Kahatur Kang Ilen, oge kum ka sadayana bae,
Ngeunaan kakaren panglawungan YC mangrupa tulisan, nuju dihanca. Anu rengse katepikeun dina milist dugi ka danget ieu parantos seri 5 tina 10 seri seratan anu direncanakeun (kantun 2 seri deui). Rencanana ieu seratan bade dimuat sagemblengna dina website kisunda (kanggo web urangsunda oge mangga upami bade ngamuat eta seratan). Insya Alloh sakedap deui rampung.
Saterasna, ieu mah sakaligus bewara. Minangka lajuning laku tina acara kamari (atawa acara kamari teh saleresna panganteur), nya dina kaping 5 Juni 2004 baris dipintonkeun acara konser kawih Mang Koko, tempatna di Hotel Horison, Bandung. Dina proposal kanggo eta acara, jejer konser teh nyaeta: "Konser Seni Rangrang Panyawangan KARAWITAN SUNDA KARYA MANG KOKO, 5 Juni 2004 - Hotel Horison Bandung". Pasna pisan waktos pagelaran teh engke bade diwartosan deui.
Sakantenan ngalangkungan ieu posting, sim kuring umajak ka sugri sadaya anu sayagi sasieureun sabeunyeureun kersa nyumbangkeun dana romojong pikeun gelarna eta kagiatan dina waktosna. Ka pangersa saya anu aya maksad janten donatur atanapi nyumbang kanggo kagiatan konser di luhur, mangga kintuin bae e-mail (japri) ka sim kuring, engke sim kuring bade ngintun proposal sareng tatacara`maparinan dana anu dimaksud. Pamugi dina e-mail teh pangersa sadaya kersa ngawuwuhan alamat pos lengkep. Kanggo anu caraket (Bandung sareng sabudeureunna), tiasa oge ngontak sim kuring langsung ka nomor: 022-2509576 (wengi) atanapi 081320691773.
Mangga, ka sugri sadaya sarumping dina waktosna, wios heunteu nyumbang oge, heunteu janten pamengan, sumping bae upami aya waktos mah. pamugi acara nu dimaksad teh lancar tiasa kapintonkeun kalawan sukses dina waktosna.
Baktos,
manAR
ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Oman,
Hatur nuhun kana wartosna, janten sim kuring anu teu tiasa ngaluuhan eta
acara asa kabebenjokeun ku maos seratan Akang. Saleresna mah hoyong pisan
ngiring masomoan mung dalah dikumaha sim kuring kedah mios deui minggon
kamari ping 21 April 2004. Enjing sim kuring bade wangsul deui ka Bandung,
salami sapuluh dinten, cing bilih aya kakaren tina eta acara sim kuring
nyuhunkeun diwartosan.
Belecet.......
At 02:23 AM 4/29/2004 -0700, you wrote:
>"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung
>jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"
>
>5. Lelang Kawih Mang Koko
>
>
>Indung
>
>
>
>1.
>
>Duh Indung, ngaraksa ngajaring anak
>
>Najan rungsing matak pusing
>
>Heunteu weleh deudeuh mikanyaah, asih
>
>Dimongmong jeung dititimang
>
>
>
>Duh Indung, ngaping ngadama-dama anak
>
>Ngamumule buah hate
>
>Ngajungjung tur ngugung-ngugung
>
>Anak dijieun puputon
>
>
>
>Alok:
>
> Duh, Indung, Duh Indung
>
> Timang titi ngamongmong anak
>
> Duh, Indung, Duh Indung
>
> Teu kendat ngadudu'a
>
>
>
>2.
>
>Duh, Indung mun peuting ngajempling nyaring
>
>Mu beurang lewang hariwang
>
>Keukeuh heunteu jongjon ku puputon, gawe
>
>Ngahehegar ngalelenjar
>
>
>
>Duh, Indung peuting hariringan, nyaring
>
>Lain hariring birahi
>
>Ngeyong mepende puputon
>
>Sieun anak heunteu tibra
>
>
>
>Alok:
>
> Duh, Indung, peuting hariringan nyaring
>
> Lain hariring birahi
>
> Ngeyong mepende puputon
>
> Sieun anak heunteu tibra
>
>
>
>Cag.
>
>Baktos,
>
>
>
>manAR
>
>
>
>---------------------------------
>Do you Yahoo!?
>Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
>---------------------------
>informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
>
>to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
>peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
>himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau
>untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

