Kang Judhi,
Perkara elmu teluh, sihir, atawa sabangsana, nurutkeun salah sahiji hadist, memang aya riwayatna. Nya anu, ceuk eta riwayat jadi "asbabun-nuzulna" (sabab-sabab ditunkeunna) surah "Al-Falaq" jeung "An-Naas" (umum nyebutna "Falaq bin Naas") dina Al-Qur'an. Ceuk eta hadist, Kangjeng Nabi saw keuna ku sihir, teras sab'da ngaos eta 2 surah, sihirna tiasa disinglar kalawan Kangjeng Nabi saw damang sabihara-bihari deui. Kulantaran eta riwayat, seueur anu nganjurkeun ngaos eta 2 surah (kalawan dimimitian sateuacanna ku maos Al-Fatihah sareng ditungtungan ku maos sholawat lengkep).
Tapi, ngeunaan eta riwayat asababun nuzaul "Falaq bin Naas" aya golongan (madzhab) anu ngaragukeun. Hal anu matak ngaragukeunna eta madzhab lain dina lebah kamampuan ayat Al-Qur'an tiasa nolak panyakit, tapi dina lebah asababun nuzul 2 surah di luhur tea. Ayat-ayat Al-Qur'an da mungguhing Al-Qur'an sorangan, tiasa ngadamangkeun panyakit, boh panyakit fisik atawa panyakit non-fisik (kulantaran kitu, nami sanes tina AL-Qur'an teh "Asy-Syfaa" tea anu hartosna "penyembuh"). Tapi, dina riwayat asbabun nuzul di luhur kaselip sacara lemes cara "mendiskredit"-keun Nabi saw. Umumna jalma/pihak kitu teh ti golongan anu sok "memproduksi" anu kaasup hadist-hadist "israiliyyat" (hadits-hadist ti pihak Yahudi anu ceuceub pisan ka Islam) tea.
Nabi saw teh pangsampurna-sampurnana manusa, moal enya eleh ku setan (setan anu digunakeun kanggo ngaheureuyan jelema sejan). Pon kitu deui, Gusti Alloh saw salawasna nyalindungan Nabi saw, oge Nabi saw teh manusa anu pangbersih-bersihna hatena, sahingga naon bae anu disuhunkeun ku Nabi saw ka Gusti Alloh tangtos dikabul. Golongan anu yakin kana ayana asbabun nuzul 2 surah diluhur tetep ngangles ku alesan yen sanajan enya Nabi saw teh manusa suci, tapi kajadian anjeunna keuna ku sihir mah keur conto bae, cenah. Keun lah lebah padungdengan ieu mah urang pulangkeun bae ka kayakinan sewang-sewangan.
Mulang deui kana soal pangobatan migunakeun ayat-ayat Al-Qur'an. Satemenna, seueur hadist-hadist di sagigireun hadist ngeunaan asababun nuzul "Falaq bin Naas" anu ngariwayatkeun kumaha dina sababaraha kajadian, Kangjeng Nabi saw kungsi ngobatan panyakit jalmi ku cara ngaos ayat-ayat Al-Qur'an. Ayat Al-Qur'an anu digunakeun umuna Surah Al-Fatihah.
Dina leresan ieu, sakumaha geus ditulis dina posting samemehna, tatamba (berobat) ka jalmi anu ku urang dianggap leuwih bersih hatena sabanding sareng tatamba ka dokter. Ngan bedana dina epistimologi elmu anu digunakeun ku masing-masing juru tamba. Dua-duana sah-sah bae salila boh anu nambaan atawa pasen ngagaduhan kayakinan yen hakekatna anu nyageurkeun mah teu aya deui iwal ti Gusti Alloh anu Maha Kawasa.
Ngeunaan epistimologi juru tamba anu migunakeun ayat Al-Qur'an, prinsipna, lain lobana ayat Al-Qur'an anu digunakeun atawa lilana proses tatamba, tapi kumaha kadeukeutan eta jelema ka Gusti Alloh. Kangjeng Nabi saw oge kalawan ukur migunakeun surah Al-Fatihah, namung geuningan sakitu mujaravna, sabab Kangjeng Nabi saw pangcaketna manusa ka Gusti Alloh dugi ka naon rupa anu disuhunkeun (anu ieu panuhun teh moal papalimpang sareng papagon agama) diijabah ku Alloh. Kabersihan hate kacangking ku sabab tarekah sareng latihan tinangtu anu dilaksanakeun sapanjang hirup. Ah, duka da sim kuring oge sanes ahli nu dimaksud, bisi kalahka ukur omong dicarioskeun mah. Anapon epistimologi anu hiji deui, nyatana elmu kedokteran, salira langkung uninga.
Rupina sakitu bae heula. Mangga bade ka Bandung mah diantos. Sim kuring ngantor di kantor direktorat geologi tata lingkungan, Jl. Diponegoro No. 57, sagedengeun museum geologi tea.
Baktosna,
manAR
Judhi Rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Oman sareng Kand Dudi,
nuhun pisan walerannana. Dupi anu dipikamaksad ku abdi mah nyaeta rukyah anu dicarioskeun ku Kang Dudi. Abdi aya kahariwang ka calon "Fulana" anu ayeuna linggihna di Jakarta. Fulana nyarios yen anjeunna asa rada benten, gampang ngambek kasasaha bari jeung teu puguh mimitina (kantos abdi oge jadi sasaran), jadi sok ngalamun, jadi sok males ibadahna. Rerencanganna nyarankeun ka anjeunna mendakan ustadz anu sok ngarukyah. Abdi nembe nguping istilah rukyah, saurna dipopulerkeun ku anggota PKS. Anu dipikahariwang teh, bilih eta pangobatan aya campur baur sareng syirik. Upami memang sumberna tina Al-Quran sareng Hadist hungkul, abdi oge hoyong terang langkung tebih. Insya Allah, minggu payun abdi bade ka Bogor-Jakarta. Mun kitu aya anu terang ustadz anu sok ngarukyah di Bandung, langkung gampil abdi nyandak Fulana kanggo mariosna.
Insya Allah, Sugan engke ka Bandung tiasa mendakan Kang Oman di SAngkuring (kantor teh?) caket LIPI? Abdi sok ameng ka LIPI.
Nuhun sakali deui.
wassalam
---
Judhi Rachmat
Perth, Australia
____________________________________________________________
Find what you are looking for with the Lycos Yellow Pages
http://r.lycos.com/r/yp_emailfooter/http://yellowpages.lycos.com/default.asp?SRC="">
---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

