|
Gancanging carita , utusan parantos marulih deui ka
Upawilya , bari nyandak serat "pribadi" ti Sang Prabu Destarastra , enggalna
diaos ku Yudhistira dipayunan para Pandawa sadayana :
Ingkang Putra Yudhistira lan sakabeh Putra Pandawa
;
emh syukur bagja kumayangan sadayana tos salamet
turta tos ngalaksanakeun sagala hukuman kalawan sampurna , didoakeun pisan ku
Rama sampeyan sakabehna Pandawa panjang umur , turta raharja .
Rama Prabu teh kacida sonona ka para Putra Pandawa
sadayana , iraha atuh Yudhistira , Bhima , Arjuna , Nakula lan Sadewa rek ngadep
ka Rama , mudah mudahan sing gura giru , sabab Rama rabu geus sono pisan ka
Putra sadayana oge ; emh rek rek dirawu dipangku sampeyan sadayana oge . Komo
meureunan eta Ibu Kunti Nalibrata mah geus lieuk deui , lieuk deui nempoan bisi
Pandawa darongkap sowan ka anjeunna . Kitu deui Eyang Bhisma lan Paman Widura
kacida ngarep ngarepna ka na kadatangan sampeyan sadayana teh .
Kaula , enya ge Ua , tapi rarasaan mah asa ka anak
sorangan we ka hidep Para Pandawa teh , teu pisan pisan ngarasa yen ka suan .
Urang teh estu dulur sagetih , kapan Rama hidep teh Pandu Dewanata , kapan adi
Kaula .
KU sabab eta poma jeung dulur ulah hare hare , sing
silih pikanyaah ; komo atuh mumusuhan mah kudu pisan dijauhan . Kaula pesen
pisan ka Yudhistira oge ka Pandawa , mihape dulur hidep Duryodhana , nu sok
bahula , mantangul ngalawan kasepuh . Eta memang salah Rama sorangan , geus
ngogo teuing ka anak ; tah balukarnana kapan Duryodhana ayeuna kalakuanana
mangprung , hese dielinganana ; eta teh kudu dihampura pisan ku hidep sadayana
.
Misalna di na masalah Indraprasta , manehanan
mangprung embung mikeun ka hidep . Ari Rama kapan nyaah ka anak , kudu
dikumahakeun atuh ? Piraku kudu dipaehan mah . Tah Rama percaya pisan yen tangtu
hidep mah wijaksana .
Rama mah sieun pisan upama wae kajadian Perang gede
antara nu sami sami terah Bharata ? Kacida meureun nyusahkeunana ka sadayana
?
Tah ku sabab eta , keun we heula ayeuna mah
Indraprasta teh , sina tetep heula ngahiji jeung stina , engke lalaunan urang
leleran , sugan Duryudhana dilemeskeun hatena .
Sakitu surat ti Rama , mudah mudahan hidep sadaya
aya dina kawijaksanaan .
Prabu Astina Drestarastra .
Sajongjonan mah teu aya nu nyarios , Para Pandawa
mung ting haruleng wae , maos eta serat teh . Enggalna Arjuna nu langkung payun
emut ka na Purwadaksina , enggal nyarios :
Eta di na ucapan ucapan Rama Prabu Drestarastra teu
aya pisan hiji oge nu nyirikeun yen anjeunna aya di na kadilan . Kaciri pisan
malah ngabela anu teu bener , masing enya oge anak . Ana kitu sabage Raja Astina
, ku cek pikiran Kaula asa teu pantes pisan !"
Jawa Bang Winga Winga
..................
"Hemmmmm .................... Jeneeeet , bener
pisan eta omongan maneh teh Arjuna ! Darmaji , ulah sok gampang diolo maneh teh
, surat nu kitu mah teu kudu digugu sama sakali , sabab geus teu nyekel kaadilan
sama sakali . Memang Prabu Drestarastra teh Bapa urang sarerea nu wajib dihormat
, tapi lamun manehna geus teu nyekel kaadilan , naon gunana urang terus
ngahormat manehna !?"
"Ayeuna mah kieu wae Darmaji , sok gura giru nyieun
surat panangtang perang , ulah kapalang ."
Yudhistira gumujeng ningal ketakna Bhima nu nuju
sewot , enggal wae ngandika :"Gampang ari perkara nyieun surat Nangtang perang
mah , ke antare heula ulah wara wara gurung gusuh ; kudu dipikir heula ; dina
entang entangana kudu Perang , nya urang maju babarengan ulah gimir , ngan kudu
dilelempeng heula patekadan ulah kabawa ku napsu . Napsu nu matak kaduhung ,
badan anu katempuhan ."
"Tah ayeuna mah kieu , jig Sadewa ka Matswapati ,
ulem tah Para Raja nu masih keneh aya di Matswapati ; sebutkeun penting pisan ,
ku Kakang diantos kituh ."
Da memang harita Para Raja teh teu acan marulih
masih seueur keneh nu ngempel di Matswapati , antawisna Prabu Pancala Drupada ;
kitu deui Raja Kasi . Ari Satyaki mah ti sabarang Pandawa ngirim
utusan , tos mulih anjeunna mah ka Lesanpura ; engke cenah mun aya naon
naon enggal wartosan anjeunna , lantaran anjeunna nuju nyiapkeun sagala kakiatan
kanggo ngabantu Pandawa , upami jadi perang .
NYa atuh nu harita ngariung ngabadamikeun serat ti
Drestarasta teh nya eta Prabu Wirata , Drupada sareng Raja Kasi . Teu patos lami
eta pasamoan teh , lantaran sadayana enggal wae samupakat yen Drestarastra moal
masihkeun deui Indraprasta ka Pandawa ; ku
jalaran kitu atuh enggalna wae Pandawa ti ayaeuna kedah tatan tatan mepek balad
, sabab sigana Perang hamo bisa dicegah deui . Saur Drupada eta surat model kitu
teh ngahaja ngarah Pandawa cileureun , cicing we , nungguan , sedengkeun para
Kurawa ayeuna jeung Raja Raja nu ngarojong Kurawa bakal mepek balad , tah lamun
urang teu siap jol wae diserang , atuh meureun Pandawa nu bakal kasoran jurit ,
lantaran teu siap tea .
NYa atuh bur ber ka ditu ka dieu masihan iber
kanggo siap siap tatan tatan ( sanes Jang Endang Tatan hehehehe ) ; atuh Prabu
Wirata di Matswapati enggal tatan tatan nyayagikeun kemah kemah , sareng
wangunan darurat , kanggo para tamu sareng balatentarana .
Hanca
Abbas Amien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

