Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik diantn
Asa kirang ngartos TTF kirang fleksibel palih mana, nya Kang? Margi TTF (atanapi OTF) oge kaasup open system tur platform independent. Saparantos aya hasil dina TTF, urang tiasa nganggo dina sistem operasi mana wae boh linux, windows, atanapi mac. Hanjakal pakarang nu sae kanggo ngadamel TTF

Re[2]: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik durachman
wah...wah...hebat euy dulur-dulur urang 'tukang komputer'. Diskusina geus asup ka action plan. Hanjakal kuring teu ngarti ka nu karitu (mathml? Xml? ml? ttf?). Sok lah lajengkeun. Kuring ngadukung pisan. Engke bisi aya lowongan kanggo kuring--nu kuring--bisa karek kuring bisa mantuan. Sok atuh

FW: Re[2]: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik Miih
Title: Message Hapunten sateuacanna kanggo Uwa Siddik, Uwa...Rafly masih penasaran aya deui kalimat anu tadi kuRafly di tanya. Hatur nuhun tadi uwa tos menjawab pertanyaan Rafly... tadi Uwa bilang salah ketik, tapi ayeuna tampil deui... Hatur nuhun uwa, mangga Rafly

Re: FW: Re[2]: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Kasapukan --- asal tina SAPUK Sapuk/sapagodos/saluyu = satuju (setuju, bhs. Indonesia) Kasapukan = Persetujuan (bhs. Indonesia) sswMiih [EMAIL PROTECTED] wrote: Hapunten sateuacanna kanggo Uwa Siddik, Uwa...Rafly masih penasaran aya deui kalimat anu tadi kuRafly di tanya. Hatur nuhun tadi uwa

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik mh
Naon nu dibahas ku Kang Dian teh memang leres kitu. Nu dimaksud ku kuring kurang fleksibel mah sanes TTF-na, tapi pakarangna. Kuring oge nyobaan MathML nganggo TTF ti MIT, jiga nu alamatna ku Kang Dian dituduhkeun. Jigana kedah diajar heulaaksara Sunda nu ayeuna, KAGANGA tea, jiga kumaha

FW: FW: Re[2]: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-07 Terurut Topik Miih
Title: Message Assalamu'alaikum Hatur nuhun Uwa, anu tos masihan penjelasan arti bhs sunda. semoga uwa sehat selalu, sekali lagi hatur nuhun... Hapunten bilih menggaggu aktifitas uwa,..mangga wa, Rafly bade permios Salam hormat, Rafly Kasapukan --- asal tina SAPUK

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik Dian Nugraha
On 06/06/05, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Salah sahijina eta, geura taroongan kumaha nyieun ML (markup language) make aksara Sunda. Ieu garapan kawilang gede, sabab tangtu kudu daraek heula diajar aksara Sunda. Jiga kumaha dedegan aksara Sunda nu ayeuna teh. ML aksara Sunda bisa diturunkeun

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik kumincir
Tah, cing, Kang Dian/MH, kumaha carana eta teh pami hoyong nyobi2 ngadamel dina TTF, OTF, MathML jeung sajabana teh, teu ngarti eung Kungsi naroskeun ka nu ngadamel rupa2 aplikasi aksara asia, kedah gaduh keyman, anu anu anu, walah bingung euy...On 6/6/05, Dian Nugraha [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik Dian Nugraha
Saurna mah tiasa nganggo program 'DoubleType' kanggo ngadamel font TTF. Tiasa didownload ti http://sourceforge.net/projects/doubletype/ Aya oge Macromedia Fontographer, tapi nya pangaosna lumayan (http://www.amazon.com/exec/obidos/ASIN/B2S9PW/002-8960359-6323252) Tapi sim kuring teu acan

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik Dian Nugraha
Font Creator? Eta oge asana mah kedah mayar. Memang aya trial version kanggo 30 dinten, nanging saparantos eta nya angger kedah mayar. Mm.. anu gratis, sae sareng kumplit, tapi sesah nginstallna nyaeta fontforge. http://fontforge.sourceforge.net/faq.html#windows Dina tutorialna tiasa

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Leres mang h sigana kedah diajar heula aksara sunda, Mang h ari abdi mah pernah ngutak-ngatik XML teh aya panginten 2 taun katukang eta oge aya Customer boga sistem B2B (Makro) jadi sadaya suplier makro upami ningal Order manehna kedah lebet ka web b2b na si makro he he.hebatlah canggih si

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik mh
Upama rek make TTF mah geus nyampak sababaraha pakarang gratisan, ngan kurang fleksibel. Jigana pikeun jangka panjang hade ngaguar XML, sabab ieu open system, ngan gawena lain jore-jore. Hasilna kira-kira bisa jiga ngetik make HTML, jadi karakter aksara Sunda bisa di-generate make TAG miripHTML

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-06 Terurut Topik mh
Kang Dian, Nuhun kana informasina. Memang tiasa wae nganggo TTF atanapi OTF. Jigana kedah dikeureuyeuh babarengan Kang. Salam, mh Dian Nugraha [EMAIL PROTECTED] wrote: On 06/06/05, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Salah sahijina eta, geura taroongan kumaha nyieun ML (markup language) make aksara

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-05 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Wah hebat euy sok teruskeun kang kuring milu ngarojong ngan hanjakal can bisa mantuan euy. Malahan kuring boga impian kahareup kang sugan hayang ngumpulkeun barudak Developer/Programmer atawa naon welah namina nupenting mah bisa salah sahiji basa komputer, urang nyieun compiler/basa komputer make

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-05 Terurut Topik mh
Kang Eko, cing pang nyensuskeun aya sabaraha urang milisi Kusnet widangIT teh? Sugan ari geus kasensus mah, bari ngobrol ngaler ngidul, bisa nyieun garapan ngamangpaatkeun IT pikeun urusan kasundaan. salam, mh Eko Ruska Nugraha [EMAIL PROTECTED] wrote: Wah hebat euy sok teruskeun kang kuring

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-05 Terurut Topik Kang Cepot
Dina ping 06-Jun-2005, Eko Ruska Nugraha nyerat: Wah hebat euy sok teruskeun kang kuring milu ngarojong ngan hanjakal can bisa mantuan euy. Malahan kuring boga impian kahareup kang sugan hayang ngumpulkeun barudak Developer/Programmer atawa naon welah namina nupenting mah bisa salah sahiji

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-05 Terurut Topik eko107
Mangga mang h ke urang cobian disensus saha-sahana Salam @ERN --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Eko, cing pang nyensuskeun aya sabaraha urang milisi Kusnet widang IT teh? Sugan ari geus kasensus mah, bari ngobrol ngaler ngidul, bisa nyieun garapan

Re: [Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-05 Terurut Topik mh
Salah sahijina eta, geura taroongan kumaha nyieun ML (markup language) make aksara Sunda. Ieu garapan kawilang gede, sabab tangtu kudu daraek heula diajar aksara Sunda. Jiga kumaha dedegan aksara Sunda nu ayeuna teh. ML aksara Sunda bisa diturunkeun tina bondoroyotan turunan XML, nu diantarana

[Urang Sunda] Sourching Basa sunda pake PHP

2005-06-04 Terurut Topik Kang Adoel Tea
Ass. pami aya nu resep kana basa pemrogramman php open sourche, abdi tos ngadamel layanan web ful basa sunda, ngan basana babaledogan, maklum budak ngora nyariosna saka ngenah hati...enkin di posting keun ka mail US... Saha bae nu hoyong : japri we salam-- Wassalam Mualaikum Wr Wb Komunitas