Emh eta na palebah asep kiut abis, mani ras weh ka diri sorangan...enya baheula kungsi ditampik sapajodogan ku kikindeuwan pedah, "susah atuh milihnya, abis kamu baik banget, tapi asep kiyut abis...", nya antukna manehna teu kaduanana, malah milih deden sabab ari deden mah "tajir pisaaan".
-----Original Message----- From: syam ridwan [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Saturday, May 08, 2004 2:02 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: Re: [UrangSunda] keom Kang Hen...kagok asong wang teraskeun nya ! Sabada dipariksa ti dokter kandungan, kanyahoan geuning nyi Uho teh orok nu dikandungna kembar lima. Paingan atuh waktu keur nyiramna sapoe teh aya lima kahayang, isuk isuk geus nyaleuhak nyarap rujak bebek, nginumna cai kalapa ngora anu murag sorangan lantaran kabentar gelap bari gegeleyunan naek komidi puter atawa ontang anting, geus kitu teu hujan teu angin ujug ujug hayang ngagalentor stum, ari tengah peuting ngaruy hayang pais belut anu aya ceulian. " Gustiiiiii.....geuning nyiram teh asa kieu kieu teuing, mung kieu mah boa boa lima limana ngelay !" ceuk nyi Uho satengah ngagorowok aral. Sabalikna ari mang Ijem malah beger deui, guyer unggal poe jeung nyi Asep. " Anto ciut abis....Asep bae banget....pilih mana yah ?" ceuk mang Ijem teu euleum euleum. ----- Original Message ----- From: Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Saturday, May 08, 2004 12:28 PM Subject: [UrangSunda] keom > Hiji isuk mang uho gegerendeng pedah tunduh keneh dihudangkeun pamajikanana > titah gawe. Atuh hoream-hoream ge manehna nguniang hudang. Puguh usum hujan, > hawa tiis bari girimis ngaririncik ti subuh keneh. Bari nagog sisi sumur > Mang Uho humandeuar, "emh Gusti aya ku ngeunah mun jadi awewe, teu kudu > tibabaranting neangan nafkah. Cukup ngurus dapur jeung rumah tangga. Cik > Gusti abdi tukeur tempat jeung nyi ijem pamajikan abdi". > Isuk-isuk sakujur awak Nyi Uho karasa lalinu. "emh geuning cape jadi awewe > the Gusti, cing abdi balikeun deui jadi lalaki". Tetela do'a na dijawab ku > Gusti, "heug maneh dibalikeun deui jadi lalaki, tapi tungguan heula salapan > bulan, sabab tadi peuting maneh geus sare jeung salaki maneh, ayeuna maneh > keur kakandungan". Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

