring mahaya oge maepo, jrr lahOn 8/15/06, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Nya seueur atuh kasep, aya ; Wayang Golek, Kendang penca, Degung,

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Nya kalebet atuh...sami-sami seni Sunda keneh...ssw"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" [EMAIL PROTECTED] ari tukang sawer kaasup kasenian sunda teugeuning mun kawin sok di sawer... terus terbang.. kumaha tah asup teu ?da' aya di lembur kuring mahaya oge maepo, jrr lah .

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik oman abdurahman
Upama nyoko kana buku anu samemehna disebut-sebut mah eta teh rumusna = 34 - 18 heheh. Kitu ge dikira-kira wae, da lamun disaliksik ka buuk leutik mah nangtukeun langka jeung langka teh teu gampang. Gumantung kana gantungan...eh...kriteria-kriteri anu kudu disaluyuan heula (wah jadi lieur).

Balasan: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Emod Morales
Ari Genjring kalebet henteu Pih ? Emut kapungkur nuju disepitan,kapungkur mah teu acan aya tamba ba'al, janten subuh-subuh kedah ngeueum dina bak, disepitannana di alun-alun, teras di abringkeun nganggo tatabeuhan Genjring. Emod --- Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] menulis: Cing para

Re: Balasan: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Rupina kalebet oge sok sanaos asalna ti Arab... namung tos disambaraan ku sambara Sunda... kabeh dieunakeun janten Qasidah...(leres kitu...?)sswEmod Morales [EMAIL PROTECTED] wrote: Ari Genjring kalebet henteu Pih ?Emut kapungkur nuju disepitan,kapungkur mah teu acanaya tamba ba'al,

Re: Balasan: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik oman abdurahman
Kasenian genjring anu tos campursari sareng budaya Sunda, diantarana kasenian anu namina Rudat. Baheula, keur kuring leutik, rudat biasa ditanggap dina acara muludan, sunatan atawa kawinan. Rudat ngarupakeun gabungan seni musik (genjring) jeung seni tari (leuwih condong ka silat) anu dieuyeuban

RE: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik The metZ
Wiradireja Sent: Tuesday, August 15, 2006 10:37 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka... Cing para wargipangnambihankeun upami aya anu kalangkung, pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung.. Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik reka gayantika
Sumuhun, Pami teu lepat mah di wewengkon Manglayang... malih mah masih aya keneh kagiatan rutin kanggo ngayakeun benjang. cobi weh kang tinggal didieu... http://www.liputan6.com/view/8,81541,1,0,1155700217.html -bohay- 2006/8/15, The metZ [EMAIL PROTECTED]: Punten ah, bade naros iyeu mah..

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Firman R
Upami teu lepat Asana mah benjang masih aya di daerah jatinangor. mann - Original Message - From: The metZ To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, August 16, 2006 10:32 AM Subject: RE: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka

RE: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-15 Terurut Topik Heryadi, Eddy
, August 16, 2006 10:52 AMTo: urangsunda@yahoogroups.comSubject: Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka... Sumuhun, Pami teu lepat mah di wewengkon Manglayang...malih mah masih aya keneh kagiatan rutin kanggo ngayakeun benjang.cobi weh kang tinggal didieu...http://www.liputan6

[Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-14 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Cing para wargipangnambihankeun upami aya anu kalangkung, pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung.. Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos ampir teu aya dikieuna ; 1. Beluk 2. Wayang Beber 3. Pantun 4. Wayang Catur 5. Longser 6. Laes/lais

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-14 Terurut Topik oman abdurahman
Haturanapih, Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor Unpad tea) sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu anu si kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas).Judulna: Deskripsi Kesenian Jawa Barat. Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-14 Terurut Topik ndoell
Mang Oman oge baraya Kusnet sadayana... Pakait sareng patarosan Uwa Apih oge postingan Mang Oman, Dina mangsana HBH Kusnet engke, satadina mah bade ngayakeun Pasanggiri Pupuh tea keur barudak SD/SMP. Namung, nimbang-nimbang sagala rupina, janten eta acara teh dibedo-keun. Banting setir kana

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-14 Terurut Topik Mae West
Upami Reog sareng ngaruat apan seni sunda keneh nya?Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote:Cing para wargipangnambihankeun upami aya anu kalangkung, pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung.. Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka...

2006-08-14 Terurut Topik netta fahad
Punten abdi bade ngiring mairan, nambihan data2na Pa Siddik Wiradiredja. Sakaterang abdi seni - seni atanapi budaya nu tos langka dipintonkeun nyaeta: 1. Celempungan 2. Wayang Wong Pasundan 3. Gembyung 4. Tarawangsa 5. Ketuk tilu 6. kacapi-biola 7. tayuban 8. Topeng (teater) tah sakitu wae ti