Aih, da punten abdi teh sanes ahli agama, mung dina sejarah anu kantos di
filmkeun rehna Syeh Siti jenar teh anu ngaku yen manehna teh Tuhan anu
kawasa, kitu saurna mah..nya pokonamah nyimpang wae..

geuningan sae yeuh langsung dipedar, hatur nuhun tah nambihan pangaweruh
teh..

aeh sakantenan bade adios amigos permios wae ah.. tos aya anu ngantosan
hehehehe..

baktosna,
Kang Ule * keur beger euy...

-----Original Message-----
From: Gunawan Yusuf [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Saturday, May 08, 2004 12:11 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] Aya anu model Syeh Siti Jenar deui geuningan
yeuh..


Punten Kang naha kantos ningali & terang sareng Syeh Siti Jenar ?, abdi
nyalira teu acan ningali komo terang seueur ngenaan anjeuna da abdi mah teu
ngalaman jaman eta teh, nanging urang ulah gaduh goreng sangki ka sasami
muslim (suuz dzon). Abdi kantos maos dina buku karangan Prof Yoseph Iskandar
ngenaan Syech Siti Jenar, ringkesna anjeuna teh salah saurang ulama ageung
dina jamanna, ngan dina hiji waktos Syeck Siti Jenar ngadukung pemberontakan
di Pengging nu hoyong misahkeun diri ti Demak, lajeng anjeuna ditewak di
Cirebon lajeng diadili, kumargi keur anjeuna diadili para pengikut 2 pihak
silih poyok nu antukna ampir aya kaributan ngan untuk aya P Cakrabuana putra
Prabu Siliwangi nu misahkeun 2 pihak ieu. Memang antawis Syech Siti Jenar
aya berbedaan khilafiah sareng wali nu sanesna nanging di Islam mah nu kitu
teh tos biasa, sok wae tingali jaman sahabat, ceuk kanjeng nabi cenah
perbedaan pendapat teh mangrupi berkah asal ulah aya persilisihan. Tah balik
deui ka jaman Syech Siti Jenar, ti saprak kaributan pangadilan Syech Siti
Jenar ieu, anjeuna  dianggap sesat, padahal mah ieu faktor politis wungkul
keur jaman harita, sareng deui Syech Siti Jenar mah teu nyembah batu, siga
nu ditulis dina artikel dihandap ieu. Mangga urang sami-sami nalungtik
kalayan OBYEKTIF ngenaan Syech Siti Jenar ieu.


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke