Para wargi sadaya,

Nyanggakeun, terasna bagian ka-8 tina  "Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004". Hapunten ka anu kaabotan boh bilih ieu posting teh panjang teuing.

8.1. Kamotekaran Mang Koko (terasna)

Kadua, jejer ngeunaan �perjuangan� ngalawan pangjajah atawa bebela ka lemah cai. Kumpulan kawih anu dijudulan ku �Bentang Sulintang, Kawih Sunda Lagu-lagu Perjuangan� ngarupakeun bukti kumaha kamotekaran mateakeun kawih jeung perhatian Mang Koko kana bajoang (perjuangan) mangsa harita (1940-1950). Heunteu kurang ti 34 kawih perjuangan Mang Koko enggeus ngagedurkeun sumanget jeung maturan  prakna anu bajoang, oge ngabeberah ka anu katumibaan cocoba alatan bajoang. Kawih-kawih perjuangan teh upamana bae: �Bulan the Langlalayang Peuting�, �Carincing�, �Cinta Nusa�, �Wajib Latih�, �Karatagan Divisi Siliwangi�, �Pahlawan Toha�, �Seuweu Harepan�, �Seuneu Bandung�, �Arwah Pahlawan�, �Lain Layung-layung Langit�, �Irian Dayeuh Kula�, �Siliwangi Jaya�, Kembang Tanjung Panineungan�, �Reumis Beureum dina Eurih�, �Sabilulungan�, �Karatagan Pamuda Indonesia�, jeung �Karatagan Pahlawan�.

Lagu-lagu perjuangan di luhur dalit ngahiji jeung sajarah �perjuangan� bangsa Indonesia, khususna Tatar Sunda, dina mangsa revolusi (1945-1950). Malah heunteu saeutik anu ngahaleuangkeun kawih-kawih eta dina mangsa mieling kamerdikaan Indonesia jaman ayeuna di Tatar Sunda. Tilu anu disebut   pang tukangna tina judul-judul kawih di luhur  ngarupakeun lagu wajib daerah urang. Nyaeta pilihan lagu-lagu anu kudu dihaleuangkeun dina satiap upacara di sakola-sakola dasar di sakuliah Jawa Barat. Ieu  kahaturkeun salah sahiji kawih Mang Koko dina wanda lagu perjuangan, �Seuneu Bandung� (rumpaka kenging Kang Karna Yudibrata) anu meranah pisan dihaleuangkeun dina bulan-bulan ieu, mangsana milangkala kajadian sajarah �Bandung Lautan Api�:

Seuneu Bandung

 

Seuneu Bandung

Seuneu Bandung

Seuneu Bandung

Seuneu teuneung geni kawani

Geni sakti cahya Ilahi

 

Langit ngempray, langit harepan

Langit ngempray, caang harepan

Seuneu teuneung

Geni kawanian jaya

Seuneu teuneung Bandung, Bandung

 

Tandang ngaduruk leuweung ganggong imperialis

Tandang ngaduruk maju terus

Afrika-Asia bebas merdeka---ka

Dayang Sumbi gupay pucukna

Dayang Sumbi gupay pucukna

Tangkubanparahu jadi suluhna

Nyeungeut obor kamerdekaan

Bray caang narawangan alam padang

 

Katilu, anu pang pentingna, jejer ngeunaan dunya atikan, tegesna mateakeun seni kawih pikeun nepikeun pangajaran keur barudak umur sakola dasar;  jeung sabalikna, mateakeun pangajaran pikeun mulasara kasenian.  Keun urang teruskeun engke kumaha kabeungharan kawih Mang Koko dina dunya atikan keur barudak. Saheulaanan ayeuna mah tiasa kauninga bae yen jumlah kawih Mang Koko anu eusina jejer atikan keur barudak the heunteu kurang ti 100 judul kawih dina laras ti mimiti Pelog, Salendro, tepi ka Madenda. Hal ieu teh sakumaha tiasa kailo dina buku kumpulan kawih keur pangajaran: �Cangkurileung� (3 jilid), �Bincarung�, jeung buku sejenna.

 

Aya deui anu kalebet kamotekaran dina widang atikan ngalangkungan seni kawih ti Mang Koko teh, nyaeta atikan sastra dina wangun rumpaka eusi kawih. Kalayan gawe bareng sareng sababaraha bentangna sastrawan Sunda, kayaning Kang Wahyu Wibisana, Kang R.A.F, Karna Yudibrata, oge inohong sanesna anu karyana nyastra, Mang Koko kalintang apikna dina miara rumpaka eusi satiap kawihna. Dina lebah dieu, kecap-kecap boh kalimah-kalimah anu dipilih pikeun kawih-kawihna pohara endahna. Nya kitu keneh, wirahma jeung wanda kawihna disaluyukeun jeung carita dina eusi rumpaka, tug  tepi ngahasilkeun kawih sareng rumpaka anu sarua endahna.

 

Eusi rumpaka anu ditepikeun dina wangun sastra anu luhur teh ilaharna ngandung falsafah, pamadegan hirup atawa carita kahirupan teuleumaneun. Sakumaha umumna karya sastra, rumpaka teh heunteu pati togmol dina nepikeun pamaksudan, tapi endah jeung bisa ditafsirkeun ku saha bae, sakatepina, sakadugana, ku pamikiranna sewang-sewangan. Kukituna, atuh bleg bae karya seni karawitan (kawih) Mang Koko teh ngarupakeun atikan sastra anu kalintang keunana (efektif). Kawih-kawih anu sarupa kitu, upamana bae: �Kembang Impian�, �Sariak Layung di Gunung�, �Malati di Gunung Guntur�, �Wengi Enjing Tepang Deui�, �Samoja�, �Reumis Beureum dina Eurih�, �Bungur jalan ka Cianjur�,  jsb.

 

Samoja

 

Kedalna asih na wulan pinuh mamanis

Hiji jangji pasini na laswining wanci

Mangsa samoja jongjon kembangan

Duh eulis, langit lenglang, angin rintih dina ati, aduh

 

Lalakon lawas na wulan pinuh katineung

Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi

Mangsa samoja geus ngarangrangan

Duh ieung�langit angkeub, samagaha dina hate, geulis

Ayeuna kantun waasna jungjunan

Lalakon ka tukang diteang ngan ku ciptaan

Kamari nu pamit, kamari nu pamit

Datang deui na kalangkang

 

Ayeuna tinggal nganglesna jungjunan

Lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan

Kamari nu leungit, kamari nu leungit

Rek lebeng mo deui datang

 

Leuwih khusus, kawih-kawih seperti �Hareupeun Kaca�,  �Sangkuriang�, �Purbasari�,  �Sunda Jaya�, �Tatar Sunda�, �Sunda Wiwaha�, �Si Kabayan�, jeung sabangsana, jero ku eusi falsafah kahirupan jeung kosmologi Sunda. Di dieu katawis kumaha jembarna pangaweruh Mang Koko, oge manah anjeunna (dina nampi karya rumpaka ti sobat-sobatna),  kalawan dina nepikeunna teh diropea (dibungkus) ku kasenian tea.  Jero kawih �Hareupeun Kaca� (rumpaka kenging Winarya Art.), Mang Koko siga anu ngawakilan urang sarerea dina nepikeun galecokna hate atawa rus-rasna pipikiran anu-sakapeung-mucunghul nalika urang ngeunteung hareupeun kaca eunteung:

 

Hareupeun Kaca

 

Hareupeun kaca

Ngajanteng salila

Roman alum gurat duka

Atra narembongan

 

Hareupeun kaca

Sagala nu karandapan

Lalakok ka tukang-tukang

Nungtut daratangan

 

Reureuk-rumeuk dina eunteung

Semu keueung semu nineung

Jiwa awaking nyarita

Jiga nu nganaha-naha

Deuh, ieung (geuning) jiga nu nganaha-naha

Bejakeun deudeuh, bejakeun

Rumasa geus katalimbeng

 

***

Satemenna, milih-milih jeung ngagolong-golongkeun kawih-kawih Mang Koko kana 3 golongan sakumaha di luhur, kacida heunteu merenahna. Ari anu jadi sabab, karana eusi rumpaka jeung baju kawihna karya Mang Koko teh enggeus gumulung ngajadi hiji antara �roman�, kahirupan sapopoe, perjuangan, perhatian kana lingkungan, jeung atikan, jsb. Sakapeung, kulantaran sakitu dalit-gumulung rupa-rupa jejer dina wanda kawihna, lir ibarat gula jeung peueutna, hese dipisahkeun. Hal eta, upamana bae, kependak dina  kawih-kawih: �Kembang Impian�, Kembang Tanjung Panineungan�, �Malati ti Gunung Guntur�, �Sariak Layung di Gunung�, �Samoja�, �Reumis Beureum dina Eurih�, jsb.. Dina kawih �Kembang Impian�, upamana, leubeutna karya sastra rumpaka dipapaes wirahma kawihna, wuwuh ngajadikeun eta kawih matak pogot miresepkeunna.

 

Kembang Impian

 

Antara lolongkrang kiceup, urang pateuteup

Bulan pias eunteup na lalangse kayas

Kaca jandela nu muka, kaca katresna nu muka

Peuting the teuing ku jempling, asih the teuing ku wening

 

Pangharepan lir laut nu jero, teu katepi ku sora panggero

Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan

Urang tataran ku karep jeung pangharepan

 

Tong teuing negdalkeun lisan, urang teuleuman

Na ciptaan, bagja deudeuh patembongan

Geter ti ati ka ati, iber jadina pasini

Saranggeuy kembang impian, sungkeman kana lahunan.

Baktos,

manAR


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke