Kang Ilen oge sadayana anu maksad janten donatur acara konser Mang Koko,
Mangga kahaturkeun ieu nomor rekening "Panitia Konser Seni Karawitan Sunda Karya Mang Koko", 5 Juni 2004 di Hotel Horison Bandung:
Bank Jabar - No. 01.03.20.009902.2
Alamatna:
Panitia Konser Seni Karawitan Sunda Karya Mang Koko
Sekertariat: Balai Pengelolaan Museum Negeri Sri Baduga
Jl. BKR No. 185 Tlpn. (022) 5210976 Fax. (022) 5223214 Bandung 40243.
Hatur nuhun kana perhatosanna.
Baktos,
manAR
ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Oman,
Supados pok-pek-prak, mangga diserat nomor rekeningna di dieu supados nu
bade nyanggakeun sumbangan teu kedah naroskeun deui.
Nuhun,
At 11:53 PM 4/29/2004 -0700, you wrote:
>Kahatur Kang Ilen, oge kum ka sadayana bae,
>
>Ngeunaan kakaren panglawungan YC mangrupa tulisan, nuju dihanca. Anu
>rengse katepikeun dina milist dugi ka danget ieu parantos seri 5 tina 10
>seri seratan anu direncanakeun (kantun 2 seri deui). Rencanana ieu seratan
>bade dimuat sagemblengna dina website kisunda (kanggo web urangsunda oge
>mangga upami bade ngamuat eta seratan). Insya Alloh sakedap deui rampung.
>
>Saterasna, ieu mah sakaligus bewara. Minangka lajuning laku tina acara
>kamari (atawa acara kamari teh saleresna panganteur), nya dina kaping 5
>Juni 2004 baris dipintonkeun acara konser kawih Mang Koko, tempatna di
>Hotel Horison, Bandung. Dina proposal kanggo eta acara, jejer konser teh
>nyaeta: "Konser Seni Rangrang Panyawangan KARAWITAN SUNDA KARYA MANG KOKO,
>5 Juni 2004 - Hotel Horison Bandung". Pasna pisan waktos pagelaran teh
>engke bade diwartosan deui.
>
>Sakantenan ngalangkungan ieu posting, sim kuring umajak ka sugri sadaya
>anu sayagi sasieureun sabeunyeureun kersa nyumbangkeun dana romojong
>pikeun gelarna eta kagiatan dina waktosna. Ka pangersa saya anu aya
>maksad janten donatur atanapi nyumbang kanggo kagiatan konser di luhur,
>mangga kintuin bae e-mail (japri) ka sim kuring, engke sim kuring bade
>ngintun proposal sareng tatacara`maparinan dana anu dimaksud. Pamugi dina
>e-mail teh pangersa sadaya kersa ngawuwuhan alamat pos lengkep. Kanggo anu
>caraket (Bandung sareng sabudeureunna), tiasa oge ngontak sim kuring
>langsung ka nomor: 022-2509576 (wengi) atanapi 081320691773.
>
>Mangga, ka sugri sadaya sarumping dina waktosna, wios heunteu nyumbang
>oge, heunteu janten pamengan, sumping bae upami aya waktos mah. pamugi
>acara nu dimaksad teh lancar tiasa kapintonkeun kalawan sukses dina waktosna.
>
>Baktos,
>manAR
>
> ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Kang Oman,
>
>Hatur nuhun kana wartosna, janten sim kuring anu teu tiasa ngaluuhan eta
>acara asa kabebenjokeun ku maos seratan Akang. Saleresna mah hoyong pisan
>ngiring masomoan mung dalah dikumaha sim kuring kedah mios deui minggon
>kamari ping 21 April 2004. Enjing sim kuring bade wangsul deui ka Bandung,
>salami sapuluh dinten, cing bilih aya kakaren tina eta acara sim kuring
>nyuhunkeun diwartosan.
>
>Belecet.......
>
>
>At 02:23 AM 4/29/2004 -0700, you wrote:
>
>
> >"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung
> >jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"
> >
> >5. Lelang Kawih Mang Koko
> >
> >
> >Indung
> >
> >
> >
> >1.
> >
> >Duh Indung, ngaraksa ngajaring anak
> >
> >Najan rungsing matak pusing
> >
> >Heunteu weleh deudeuh mikanyaah, asih
> >
> >Dimongmong jeung dititimang
> >
> >
> >
> >Duh Indung, ngaping ngadama-dama anak
> >
> >Ngamumule buah hate
> >
> >Ngajungjung tur ngugung-ngugung
> >
> >Anak dijieun puputon
> >
> >
> >
> >Alok:
> >
> > Duh, Indung, Duh Indung
> >
> > Timang titi ngamongmong anak
> >
> > Duh, Indung, Duh Indung
> >
> > Teu kendat ngadudu'a
> >
> >
> >
> >2.
> >
> >Duh, Indung mun peuting ngajempling nyaring
> >
> >Mu beurang lewang hariwang
> >
> >Keukeuh heunteu jongjon ku puputon, gawe
> >
> >Ngahehegar ngalelenjar
> >
> >
> >
> >Duh, Indung peuting hariringan, nyaring
> >
> >Lain hariring birahi
> >
> >Ngeyong mepende puputon
> >
> >Sieun anak heunteu tibra
> >
> >
> >
> >Alok:
> >
> > Duh, Indung, peuting hariringan nyaring
> >
> > Lain hariring birahi
> >
> > Ngeyong mepende puputon
> >
> > Sieun anak heunteu tibra
> >
> >
> >
> >Cag.
> >
> >Baktos,
> >
> >
> >
> >manAR
> >
> >
> >
> >---------------------------------
> >Do you Yahoo!?
> >Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
> >
> >[Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> >
> >---------------------------
> >informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
> >
> >to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
> >peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
> >dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> >himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau
> >untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> >Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>---------------------------
>informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
>
>to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
>peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
>himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau
>untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>---------------------------------
>Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
>http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
>[EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
>
>---------------------------------
>Do you Yahoo!?
>Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>---------------------------
>informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
>
>to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
>peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
>himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau
>untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

