Nyanggakeun sapulkaneun, bagian ka-8 terasna seratan "Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004". Hapunten ka anu kaabotan boh bilih ieu posting teh panjang teuing.
8. Mang Koko, Salahsaurang Seniman Ageung Tatar Sunda
Aya anu matak helok jeung kagagas dina acara`panglawungan kamari teh. Eta palebah anu nyiptakeun �melodi� hiji kawih jeung anu nganggit rumpakana-anu disampurnakeun ku Mang Koko jadi hiji kawih-karek patepung dina riungan kamari. Ieu teh kusabab anu nganggit rumpaka eta kawih salawasna lalayaran ka mancanagara (ngintunkeun rumpaka oge nalika nuju lalayaran) jalaran padamelann teh awak kapal.
Kitu geuning seniman baheula mah, sauyunan pisan. Jarak jeung pagawean heunteu jadi halangan pikeun gawe bareng dina kasenian. Tina anu kapireungeuh dina acara kamari, katawis Mang Koko teh hiji seniman anu ageung, anu sajabi ti motekar pisan dina nyiptakeun kawih jeung ageung perhatosana kana dunya atikan, oge anjeuna ngutamakeun pisan kana gawe bareng atawa ngahargaan kana pangabisa anu lian.
Kukituna, aya tilu hal, sakurang-kurangna, anu ngabuktikeun yen Mang Koko teh merenah upama disebut salah sawios seniman ageung Tatar Sunda. Kahiji, karyana anu kalintang motekarna, euyeub boh dina jumlah (produktivitas) oge ajenna (kualitasna). Kaduana, jiwana anu demokrtais (ngutamakeun duduluran, ngahargaan kana kabisa anu sejen, gawe bareng, sauyunan, jeung teu weleh ngagedekeun seniman sejen). Katiluna, perhatiana kana dunya atikan (seni teh dijadikeun salah sahiji media keur ngahirupkeun atikan).
8.1 Kamotekaran Mang Koko
Ngeunaan kumaha motekarna mang Koko dina widang kawih, sabenerna mah heunteu kudu dicaturkeun deui. Jumlah buku-buku anu ngamuat karya-karyana bae aya puluhna. Ngitung tina buku-buku kawih Mang Koko anu harita dipamerkeun, kawih karya anjeunna teh ngaratus, dina rupa-rupa laras kawih (pupuh) Sunda, jejer, jeung eusi rumpaka. Sajaba ti jumlahna loba, kawih-kawih Mang Koko teh oge euyeub ku jejer.
Saeutikna, tina pangilo saliwatan, aya tilu jejer poko jero kawih-kawih Mang Koko, nyaeta: �romantika� manusa jeung kahirupan kamasyarakatan, kawih lagu-lagu perjuangan, jeung kawih keur mateakeun dunya atikan. Mang Koko parigel pisan dina nganggit karawitan kawih pikeun ngawadahan rumpaka-rumpaka anu luhur ajenna, boh karya anjeunna ku anjeun atawa sumbangan ti sobat-sobatna, tepi ka urang ayeuna bisa ngarasakeun nikmatna hiji kawih sagemblengna.
Kahiji, jejer �romantika� manusa jeung kahirupan kamasyarakatan ngawengku, boh jejer kawih mangrupa �roman� atawa pait-peuheurna kahirupan cinta atawa tali asih manusa, rupa-rupa hirup kumbuh masyarakat sapopoe, jeung perhatian kana lingkungan alam atawa lemah cai. Conto tina golongan kawih-kawih anu miwanda �romantika� kahirupan dimaksud, upamana bae: �Sagagang Kembang Ros�, �Anggrek Japati�, �Longkewang, �Samoja�, �Hariring nu Kungsi Nyanding�, �Kembang Impian�, �Salempay Sutera�, �Malati ti Gunung Guntur�, �Imut Malati�, �Sariak Layung di Gunung�, �Anggrek Japati di
Cibodas�, �Lain Eta�, �Kalangkang di Cikamiri�, �Purnama�, �Sapu Nyere Pegat Simpay�, jrrd. Geura ieu, kumaha kagambarna �tragedi�-tapi biasa dina kahirupan jelema mah-anu kaalaman ku hiji jajaka dina �Longkewang�:
Longkewang
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nyi lanjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini �na kasadaran
Emh��.deudeuh teuing
�Na peuting heab �na raka
Aya sukma nilar raga
Bebene mulang ti heula
Emh�.deudeuh teuing
�Na peuting heab �na raka
Aya waruga palastra
Jajaka raheut hatena
Ayeuna mun pareng nganjang
Nu tembong ukur kalangkang
Mega mendung �na jajantung
Lagu liwung �na bangbarung
Kawih-kawihna dina eusi rumpaka jejer kahirupan sapopoe jeung kamasyarakatan heunteu eleh jumlah jeung kualitasna. Upamana bae, kawih-kawih: �Indung�, �Pamuda Desa�, �Lebaran�, �Pemilihan Umum�, �Malaria�, Koperasi�, �Kasenian�, �Warung Pojok�, �Karatagan Urang Kampung�, jrrd. Kalolobanna kawih dina rumpaka jenis ieu ditepikeun dina raraga ngatik (eusi rumpaka kawih keur atikan) barudak sakola. Pikeun ngaguar hal eta engke mudah-mudahan kasampeur deui dina jejer Mang Koko jeung dunya atikan.
Anapon perhatian Mang Koko kana kaayaan alam jeung perluna miara lingkungan dina kawih-kawihna ku matak helok, kalintang endahna boh dina rumpaka watawa wanda kawih. Mang Koko tiasa disebatkeun salaku hiji seniman anu pohara katajina ku kaayaan alam Parahiangan atawa Tatar Sunda. Anjeunna heunteu weleh ngiberan, ngalangkungan kawih-kawihna, yen upama urang heunteu merhatikeun lingkungan alam di sabudeureun urang, tinangtu urang baris papanggih jeung kasangsaraan. Kawih-kawih saperti: �Bandung�, �Kota Bandung�, Pagunungan Bandung�, �Tatar Sunda�, �Tanah Sunda�, �Ngadago Panen�, �Bali Geusan Ngajadi�, �Lingkung Lembur�. Sakumaha kawih-kawih dina rumpaka kahirupan kamasyarakatan, kawih-kawih dina jejer rumpaka ieu oge ngarupakeun bagean gede tina anjeunna anu dikhususkeun
pikeun dunya atikan barudak.
Mang Koko sanes bae mikawanoh kana kabuyutan, tapi oge hiji seniman anu prak usaha ngagero masyarakat pikeun gawe bareng mulasara kabuyutan ngalangkungan kawih. Kituna teh lain bae pikeun Tatar Sunda, tapi oge pikeun sanusantara. Upamana bae kagambar dina kawih di handap ieu:
Cinta Nusa
1
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh, karaharj�an lemah cai
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela
Piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan, teu kariksa
2
Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga
Diraksa-diriksa
Kakayon mangpaat, sumber kahirupan bangsa
Mamala tanah ngoblog, nungtun gimir-ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rampak pada dokoh
Samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak, dipelakan tatangkalan, hejo ngemploh
3
Sawajarna putra bangsa mu merdeka
Di padesaan, pasiringan jeung di kota
Andon gotong royong
Lakon silih rojong
Rampak ngahejokeun tanah ngeblak dimamana
Saihwan rame gawe pada moho dolog
Pelakan tong kalarung unggal tanah ngoblog
Singkil babarengan
Langkah sauyunan
Kakayon hejo ngemploh, karya ragem gotong-royong rereongan.
Cag heula,
Baktosna,
manAR
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

