Teungah peuting ...
keur meujeuhna jempling
geus aya tilu jamna ...
panon molotot mencrong monitor..
jurig tunduh geus titadi
ngagayot na biwir panon
tapi tekad anu maksa...
pikeun maca nepika tamat..
surat ti milis ditilik hiji-hiji
geuning loba....
kajadian dilemah cai
rengse maca
teu karasa...
aya anu ngageder dina angen
ngagedur dina jajantung
saibarat....
kawah gunung anu rek bitu
duh Gustiiiiii.....!!!!
teu karasa .....
aya nu asin nasisi biwir
horeng panon merebes mili...
deudeuh ki Sunda....
naha bet kitu-kitu teuing
nya nasib anjeun.......
leungeun namprak
biwir ngucap al-Fatihah...
disambung ku .....
Ya Allah .. upami eta kahoyong anjeun
abdi pasrah...
moal bade.... ngarasula..
namung....
upami eta sanes qodrat ti anjeun
mugi Gusti...
kersa maparin....
ka abdi..
kakiatan....
kanggo hudang....!!!!
Seoul, 7 Mei 2004 tabuh 01.04
kanggo ;
dulur-dulur nu aya dilembur
wargi-wargi nu aya dilemah cai
SS Wiradireja
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

