|
" Aya maksud naon bet datang ka abah ?" ceuk bah Selud
bari melong anteb ka neng Euis. Nu ditanya kalahka ngeluk tungkul semu nu asa
asa nek ngajawab. " Eu anu bah anu...!" pokna teh. Sabenerna najan teu
diuar uar ge, pangeusi lembur Cibiuk mah geus pada nyaho yen mun datang ka
bah Selud teh geus teu jauh ti urusan piasihan, jualan hayang
laris, pangkat hayang naek, atawa hayang dipikawelas pikaasih kudunungan.
" Maksad abdi sumping ka abah teh taya sanes bade
disuhunkeun pitulungna, wirehna dugi ka danget ayeuna abdi teh tacan
dipasihan pijodoeun wae padahal abdi teh tos geregeteun hoyong geura nyoo
manuk cucak rowo !" ceuk neng Euis ngabeberkeun pamaksudanana. Gebeg bah Selud
reuwas teu percaya, neng Euis nu sakitu gamulengna ngaku can aya nu ngajak
koalisi alias can aya nu ngajak hahadean. Enya ningali sareatna mah neng Euis
teh euweuh kakurangan, malahan bisa disebutkeun loba kaleuwihanana, coba we,
bulu panon anu centik dicentikan deui, halisna anu ngajepat ngajeler paeh
dikandeulan deui, biwir ipis anu amucuy dibeureuman deui, buukna nu galing
muntang teu sirikna unggal poe di creambath, estuning geulis bawa ngajadi endah
bawa ti kudrat. Sorana halimpu teu eleh ku para akademia AFI anu aya di
tivi, lamun dina rata leumpangna lir macan tenangan, atuh lamun dina jalan
garinjul leumpangna ngageboy meri. Ceuk nu rahul mah mun lalaki ngareret
sakali abong mun teu ngareret deui katilu kalina.
" Har geuning neangan jodo bet ka abah, tah menta jodo mah
ka nu kagunganana ka Gusti Alloh !"
" Eta ge parantos abah, ngadoa teu petot, puasa nyenen
kemis tara kakantun, niis paratos, atuh anu dipahing sapertos calik dina
bangbarung tos diestokeun, tapi geuning teu acan dipasihan wae !"
" Heueuh sabar we, engke ge teu kanyahoan torojolna
!"
" Muhun abah mangkana abdi kadieu teh bilih nu norojol teh
teu cocog sareng kahoyong abdi !"
" Tah kieu we atuh, abah mah ngan cukang lantaran, da nu
ngersakeun mah anging anjeun-Na " ceuk bah Selud bari kurunyam kerenyem,
leungeuna terus murulukeun menyan kana parukuyan anu ngelun.
" Cik kadieukeun anu sok dipake unggal poe ku eneng
?"
" Tah ieu abah wedak !" ceuk neng Euis bari ngasongkeun
wedak merek viva sacepuk. Saterusna siwedak teh diparancahan bari diputer puter
diluhureun parukuyan anu ngelun ku aseup.
" Kade poho wedak ieu pake mun nek incah, tah ieu cai
campurkeun jeung kembang tujuh rupa dipake mandi unggal malem jumaah, sesana
awurkeun diunggal pongpok imah,ari ieu menyan awurkeun dijalan
ngolecer, mun si eneng hayang boga jodo ka anggota DPR awurkeun dipintu
gerbang gedong DPR, kitu deui mun hayang boga jodo kapagawe bank awurkeun
dihareupeun bank, ngan kade ulah dihareupeun bank anu dilikuidasi, kumaha
kacangkem ?"
" Timbalan abah, kahartos pisan da mun hilap ge ku abdi
distel deui rekamanana !" ceuk neng Euis bari ngasupkeun radio leutikna,
sihoreng omongan bah Selud teh direkam ku neng Euis.
" Poma kahareup mah ulah kurung batok, liar saeutik mah
meh tereh aya nu nyantok !"
" Rumaos abah abdi teh kurung batok, bade uncuh incah teh
sok sararieun tea, komo upami ningal acara buser sareng patroli palalaur seueur
kajantenan, sakapeung sok aya maksad bade lebet anggota kusnet, tapi sok
ngarempot deui saurna dikusnet teh seueur bujang gadungan, alim ah bilih
diheureuyan!"
" Heueuh jig diduakeun ku abah sing tereh meunang jodo
!"
" Punten abah ieu tambi lumayan kanggo panajem !" ceuk
neng Euis ngasongkeun amplop.
" Ih tong kikituan ka abah mah neng !"
" Teu kenging nampik rejeki bah, ieu mah etang etang
panajem !"
" Nya heug atuh ari maksa mah !" bari rikat nyamber
amplop anu dijerona ngalangkang aya duit jeger saratus rebuan.
" Kade ulah poho minggu hareup kadieu deui hayang
nyaho hasilna !" sambungna deui bari ngajajapkeun nepi kalawang
panto.
*****
Dua minggu tiharita neng Euis geus torojol deui ka
tempatna bah Selud.
" Kumaha nasehat tiabah teh geus
jalankeun !"
" Parantos bah, nanging geuning teu acan aya nu nyanggut
wae !"
" Sok ngimpi..tara ?"
" Ari ngimpen mah sering bah, malihan kamari basa malem
minggu ngimpen bobogohan sareng si Cepot teras direbut ku Gatot Gaca dicandak
kakalangan,diawang awang dicegat ku Arjuna, ari bray benta sihoreng
nuju ngadangukeun golek dina radio sawengi jeput, les weh kapulesan, tah kitu
bah !"
" Tah ayeuna mah urang tarekahan ku abah, urang toong dina
baskom sugan jeung sugan pijodoeun eneng teh aya ngelemeng !" pokna bari
kurunyam kerenyem nyanghareupan baskom anu dieusian cai herang.
" Cik tingali ku eneng, lamun aya nu ngelemeng geus pasti
eta pijodoeun eneng!"
" Sumangga bah !" ceuk neng Euis bari melong
baskom.
" Geuning kirang bengras bah !"
" Fine tuningna meureun kurang pas!" ceuk bah
Selud bari ngageserkeun baskom saeutik saeutik.
" Tos ngelemeng ayeuna mah bah, namung kirang
eces!"
" Paingan atuh brightness diposisi enol keneh, tah ayeuna
kumaha ?"
" Ambuing...piraku ieu pijodoeun abdi teh, geuning raray
mirip abah !" neng Euis harenegeun
" Har kumaha ieu teh bet salah tehnis kieu, ari eta
meunyan ku nyai diawurkeun dimana ?"
" Puguh basa tas ti abah teh, dipengkolan katingal aya
bumi agreng, mobilna ngajigrog dina garasi, tapi sigana simpe taya eusian, nya
ku abdi teh wur meunyan teh diawurkeun diburuan eta bumi, sugan jeung sugan nu
gaduh eta gedong teh bujang gandang, tah kitu bah !"
" Heuheuy eta teh imah abah neng, kira kirana rido kuabah
dijadikeun anu kaopat ?"(SR)
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [UrangSunda] EUIS syam ridwan
- Re: [UrangSunda] EUIS Siddik Wiradireja

