Para wargi sadaya,
 
Kahaturkeun ieu terasna seratan dina  "Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004". Sambungan tina 5 seri samemehna anu parantos diposting. Hapunten ka anu kaabotan boh bilih ieu posting teh panjang teuing. 
 
6. Riwayat Ringkes Mang Koko

Pikeun langkung mikawanoh ka Mang Koko, sakuduna urang terang riwayat Mang Koko, sakurang-kurangna sacara ringkes. Geura urang nyutat kumaha riwayat Mang Koko sareng jasana dina kasenian Sunda tina kaca tukang jilid buku �Cangkurileung�.

- Katurunan, atikan, sareng padamelanna

 

Nami lengkepna: HAJI KOKO KOSWARA, nenehna MANG KOKO, lahir di Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917.  Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Kang Tatang Benyamin Koswara (pupuhu YC) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kondang sareng kungsi maen sinetron �Inohong di Bojongrangkong�).  Atikan anjeunna ngawitan di HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta�at sareng patuh kana agamana (Islam).

 

Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan revolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Bale Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka mulangna ka rahmatulloh dina ping 4 Oktober 1985.

 

- Bakat seni sareng karya-karyana

 

Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli kawawitan Sunda anu parantos moyan, oge neuleuman hasil karya widang karawitan  ti Rd. Mahyar Anggakusumadinata (musicoloog).

 

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian. Diantarana: Jenaka Sunda �Kaca Indihiang� (1946), �Taman Murangkalih� (1948), �Taman Cangkurileung� (1950), �Taman Setiaputra� (1950), �Kliningan Ganda Mekar� (1950), �Gamelan Mundinglaya� (1951), jeung �Taman Bincarung� (1958).

 

Oge anjeuna anu ngadegkeun sareng katua umum (kahiji) Yayasan Cangkurileung puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola di sakuliah Jawa Barat. Oge anu ngadegkeun sareng pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara �Akademi Seni Karawitan Indonesia� (ASKI), Bandung (1971). Kungsi oge anjeunna medalkeun majalah kasenian �Swara Cangkurileung� (1970-1983).

 

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: �Resep Mamaos� (Ganaco, 1948), �Cangkurileung� (3 jilid/MB, 1952), �Ganda Mekar� (Tarate, 1970), �Bincarung� (Tarate, 1970), Pangajaran Kacapi� (Balebat, 1973), �Seni Swara Sunda/Pupuh 17� (Mitra Buana, 1984), �Sekar Mayang� (Mitra Buana, 1984), �Layeutan Swara� (YCP, 1984), �Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan�; jrrd.

 

Karya-karyana sanes ukur dina widang kawih, tapi oge dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu, kacatet, upamana bae: �Gondang Pangwangunan�, �Bapa Satar�, �Aduh Asih�, �Samudra�, �Gondang Samagaha�, �Berekat Katitih Mahal�, �Sekar Catur�, �Sempal Guyon�, �Saha?�, �Ngatrok�, �Kareta Api�, �Istri Tampikan�, �Si Kabayan�, �Si Kabayan jeung Raja Jimbul�, �Aki-Nini Balangantrang�, �Pangeran Jayakarta�, �Nyai Dasimah�.

 

- Pangajen ka Mang Koko

 

Mang Koko ginuluran seueur pangajen, boh anu asalna ti pamarentah, lembga atawa organisasi massa (LSM). Upamana bae: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajen pang luhurna ti pamarentah puseur/Departemen Pendidikan dan Kebudayaan dina kataggori �Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan�.

 

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, khusuna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku �pahlawan panglelemes jiwa�. Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa. 

 

Pahlawan, enya pahlawan dina widang naon bae, ti baheula, jaman perjuangan, ayeuna, jeung tepi ka iraha bae, baris salawasna dianti-anti ku sakumna masyarakat. Enya pahlawan anu ngabogaan tekad sakumaha eusi salah sahiji kawih Mang Koko ieu:

 

Karatagan Pahlawan

 

1.

Teu honcewang (teu ringrang)

Sumoreang (haringrang)

Tekadna Pahlawan bangsa (pahlawan)

Cadu mundur (takabur)

Pantang mulang (honcewang)

Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima

Iklas rido keur korban merdeka

 

2.

Sinatria danalaga

Bela bangsa jeung nagara

Dibarengan tekad suci

Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina

Asal nagri bangsa waluya

Kadar jembar raharja mukti wibawa

Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

 

Baktos,
manAR


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke