Deudeuh teuing
ilaing jiwa awaking
tegeskeun kasing sidik
sukma nu aya di udik
raga nu teu bisa usik
sanajan terus ditarik
Ngambah ngancah ka korea
mo bisa sarua
lemah cai anu pasti
pupujan ati dipupusti
dibelaan diopenan
bari ceurik balilahan
Beunta
ngaca
enya aya
raray nu rambisak
hate nu ngoceak
rasa awak nu pasiksak
Sila
ngadu�a
muntang kanu kawasa
kuring di Indonesia
anjeun di korea
sarua urang sunda
deudeuh baraya
Jaka
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teungah peuting ...
> keur meujeuhna jempling
> geus aya tilu jamna ...
> panon molotot mencrong monitor..
> jurig tunduh geus titadi
> ngagayot na biwir panon
> tapi tekad anu maksa...
> pikeun maca nepika tamat..
> surat ti milis ditilik hiji-hiji
> geuning loba....
> kajadian dilemah cai
>
> rengse maca
> teu karasa...
> aya anu ngageder dina angen
> ngagedur dina jajantung
> saibarat....
> kawah gunung anu rek bitu
>
> duh Gustiiiiii.....!!!!
> teu karasa .....
> aya nu asin nasisi biwir
> horeng panon merebes mili...
> deudeuh ki Sunda....
> naha bet kitu-kitu teuing
> nya nasib anjeun.......
>
> leungeun namprak
> biwir ngucap al-Fatihah...
> disambung ku .....
> Ya Allah .. upami eta kahoyong anjeun
> abdi pasrah...
> moal bade.... ngarasula..
> namung....
> upami eta sanes qodrat ti anjeun
> mugi Gusti...
> kersa maparin....
> ka abdi..
> kakiatan....
> kanggo hudang....!!!!
>
>
>
> Seoul, 7 Mei 2004 tabuh 01.04
> kanggo ;
> dulur-dulur nu aya dilembur
> wargi-wargi nu aya dilemah cai
> SS Wiradireja
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
__________________________________
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/