Ih.....teteh mah sami sareng pun biang mani ngabirigidig ninggal belut teh.....janten upami sikuring nuang belut pasti anu masak teh pun bapa. Da tong boro ngasakan belut dalah ninggali wungku oge pun biang teras muriding tariris sumuhun saurna jiga oray.
Tapi upami ninggal ilmuan barat mah oray anu sakumaha galakna oge, malah di pilarian nya hebaaaat, eta jigana teh tos teu pabaliut sareng urusan patuangan, da aya oge di urang mah pawang oray teh dicandak teras kulitna di ical kanggo sabuk jrrd, geuningan di barat mah mung saukur dicandak perahna kanggo ngadamel serum anti perah. beu....asa kutebih benten na nya....
 
nuhun,
neng an...
 
salembut-lembut na maung kantos nyabak oray sanca hiiiyyyy....asyiiikkkh
-----Original Message-----
From: Nety Martin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 13, 2004 11:31 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] ..lauk emas jeung belut....

aduh abdimah ampun kana belutmah.....sieun dan siga oray!!!!
kutan teh kang edwin resep ngeuruk.....,etamah ngeuruk disawah nu seur belutmah.
na ari kang edwin meni ngabibita?pasti neng ani kabitaun,komo deui cobek di cikuran...,
aduh meuni ngacay,ema tulungaaaannnn,hoyong mulang lalembur!!!
aya didieu oge walungan.....,ngan teu aya belut,ayana bass
malahan gaduh mamang tos pensiun,ti lembur biasana ngusep...,eh dongkap kadieu nguseup ,nu di carioskeunteh nganguseup.....,
abdimah nguseup na dina balong anu gagaduhan kota,ti enjing enjing ngan keungin lauk jaer sagede curuk...,lah kacape cape,meuning nguseup di toko....,laukna tos aya.


 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke