Teh Tien damang...
euleuh2 nuju sibuk pisan sigana Wakasek teh nyaah,
atuda enya standar peunteun 4,01 alit
tapi, sapagodos anu disaurkeun teteh..dina kanyataannana di lapangan..matak ngurut dada...
pangpangna mah dina pelajaran eksakta(Matematik, Fisika)
kaalaman sorangan ku sim kuring, kamampuhan murid tina sakelas teu rata..aya nu pinunjul(hartosna kenging 7-10)aya wae-malah seueur- anu jeblok dugi ka 1-4!!!!
estu matak prihatin.
kabayang oge ku sim kuring dina teu lulusna..kacipta...
matak rieut nya teh..
upama nu teu lulus satengahna, panginten si teteh kedah ngajar 1,5 angakatan!! hehe.....wilujeng
hormat abdi,
Irfan
NB:Mudah2an salawasna dipaparin kalancaran nya teh...
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres kang waluya, standar kalulusan kedah 4,01 tina skala peunteun 0 - 10, muhun upami ninggal tina nilai 4, teh alit . Tapi kanyataan di lapangan mah nilai sakitu teh matak muringkak bulu punduk he he.........Anu atos-atos peunteun teh mani aralit pisan, komo matematika seueur na hasil unas teh mung anatawis peunteun 1 dugi ka 3, manawi kanggo taun ayeuna barudak teh ngeper oge ku unas 4,01 sarieun teu lalulusPamarentah aya maksad kanggo nganingkatkeun kualitas pendidikan di urang, mung tos telat !!! lain ti baheula, da kumaha teu telat nagara batur mah tos lumpat jauh, ari di urang karek ngarayap mimiti tina peunteun heula. Tapi sakitu ge lumayan , kanyataan barudak ayeuna soson2 diajar da sieun teu lulus. Beda jeung taun anu katukang-katukang, peunteun 0, 5 tina hasil unas bisa lulus, apan teu masuk akal......tah ti ayeuna geus mimiti arek nganingkatkeun kualitas na, tapi sakola-sakola utamina anu di daerah2 teu acan siap, loba anu demo ngenaan standar kelulusan. Satadina mah mun teu lulus kudu ngulangi deui sakola sataun karek menang ujian deui, kulantaran loba pertimbangan nya anu teu lulus tiasa di ulangi deui ujian na engke sasih juli, malihan mah cenah mun teu lulus keneh, menang ujian deui......teuing mun teu lulus tilu kali, naha menang ujian deui....teuing kumaha.....?? tapi ceuk si kuring mah luluskeun wae nya.......karunya....he he, apan sakola teh gede biaya.......Mangga kasadaya, si teteh teh nuju pakepuk mayunan unas.......WassalamTeh Tien tea( nuju deg-degan sieun teu lalulus barudak teh....., mun teu lalulus....paur sakola ancur di baledog.......he he )
Mit sch�nen Gr��en von Yahoo! Mail.
Mit dem Yahoo! Messenger k�nnen Sie Freunde noch schneller erreichen!
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

