Aduh hayang na mah hayang ngiluan kongres teh .
Tapi dalah kudu dikumahakeun atuh didieuna pakepuk pisan jeung kudu
ngojay deuih tidieu mah,
Sok baelah MJ sing lancar wae sagal rupina, upami tos rengse ulah hilap
eartosan hasilna ka urang lembur.
Mangga wilujeng kongresssssssss.................

-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 30 April 2004 13:10
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] saperkara soal ngaran nyunda



sababaraha poe katukang, si kuring mulang ti pangulinan nebeng
babaturan. di parapatan suprtaman-a. yani aya pulisi keur ngajega
deukeut lampu merah nu keur beureum. "Hei...Pulisi..!" ceuk kuring rada
ngagorowok. si pulisi ngalieuk. "Eh, maneh, Mal? Cageur, euy?" "Cageur!
Geus jadi komisaris besar acan?" si pulisi kalah ka nyakakak.

si pulisi eta teh, dina dadana aya ngaran Saefudin. sobat keur SMP di
Cihaurbeuti Ciamis. tapi ari dicalukan mah Apep. Sigana mah kolotna ngan
ngadaptarkeun ngaran 'resmi'na wungkul keur SD na. harita mah, jaman
kitu. ngaran landihan hareup, nick name, teu ditulis. babaturan SD oge,
Syarifudin wungkul. ari digeroan mah Didin. 

Tapi beh ditu jeung beh dieu, oge beh dinya keneh, aya nu ngaran hareup
eta di tulis oge jadi ngaran kumplit. jadi we aya konsep tolong menolong
tea, Ajat Sudrajat, Wawan Hermawan (sobat SMA).

jadi lucu mun kaayaan kitu dibandingkeun jeung ngaran inggris, Bob
Robert meureun. atawa Bill William. tapi sistem ngaran di urang memang
teu baku, atawa teu rata di unggal wewengkon kitu, teu model amrik.
ngaran William, digerona Bill. Robert jadi Bob. di urang teu kitu pisan.
Ngaran Saefudin, bisa Asep, bisa Apep, bisa Udin.


--------------kongress euy!--------
ka baraya sadayana, di antos enjing di rajamantri kaler 23 jam 10-an
dugi ka rengse (nu ti luar bandung, iraha bae tiasa sumpingna, kaci).
aya tumpeng. syukuran urang tiasa tepang Mj

http://geocities.com/mangjamal




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke