sababaraha poe katukang, si kuring mulang ti pangulinan nebeng babaturan. di parapatan 
suprtaman-a. yani aya pulisi keur ngajega deukeut lampu merah nu keur beureum.
"Hei...Pulisi..!" ceuk kuring rada ngagorowok.
si pulisi ngalieuk. "Eh, maneh, Mal? Cageur, euy?"
"Cageur! Geus jadi komisaris besar acan?"
si pulisi kalah ka nyakakak.

si pulisi eta teh, dina dadana aya ngaran Saefudin. sobat keur SMP di Cihaurbeuti 
Ciamis. tapi ari dicalukan mah Apep. Sigana mah kolotna ngan ngadaptarkeun ngaran 
'resmi'na wungkul keur SD na. harita mah, jaman kitu. ngaran landihan hareup, nick 
name, teu ditulis. babaturan SD oge, Syarifudin wungkul. ari digeroan mah Didin. 

Tapi beh ditu jeung beh dieu, oge beh dinya keneh, aya nu ngaran hareup eta di tulis 
oge jadi ngaran kumplit. jadi we aya konsep tolong menolong tea, Ajat Sudrajat, Wawan 
Hermawan (sobat SMA).

jadi lucu mun kaayaan kitu dibandingkeun jeung ngaran inggris, Bob Robert meureun. 
atawa Bill William. tapi sistem ngaran di urang memang teu baku, atawa teu rata di 
unggal wewengkon kitu, teu model amrik. ngaran William, digerona Bill. Robert jadi 
Bob. di urang teu kitu pisan. Ngaran Saefudin, bisa Asep, bisa Apep, bisa Udin.


--------------kongress euy!--------
ka baraya sadayana, di antos enjing di rajamantri kaler 23 jam 10-an dugi ka rengse 
(nu ti luar bandung, iraha bae tiasa sumpingna, kaci).
aya tumpeng. syukuran urang tiasa tepang
Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke