Haturan baraya sadaya..., daramang...??? Ieu sim abdi nembe ngaos carpon di tabloid Galura karangan kang Ibing, mangga geura etang-etang tambah sare sore-sore jeung ulah baraeud bae' sangkan teu haseum...hehehe.
Cag...ah, wilujeng mangga wilujeng ngaos...!!! BM'69 Bentang Pilem Kajajaden ku Ibing Kusmayatna "PUNTEN we Yi Ibing, ngaganggu yeuh, Akang nepangan wengi-wengi kieu," cek Ki Semah, ngamimitian nyarita sanggeus diuk pahareup- hareup dina korsi. "Sumuhun, teu sawios...tos biasa abdi mah," cekeng nembalan, maksakeun maneh. Dina jero hate mah keuheul. Keur tibra sare atuda, basa bieu manehna ngetrokan panto bari pupuntenan teh. Mun seug teu sieun bisi aya perlu penting mah, moal dibuka tadina mah panto teh. "Kieu Yi Ibing...," cek manehna deui. Salse naker nyaritana teh. "Akang ngahaja nepangan Ayi teh. Maksadna mah....e...etaeun Yi, Akang teh hoyong diskusi sareng Ayi, ngeunaan masalah perfileman Nasional...." Nyel teh keuheul. Haramjadol! Semah lieur sugan ieu mah, tengah peuting ngagedor-gedor panto, sugan teh rek aya perlu naon. Teu pupuguh, jol we ngajak diskusi. Masih mun geus wawuh onaman, da ieu mah papanggih ge karek ayeuna. "Dupi...Akang teh...eu....ti mana?" Dina hate keuheul ge, pok maksakeun maneh sopan. "Ti Ciamis, Yi...!" gancang naker nembalanana teh,"Upami dipercanten mah Akang teh sami we sareng Ayi, bentang pilem...." "Oh..., sumuhun...." Tarang kerung teu karasa ngadenge manehna bentang pilem mah. "Yi Ibing ge panginten kantos ngadangu jenengan Akang. Abdul Hamid tea Akang teh. Abdul Hamid Saputra!" "Abdul Hamid Saputra?" "Sumuhun...., moal aya nu bireuk di kalangan artis mah." Leng, sirah jadi ngahuleung. Mikir. Abdul Hamid Saputra! Asa kakara ngadenge bentang pilem nu ngarana kitu mah. Aya oge bentang pilem mah da Hamied Arif. Panon maling-maling neuteup. Beungeutna beresih. Kumis kandel potongan kumis Bambang Irawan. Buukna rapih, disisir katukang beulah tengah. Make kaca panon Roden Stock bodas. Ditempo dangdananana, kasebut rapih cacakan geus peuting kieu ge. Kameja kotak-kotak tangan panjang nyetel jeung calana wool coklat kolot. Ditaksir umurna, moal jauh ti opat puluh taunan. Saliwatan mah kawas-kawas jelema terpelajar Ki Semah teh. Ngan eta cenah bentang pilem, moal kitu bentang pilem angkatan heubeul nu geus pangsiun tina maen pilem mah? Ah, paduli teuing rek bentang pilem rek bentang tujuh ge. Nu puguh mah pikasebeleun! Piraku aya bentang pilem belegug, teu nyaho kasopanan, tengah peuting kieu ngajak diskusi. "Ceuk Akang mah pilem nasional teh keur mundur Yi!". Eta Si Bedul!. Jol der we muka cara diskusi. Teu ngarasakeun batur embung ngobrol teh. Bentang pilem burung sugan ieu mah. "Sumuhun...." Kapaksa ngaheueuhkeun hoream-hoream ge. Ngan orokaya, ditembalan teh asa dihaminan, da buktina terus ngocoblak, "Bentang-bentang pilem di urang mah, masih karaku keneh. Komo bentang-bentang pilem entragan ayeuna mah, katara teu marampuna teh...." "Upami Lenny Marlina, Kang?" cekeng panasaran. Ngahaja nanya kitu teh hayang nyaho, ieu jelema bener atawa lain. "Wah, bentang hejo keneh atuh Lenny Markonah mah...." Meh we ngabarakatak keuheul-keuheul ge. Teu kuat hayang seuri. Eta mani Lenny Markonah pisan, jeung daria nyebut kituna teh. Tetela jelema kurang saeundan ieu mah. "Bentang-bentang pilem nu hade mah ngan sababaraha urang...," manehna neruskeun. Reg, eureun heula. Ngahuleng sakeudeung kawas mikir. Teu lila pok deui, "Nu kaasup hade mah iwal ti.....Ecin....., Suhaemi....., Euis Atikah we. Atuh bentang pamegetna....Endang Tju, Oteng, Asikin, Suadma, sareng Kopral Adang." "Sumuhun...., sumuhun...," sirah unggeuk-unggeukan jiga nu heueuh. Les we pitunduhun teh leungit. Kagok asong, hayang nyaho rek dilayanan. Jeun teuing, itung-itung hiburan tengah malem we ieu mah. Kuya batok, aya-aya wae ieu mah! "Akang mah resep ku Lenny Markonah teh, basa maen dina pilem Srigala Item." "Sumuhun....leres....", sirah unggeuk-unggeukan deui. Srigala Item.....Srigala Item.... bebengok maneh! Sia Srigala Item mah, ngaganggu nu keur hees. "Dupi Yi Ibing....maen teh dina pilem Si Kabayan, sanes ?" "Sumuhun...." Bedul teh. Nyahoeun geuning Si Kuya teh. "Nyarioskeun naon tateh pilem teh, Yi...?" "Oh...e....etaeun....nyarioskeun riwayat kaisar Nero Kang!" "Oh.......sumuhun yaktos....maen teh sareng Si Kusno Jarwadi, nya Yi?" Emh, Si Kuya, ngeunah we eta nyebut Si Kusno. Kawas nu geus wawuh deukeut we. "Sumuhun...." "Muji Akang mah ka Si Kusno! Eta ku teu gugup payuneun kamera teh, nya Yi?" "Sayaktosna Kang. Muji abdi ge. Da atuh anjeunna mah upami ekting payuneun kamera teh, tara asa-asa. Eta we da ku anjeunna mah kamera teh tara diantep, tapi sok teras dihakan, Kang...." cekeng bari seuri. "Sumuhun..., percanten...percanten...,Yi...", sirahna unggeuk- unggeukan. Teu ieuh aya riuk-riuk hayang seuri atawa ambek dikitukeun teh. "Dina widang pilem mah, Kusno teh kantos kenging piala, nya Yi? E....piala....piala naon teh disebatna, Yi...?" manehna nanya deui. Loba kanyahona mah Si Bedul teh. "Oooh, sumuhun....piala.....Citrayuda panginten....." Emh, hampura juragan-juragan pilem, piala Citra dijieun Citrayuda yeuh. "Tah, eta. Dupi Ayi Ibing ?" "Abdi mah dibabarkeun teh di Tokyo, Kang..." Kagok milu ngaco. Mangga urang lajengkeun diskusi ngacapruk teh Kang Aden. "Taaah abdi mah Kang....waktos harita W.D.Mochtar nuju nikah ka Yati Octavia, harita teh Slamet Raharjo maen dina pilem Si Buta dari Cicendo sareng Badarsono. Mung kumargi kagok ku Muhamad Ali, nya Rachmat Hidayat jagnji sareng Eddy Silitonga bade arisan. Atuh der para artis teh domino di bumi Benyamin. Mung hanjakal teu disensor margi Panji Anom sareng Panji Tengkorak nuju shooting di bumina Ken Arok, kumargi Sup Yusuf babar....." "Ooo.......h, sumuhun....." cek manehna saregep naker. Sorangan mah nyerengeh teu kuat ku seuri. Jep jempe sakeudeung. Manehna nyelang heula menerkeun kacamatana. Teu lila pok nyarita; "Akang mah cita-cita ti keur budak jadi bentang pilem teh...." "Sumuhun...." "Anu mawi basa tos lulus SMA teh, teu diteraskeun sakola teh. Langsung we terjun...." "Kana pilem, Kang ?" "Sanes, jadi tukang kayu!" "Oh.....sumuhun....," cekeng bari seuri. Eta ku jauh pisan, hayang jadi bentang pilem gelus jadi tukang kayu. "Sugan we kalaksanakeun, nya Yi....Saha nu terang sanes?" "Leres, Kang! Janten tukang kayu mah cocok sareng jiwa artis. Saha nu terang kapayun mah tiasa ngaragaji...." "Sumuhun....mugi-mugi we, Yi...." manehna ngarenghap bangun gede harepan. Emh, na ari sia....bet sok ras ka....nyeh biwir seuri. Teuing ku naon atuh bet ras inget ka Si Kusman. Sobat medok tukang heureuy. Manehna ge kudu ngasaan kasemahan ku bentang pilem, Kusman! cek na jero hate. Enya, dioperkeun ka Si Kusman yeuh semah teh. Eladala.....Yayi Kusmaaaan ulah sambat kaniaya. Antosan Yayi.....moal lami deui ka bumi sia bakal sumping tamu agung, Prabu Abdul Hamid Saputra....! "Sanes kitu, Kang...." cekeng jiga heueuh daria, "Tadi siang abdi teh pendak sareng Sophan Sophiaan di Cicadas...." "Sumuhun......sumuhun.....ari kitu?"ceuk manehna saregep naker. "Nyaeta anjeuna teh naroskeun Akang. Dipilarian ti kamari saurna teh. Bade diajakan maen pilem". "Alhamdulilllaaaa.....h" ceuk manehna mani ngalenggak, "Pilem naon saurna teh, Yi....?" "Saurna mah pilem Cintaku di Kampus Oranye". "Sumuhun....sumuhun....bade ditepangan ayeuna we ah! Bilih kabujeng angkat ka Soreang. Sok elodan da si eta mah......Di mana bumina teh, Yi ?" "Di Jalan Dalem Kaum, Kang!" Dipengkereun Hotel Homann pisan..." "Sumuhun.....sumuhun.... permios atuh Yi....", manehna cengkat tina korsi. Song ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. "Mangga...... Kang.....," cekeng bari nurutan cengkat. Sasalaman, terus nganteurkeun manehna nepi ka lawang panto. "Permios Yi....," manehna amitan deui. "Mangga Kang...." Panon mencrong, nempo manehna kaluar ti pakarangan. Leumpang ngagidig dilegleg poekna peuting. Mun enya teh terus bener ka imah Si Kusman, kacipta Si Kusman riweuheunnana. Lebok siah Kusman....! biwir ngagerendeng. Brug nutupkeun panto. Ceklek, dikonci. Geus kitu mah bus deui we kamar, rek neruskeun hanca nu kapegat....hees!*** (Tina :Kumpulan Carita Humor "CAKAKAK" no 05 Februari 1988" Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

