Kang Didin sareng Kang Kandar,
 
Kalintang sim kuring katajina ku jejer "kalender urang". Ti payun mah Kang Ilen anu sasari ngaguar jejer pakait sareng pananggalan teh (suryakala sareng candrakala).  Pamugi salira tiasa ngarengsekeun ieu guaran dugi ka tuntas.
 
Pakait soal kalender atawa pananggalan, aya hal anu kalan-kalan jadi patarosan, utamana dikaitkeun kana sajarah sareng hadist. Anu dimaksad teh nyaeta marios tanggal sareng dintenna ngeunaan kajadian dina sajarah Rosululloh saw. Kieu geura:
 
Numutkeun salah sawios hadits,  kajadian lahir, hijrah sareng wafatna Kangjeng Nabi Muhammad saw teh dina dinten, tanggal, sareng bulan anu sami, nyaeta dinten Senen, tanggal 12 bulan Maulud (Raobi'ul Awal)..Patarosan sim kuring pakait hal eta :
 
1. Naha tiasa eta tanggal kajadian lahir, hijrah, sareng pupusna Kangjeng Nabi Muhammad saw diparios  ku pananggalan "kalender urang" ?
2. Upama tiasa, sakantenan bae sim kuring neda galih manah salira, mugi kersa mangetangkeun atanapi marios eta tilu kajadian di luhur ku sistem kalender salira?
 
Kalayan diniatan pikeun pangaweruh bae, mugia tiasa jembar manah dina midamelna oge dina mendakan hasilna, kumaha bae buktosna.Hatur nuhun kana bantosanna, pamugi Alloh maparian hidayah ka urang salawasna. Amin.
 
Hatur timpah salam.
 
Baktos anu laip,
manAR
 
 
 
 
 

"Ir. R. Didin Kustandi HMKK" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur :
Anu mulya, Kang Kandar sakulawargi

Mugia sing salamina aya dina panangtayungan Mantena.
Jisim kuring semuja ngahaturkeun sewu nuhun, laksa-keti
kabingahan nampi kasaean manah Kang Kandar. Pangbagea
kairing pangdeudeulna katampi pisan. Mugi-mugi kengeng
wawales anu langkung sae ti batan kasaean Kang Kandar.
Nyanggakeun ka Anu Maha Ngersakeun.

===========================================================================================
Netkuis Instan untuk wilayah Bandung (kode area 022) - SD,SMP,SMA berhadiah total puluhan juta rupiah... periode I dimulai 1 April 2004
===========================================================================================


---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke