Euleuh !!, mani sae sareng payus cariosna, kanggo aoseun pasosonten,
mangga di antos anu sanesna !!
 
Pihatur
SSW

syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
" Aya maksud naon bet datang ka abah ?" ceuk bah Selud bari melong anteb ka neng Euis. Nu ditanya kalahka ngeluk tungkul semu nu asa asa nek ngajawab. " Eu anu bah anu...!" pokna teh. Sabenerna najan teu diuar uar ge, pangeusi lembur Cibiuk mah geus pada nyaho yen mun datang ka bah Selud teh geus teu jauh ti urusan piasihan, jualan hayang laris, pangkat hayang naek, atawa hayang dipikawelas pikaasih kudunungan.
" Maksad abdi sumping ka abah teh taya sanes bade disuhunkeun pitulungna, wirehna dugi ka danget ayeuna abdi teh tacan dipasihan pijodoeun wae padahal abdi teh tos geregeteun hoyong geura nyoo manuk cucak rowo !" ceuk neng Euis ngabeberkeun pamaksudanana. Gebeg bah Selud reuwas teu percaya, neng Euis nu sakitu gamulengna ngaku can aya nu ngajak koalisi alias can aya nu ngajak hahadean. Enya ningali sareatna mah neng Euis teh euweuh kakurangan, malahan bisa disebutkeun loba kaleuwihanana, coba we, bulu panon anu centik dicentikan deui, halisna anu ngajepat ngajeler paeh dikandeulan deui, biwir ipis anu amucuy dibeureuman deui, buukna nu galing muntang teu sirikna unggal poe di creambath, estuning geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat. Sorana halimpu teu eleh ku para akademia AFI anu aya di tivi, lamun dina rata leumpangna lir macan tenangan, atuh lamun dina jalan garinjul leumpangna ngageboy meri. Ceuk nu rahul mah mun lalaki ngareret sakali abong mun teu ngareret deui katilu kalina.
" Har geuning neangan jodo bet ka abah, tah menta jodo mah ka nu kagunganana ka Gusti Alloh !"
" Eta ge parantos abah, ngadoa teu petot, puasa nyenen kemis tara kakantun, niis paratos, atuh anu dipahing sapertos calik dina bangbarung tos diestokeun, tapi geuning teu acan dipasihan wae !"
" Heueuh sabar we, engke ge teu kanyahoan torojolna !"
" Muhun abah mangkana abdi kadieu teh bilih nu norojol teh teu cocog sareng kahoyong abdi !"
" Tah kieu we atuh, abah mah ngan cukang lantaran, da nu ngersakeun mah anging anjeun-Na " ceuk bah Selud bari kurunyam kerenyem, leungeuna terus murulukeun menyan kana parukuyan anu ngelun.
" Cik kadieukeun anu sok dipake unggal poe ku eneng ?"
" Tah ieu abah wedak !" ceuk neng Euis bari ngasongkeun wedak merek viva sacepuk. Saterusna siwedak teh diparancahan bari diputer puter diluhureun parukuyan anu ngelun ku aseup.
" Kade poho wedak ieu pake mun nek incah, tah ieu cai campurkeun jeung kembang tujuh rupa dipake mandi unggal malem jumaah, sesana awurkeun diunggal pongpok imah,ari ieu menyan awurkeun dijalan ngolecer, mun si eneng hayang boga jodo ka anggota DPR awurkeun dipintu gerbang gedong DPR, kitu deui mun hayang boga jodo kapagawe bank awurkeun dihareupeun bank, ngan kade ulah dihareupeun bank anu dilikuidasi, kumaha kacangkem ?"
" Timbalan abah, kahartos pisan da mun hilap ge ku abdi distel deui rekamanana !" ceuk neng Euis bari ngasupkeun radio leutikna, sihoreng omongan bah Selud teh direkam ku neng Euis.
" Poma kahareup mah ulah kurung batok, liar saeutik mah meh tereh aya nu nyantok !"
" Rumaos abah abdi teh kurung batok, bade uncuh incah teh sok sararieun tea, komo upami ningal acara buser sareng patroli palalaur seueur kajantenan, sakapeung sok aya maksad bade lebet anggota kusnet, tapi sok ngarempot deui saurna dikusnet teh seueur bujang gadungan, alim ah bilih diheureuyan!"
" Heueuh jig diduakeun ku abah sing tereh meunang jodo !"
" Punten abah ieu tambi lumayan kanggo panajem !" ceuk neng Euis ngasongkeun amplop.
" Ih tong  kikituan ka abah mah neng !"
" Teu kenging nampik rejeki bah, ieu mah etang etang panajem !"
" Nya heug atuh ari maksa mah !" bari rikat nyamber amplop anu dijerona ngalangkang aya duit jeger saratus rebuan.
" Kade ulah poho minggu hareup kadieu deui hayang nyaho hasilna !" sambungna deui bari ngajajapkeun nepi kalawang panto.
*****
Dua minggu tiharita neng Euis geus torojol deui ka tempatna bah Selud.
" Kumaha nasehat tiabah teh geus jalankeun !"
" Parantos bah, nanging geuning teu acan aya nu nyanggut wae !"
" Sok ngimpi..tara ?"
" Ari ngimpen mah sering bah, malihan kamari basa malem minggu ngimpen bobogohan sareng si Cepot teras direbut ku Gatot Gaca dicandak kakalangan,diawang awang dicegat ku Arjuna,  ari bray benta sihoreng nuju ngadangukeun golek dina radio sawengi jeput, les weh kapulesan, tah kitu bah !"
" Tah ayeuna mah urang tarekahan ku abah, urang toong dina baskom sugan jeung sugan pijodoeun eneng teh aya ngelemeng !" pokna bari kurunyam kerenyem nyanghareupan baskom anu dieusian cai herang.
" Cik tingali ku eneng, lamun aya nu ngelemeng geus pasti eta pijodoeun eneng!"
" Sumangga bah !" ceuk neng Euis bari melong baskom.
" Geuning kirang bengras bah !"
" Fine tuningna meureun kurang pas!" ceuk bah Selud bari ngageserkeun baskom saeutik saeutik.
" Tos ngelemeng ayeuna mah bah, namung kirang eces!"
" Paingan atuh brightness diposisi enol keneh, tah ayeuna kumaha ?"
" Ambuing...piraku ieu pijodoeun abdi teh, geuning raray mirip abah !" neng Euis harenegeun
" Har kumaha ieu teh bet salah tehnis kieu, ari eta meunyan ku nyai diawurkeun dimana ?"
" Puguh basa tas ti abah teh, dipengkolan katingal aya bumi agreng, mobilna ngajigrog dina garasi, tapi sigana simpe taya eusian, nya ku abdi teh wur meunyan teh diawurkeun diburuan eta bumi, sugan jeung sugan nu gaduh eta gedong teh bujang gandang, tah kitu bah !"
" Heuheuy eta teh imah abah neng, kira kirana rido kuabah dijadikeun anu kaopat ?"(SR)
 
  


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke