Hiji isuk mang uho gegerendeng pedah tunduh keneh dihudangkeun pamajikanana
titah gawe. Atuh hoream-hoream ge manehna nguniang hudang. Puguh usum hujan,
hawa tiis bari girimis ngaririncik ti subuh keneh. Bari nagog sisi sumur
Mang Uho humandeuar, "emh Gusti aya ku ngeunah mun jadi awewe, teu kudu
tibabaranting neangan nafkah. Cukup ngurus dapur jeung rumah tangga. Cik
Gusti abdi tukeur tempat jeung nyi ijem pamajikan abdi". 

Gusti mah Maha Adil, do'a Mang Uho diijabah saharita. Kaluar ti kamar mandi
geus nyampak Mang Ijem keur nalian sapatu. Uho..uho..na ieu the geus jam
genep can aya kopi na meja. Pan kuring kudu buru-buru miang digawe. Sasarap
poe ieu mah eta we sangu goreng make siksik endog dadar. Tong poho baju
kuring nu kamari kahujanan di seuseuh. Mun teu garing sapoe sok ku ceti.
Tong poho mandian si ujang, pan kudu sakola. Adina geura hudangkeun, bawa
sakalian ka sakola si sujang, na saha nu rek nungguan mun ditunda di imah.

Mang uho nu geus jadi nyi uho buru-buru indit ka dapur. Tatahar nyieun sangu
goreng, naheur cai keur ninyuh kopi. Geus rengse terus ngamandian budakna nu
dua. Kencling indit nganteurkeun si ujang kasakola bari ngais adina. Balik
ti sakola gesruk nyeuseuh, sasapu, diburuan, ditengah imah. Terus ngepel,
ngisikan, nyangu. Deregdeg ka warung meuli kangkung, asin jeung sepi karesep
salakina. 

Palolohor kencling deui indit mapagkeun si ujang. Bari mere dahar si ujang
manehna nyieun susu keur adina. Tetela adina si ujang ngompol na kasur nu
seprena karek di ganti. Atuh sepre the dirurudan. Dibawa ka sumur,
diseuseuh. Kasurna dipoekeun. Teu karasa waktu geus nyerelak. Jam lima sore
salakina datang, tatahar nyadiakeun dahar. Rengse kukumbah wadah terus
ngistrika. Teu karasa geus peuting. Dug sare bari kacapean. 

Isuk-isuk sakujur awak Nyi Uho karasa lalinu. "emh geuning cape jadi awewe
the Gusti, cing abdi balikeun deui jadi lalaki". Tetela do'a na dijawab ku
Gusti, "heug maneh dibalikeun deui jadi lalaki, tapi tungguan heula salapan
bulan, sabab tadi peuting maneh geus sare jeung salaki maneh, ayeuna maneh
keur kakandungan".





Meunang manggih na internet, make bahasa inggris teuing boga saha. 


  



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke