Assalamu'alaikum wr. wb.
 
Kumaha baraya sunda, sarehat nya? nuhun ach eta pisan nu dipihareup ku simkuring.
Dina dangeut ieu alhamdulillah simkuring tiasa ngiring janteun anggota KUSNET, ku kituna aya hal nu peryogi di kapayunkeun, mudah2 an baraya sadaya tiasa masihan solusi atanapi pamendakna dina ieu masalah...
 
sapertos ka uninga yen dunia pendidikan mangrupa salah sawios hal nu bakal nangtukeun masa depan urang sadaya, utamina generasi muda kiwari nu nuju nempuh sakola di sabudayaning daerah nu aya di nagara urang kaasup urang sunda na.
 
Dina dangeut ieu aya hiji kabijakan pamarentah ngalangkungan SK nu dikaluarkeun ku Mendiknas No. 153/U/2003 ngeunaan UAN. Dina ieu SK Mendiknas neuteupkeun standar kalulusan 4,01 pikeun siswa nu nempuh UAN dina tilu pelajaran : Bhs. Indonesia, Bhs. Inggris sareng Matematika".
 
sakumaha nu kauninga, hal ieu parantos micu kontroversi dugi ka digelar demonstrasi di sababaraha tempat, kaleubeut di Jabar. Kukituna manawi aya pameundak ti sadaya ki dulur ngeunaan ieu masalah, abdi hoyong uninga kumaha keudahna meucahkeun perkawis UAN ieu...
 
Sakitu panginteun nu tiasa di dugikeun ku simkuring, kirang langkungna simkuring nyuhunkeun dihapunteun...
 
Wassalamu'alaikum wr. wb.
 
 
Kin's  


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke