duka kuanaon,ku oray , belut,sareng titinggi sien,neng animah masih mening seneng belut,tetehmah ampun.....,kapungkur kantos ninggali caroge di kebon binatang ragunan,di photo mangku kobra,nan ari ti wenggi langsung ngimpen di beulitan orang.
etamah di impenan langsung lumpat,ari lili tos aya dina jero lomari,meuni sampai nyeri badan.
geura tinggali kang didien neng ani?
euleh euleh akang meni kitu....,abdi boro boro nyepeng ,ningali oge langsung ngagoak......sien ......,
etamah anu sok di candak kulitna sareng darahna biasana di daerah asia,komo deui di cinamah.darahna cenah tiasa janten obat.duka didiemah malah oray teh dianggap binatang inguan....eh garila, kacipta nya neng,neng animah meureun teu gilaan.
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eueueueueueuleueueueueuh ....... kutan, kiiiitu ?Paingan atuh paingan, ari ngagarayem belut barari peureumSihoreng simanahoreng ..............Peureum baning ku ............. sieun !Ngagayem baning ku ............. seneng !Heuh ....... heueueuy ... heuh - heuh - heuh - heueueueuy !
Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Ih.....teteh mah sami sareng pun biang mani ngabirigidig ninggal belut teh.....janten upami sikuring nuang belut pasti anu masak teh pun bapa. Da tong boro ngasakan belut dalah ninggali wungku oge pun biang teras muriding tariris sumuhun saurna jiga oray.Tapi upami ninggal ilmuan barat mah oray anu sakumaha galakna oge, malah di pilarian nya hebaaaat, eta jigana teh tos teu pabaliut sareng urusan patuangan, da aya oge di urang mah pawang oray teh dicandak teras kulitna di ical kanggo sabuk jrrd, geuningan di barat mah mung saukur dicandak perahna kanggo ngadamel serum anti perah. beu....asa kutebih benten na nya....nuhun,neng an...salembut-lembut na maung kantos nyabak oray sanca hiiiyyyy....asyiiikkkh-----Original Message-----
From: Nety Martin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 13, 2004 11:31 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] ..lauk emas jeung belut....aduh abdimah ampun kana belutmah.....sieun dan siga oray!!!!kutan teh kang edwin resep ngeuruk.....,etamah ngeuruk disawah nu seur belutmah.na ari kang edwin meni ngabibita?pasti neng ani kabitaun,komo deui cobek di cikuran...,aduh meuni ngacay,ema tulungaaaannnn,hoyong mulang lalembur!!!aya didieu oge walungan.....,ngan teu aya belut,ayana bassmalahan gaduh mamang tos pensiun,ti lembur biasana ngusep...,eh dongkap kadieu nguseup ,nu di carioskeunteh nganguseup.....,abdimah nguseup na dina balong anu gagaduhan kota,ti enjing enjing ngan keungin lauk jaer sagede curuk...,lah kacape cape,meuning nguseup di toko....,laukna tos aya.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

