Assalamualaikum Wr Wb
 
Kang Siddik,.....kanggo sementawis ayeuna hirup huripna YP ku ayana KUSNet, silih simbeuhna boh beja (news) boh pamendak (idea) seuseueurna ti para milisi KUSNet, kalebet taktis operasionalna.
Sering di posting saleresna KUSNet teh gaduh potensi anu kalintang ageungna, kumargi para milisi teh upami disebat mah tangtos aya dina tataran kelas menengah, boh tina panghasilan boh tina pangaweruh kalebet tingkat "kepedulian".
Mung anu karaos masih ngulibek didinya didinya keneh, maksad teh masih keneh pagiling gisik disabudeureun urang urang keneh, teu acan nguniang hudang ngalegaan ambahan, YP mung dikenal ku milisi KUSNet.
"Nilai jual" YP teu acan aya, teu acan ngajaul.
Saur beja mah upami hoyong ngajaul janten "terkenal" kedah gaduh ide-ide "sedeng" (mugi dibaca e-na dina oleh-oleh) anu nga "blow up" masalah sensitip, kapungkur dina taun 2002, aya kahoyong ngagelar Seminar Urang Sunda Jeung Politik, taun harita nuju meujeuhna harengheng perkawis Sunda Pituin, Sunda Mukimin sareng Penduduk Jawa Barat utamina mireungeuh posisi politik Urang Sunda anu direpresentasikeun ku anggota DPRD Jabar 70%-30% tea, sareng aya nu manasan nyaeta beja salah sahiji partey anu ageung bade maksa sangkan Cagub Jabar teh seler sanes.
Seminar teh teu janten, alesanana mah klasik pisan teu aya waragadna, kumargi dietang etang bakal nyeepkeun saanueun.
Naon margina pangna sim kuring ngadugikeun masalah ieu teu aya sanes sangkan YP atanapi KUSNet "diarambeuan" ku anu sanes, upami parantos diarambeuan mah tangtos ngagaduhan nilai jual tea, hartos nilai jual didieu tangtos baraya sadayana pada pada maphum.
Saleresna aya jalan sanes, nyaeta ngadugikeun gagasan-gagasan dina wangun tulisan dikintun ka media masa cetak, mung ulah hilap nyebatkeun YP, upamina MJ nyerat dina PR, dina bagian handap teh diserat Jamal W novelis, Ketua YP, atapai Kang Kandar nyerat dina Kompas, tong hilap nyerat kenal diri ditambihan ku Anggota Kusnet/ YP, kujalan kitu tangtos YP bakal kaangkat, kitu deui ka baraya anu sanesna mugi ulah hilap ngagandong napi Kusnet/YP.
Kanggo latihan nyerat lahana tos aya nya dina ieu milis, atanapi dina situs http://www.urang-sunda.or.id anu dikokojoan ku Kang Eko, ieu situs teh ngahaja diwangun kanggo lahan latihan nyerat, mung memang teu acan daria, unggal rubrik teu acan ditunjuk saha jabrik-na (penanggung jawab rubrik), asana atos mung teu acan jalan.
 
YP dina danget ieu parantos masihan bea siswa ka 40 murid SD di Ciamis, memang masih sakedik keneh, sareng masihan teh mung kanggo mayar SPPna wungkul, sakitu ge tos alhamdulillah, sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.Insya Alloh kapayun ditambihan. Malih aya usul masihan bea siswa teh entong heula ka barudak SD tapi langsung ka anu nuju kuliah S2/S3 mung kedah ditingal heula kumaha komitmen kasundaanana, komitmen kasundaan didieu teh sanes dina hartos primordial, sosial myopik, tapi engke upami dirina tos hasil kedah aya katineung ka papada urang sunda deui.
 
Atuh muka perpustakaan parantos, mung aya tugas deui bae nyaeta kedah ngaroris ka perpustakaan anu kantos dibuka, naha masih jalan keneh, naha bukuna kedah ditambih buku naon....atanapi boa boa tos bangkar, ieu janten kawajiban urang sadayana.
 
Rarancang kapayunna, kumaha carana sangkan YP mingkin tohaga, supados bea siswa beuki nambihan kitu deui pabukon/ perpustakaan, carana mah sigana kedah ngayakeun acara "fund rising" mung saha kokojona..?
 
Wallohualam. Wassalamualaikum Wr Wb
 
MSasmita 
 
-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 06, 2004 5:43 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] 36.859 Siswa Terancam "DO"

Sok atuh para wargi sadaya, anu masih keneh kagungan rasa welas asih kalayan kagungan rezeki langkung!!!!, sok atuh urang sasarengan ngeusian kencleng YP.
Kang Sas !!!, rupina YP kedah ngerahkeun wadya balad KUSNET yeuh !!!, kumaha tos kagungan rancangan !!!.
 
Pihaturna
 
SSW

 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke