Para wargi sadaya,

Kahaturkeun ieu bagian ka-7 terasna seratan dina "Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004". Hapunten ka anu kaabotan
boh bilih ieu posting teh panjang teuing.

7. Mang Koko sakumaha Panutur Dua Sobat Dalitna

 

Boh pala putra Mang Koka, murid-muridna, oge sobat-sobatna, sadayana pada ngaku tur ngahaminan, yen aya dua jalmi anu bisa disebutkeun sobat dalitna atawa sobat sagulung-sagalangna Mang Koko dina kahirupan anjeunna salaku seniman kawih. Jalmi anu dua teh nyaeta Ibu Iloh Armilah (80 taun) sareng Raden Ading Affandi anu mashur ku namii singketan �R.A.F� (oge 80 taunan; pangarang : �Dongen Enteng Ti Pasantren�, �Nu Kaul Lagu Kaleon�, jrd; pangatur laku sintron seri Sunda nu mashur: �Inohong di Bojongrangkong�, oge �pengamat� maen bal). Kabeneran, aranjeunna oge harita sumping kana ieu acara panglawungan.

 

Ibu Ilo Armilah, anu nelah disarebut �Abu� ku sadaya anu uninga ka anjeunna, pon kitu deui ku Mang Koko alm (sakumaha pangangkeun Ibu Iloh ku anjeun), ti kawit taun 40-an keneh parantos wanoh sareng terus sosobatan sareng Mang Koko. Kitu deui R.A.F. dina sabudeureun taun 40-an oge ngawitan wanohna Mang Koko, anu saterusna, sakumaha Abu, sosobatan sareng ieu seniman mashur karawitan Sunda teh. Raketna sosobatan Abu sareng Mang Koko diaku ku R.A.F sakumaha didugikeun ku anjeunna dina acara sambutan jero �Lelang Kawih�. Pon kitu keneh, Abu, nyebatkeun di payuneun nu sarumping, yen sing saha bae anu hoyong terang langkung anteb ka Mang Koko sareng karya-karyana, sakuduna naros R.A.F.

 

Dina biantarana, Abu nyebatkeun yen anjeunna nyakseni sareng terang hampir kana sadaya kawih ciptaan Mang Koko. Sabab, satiap Mang Koko ngamimitian nulis wirahma, aya karerepet dina ngarengsekeun, atawa satutasna rengse nganggit hiji kawih, salawasna anjeunna nyarios ka Abu, boh ku cara nepangan langsung atawa ngalangkungan telepon. Pon kitu deui, Abu terang pisan saha-sahana murid Mang Koko sareng kumaha bakatna masing-masing. Sabab salawasna Mang Koko cumarios ka Abu ngeunaan murid-muridna. Numutkeun Abu, Mang Koko teh kalintang someahna, handap asor, ngamajukeun murid-muridna, nyaah ka kulawarga, sareng salawasna mulasara sosobatan. Tepi ka ayeuna oge Abu nganggap anak sorangan ka pala putera Mang Koko.

 

Kasaksian R.A.F heunteu pati beda sareng Abu. Anjeunna dina biantarana, diselang ku nyarioskeun panineungan salami sasarenganna sareng Mang Koko,  nyebatkeun sababaraha hal anu ngarupikeun kapinunjulan Mang Koko, lain bae dina hal nyiptakeun kawih, namung dina sisi sejen kahirupanna. Urang ringkeskeun bae opat hal anu harita kacatet, kumaha Mang Koko numutkeun R.A.F, anu bisa jadi hal-hal sarupa kitu teh moal kapanggih dina guaran-guaran buku atawa wangkongan ngeunaan Mang Koko ti nu sejenna. Anu opat teh nyaeta: kaleuwihan pangaweruh agamana, karancageanna gawe bareng, tuladanna dina hal atikan, jeung sisi sejen kahirupanna. Sadayana anu opat ieu pakait sareng bakat utamana dina hal seni kawih

 

Dina hal agama anu dilarapkeun kana seni atawa sabalikna, kacatet dua katiasa Mang Koko anu, numutkeun R.A.F, ngarupakeun kapinunjulan anjeunna dibanding seniman sejenna, nyaeta pangaweruh elmu tajwid (elmu cara maca Al-Qur�an) sareng kaparigelan ngahaleuangkeun adzan. R.A.F nyontoan ku proses kalahiran kawih �Hamdan� (rumpaka ku R.A.F)  pikeun nunjukkeun aparigelan Mang Koko dina hal tajwid.

 

Dina kawih �Hamdan� aya kecap anu sacara tajwid kurang merenah, nyaeta �...hamdan lirrobil �alamin�, anu kuduna dibaca kalawan �idgham�: ��hamdall lirobbil �alamin�. Tapi, upama dibaca �idgham�, eta kalimah moal nyurup kana wirahma kawihna. Tah, ku seukeutna Mang Koko kana tajwid, sareng satutasna dibadamikeun sareng sim kuring, saur R.A.F,  Mang Koko ngusulkeun sangkan dina lebah ���hamdan lirrobbil �alamin� the, kecap �hamdan� dibaca kalawan �saktah� (dina elmu tajwid, �saktah� maksudna eureun sakeudeung bari heunteu narik nafas). Ku cara kitu, kacumponan aturan tajwid dina kawih �Hamdan� bari kawihna sorangan tetep nyumponan wirahmana sakumaha mindeng kapiresep ku urang haleung eta kawih ti RRI.

 

Ngeunaan katiasa adzan Mang Koko, R.A.F dugi ka nyebatkeun kieu:�Di Masjid jalan Cipaganti, wewengkon antara jalan sederhana, tempat sim kuring kungsi nganjrek, jeung jalan jurang tempat linggihna Mang Koko, soanten adzan Mang Koko teh tiasa disabandingkeun sareng soanten adzan Bilal di Madinah�. Numutkeun R.A.F, seueur masyarakat di wewengkon masjid Cipaganti anu kahudangkeun waktu shubuh, bari terus muru ka masjid, ku alatan adzan Mang Koko. �Enya atuda, sigana ku Mang Koko mah adzan teh bisa dihaleuangkeun dina rupa-rupa laras, saperti sorog, pelog atawa madenda�, kitu kasauran R.A.F dina pamungkas cariosanna ngeunaan endahna sora adzan Mang Koko. 

 

Ngeunaan karancagean gawe bareng, R.A.F nyarioskeun proses kalahiran hiji kawih, upama teu salah ingetan mah kawih �Di Bandung Bulan keur Mayung�. Kieu cariosan R.A.F ngeunaan diciptakeunna eta kawih: �Harita, Mang Koko diwartosan ku salahsaurang sobatna, yen aya rumpaka (puisi) anyar anu endah (numutkeun nu ngawartosan ka Mang Koko) karya R.A.F. Atuh teu lami, torojol Mang Koko ka rorompok sim kuring bari naroskeun rumpaka nu dimaksud; dua minggu ti harita parantos tiasa didangukeun kumaha galindengna kawih �Di Bandung Bulan keur Mayung� kalawan wirahma anu nyurup sareng rumpakana�.

 

Ngeunaan dunya atikan (pendidikan), R.A.F nandeskeun yen �kontribusi�  Mang Koko kana dunya atikan ngarupakeun hal anu pang pentingna pikeun dituladanan atawa dipiconto ti Mang Koko. Tegesna,  Mang Koko teh hiji seniman anu pohara neundeun perhatian kana soal regenerasi. Nya ku ayana regenerasi ieu, urang ayeuna tiasa miresepkeun haleuangna atawa karya-karyana Tati Saleh, Nano S., Ida Widawati, jrrd murid-murid anjeunna. Pon kitu keneh, ku ayana usaha regenerasi ti Mang Koko, urang ayeuna tiasa ngayakeun panglawungan Yayasan Cangkurileung. Regenerasi oge hiji hal utama anu bisa jadi  pananggeuhan seniman dina mangsa pamarentah kurang perhatian kana soal seni. �Hal regenerasi ieu anu sakuduna-upami urang mikareueus Mang Koko, diteruskeun ku urang�, kitu kirang langkung kasauran R.A.F dina mieling ngeunaan sumbangan Mang Koko kana dunya atikan di Tatar Sunda.

 

Sisi kahirupan sanesna anu matak helok, anu didugikeun ku R.A.F harita, nyaeta soal kaparigelan (B.Ingg: �skill�) dina hal ngetik. Ngeunaan hal eta  R.A.F dugi ka nyebatkeun kieu: �Mang Koko, sim kuring yakin, ngarupakeun salah saurang juara atawa moal boa juarana pisan di sadunya dina hal gancangna ngetik�. �Upama sim kuring, anu ceuk batur mah kawilang gancang dina ngetik, ukur mampu samenit 150 hurup, Mang Koko mah mampu ngetik 300 hurup jero samenit�, R.A.F neruskeun kateranganna ngeunaan kaparigelan ngetik Mang Koko. Tina hal ieu kabuktian, yen Mang Koko dina migawe satiap padamelanna (diantarana kungsi janten wartawan) salawasna rancage.  

 

Hamdan

Hamdan birobbil alamin

Allahu rohman warrohim

Qod koruba fathul mubin

Innahu huwas samiul � alim

Puji kagungan Pangeran

Nu Maha Welas tur Heman

Gusti mangka buka pura bagja

Allohu ya Robbi, manten-Na Maha Uninga

 

Alok:

            Solawat solawatan

            Barokat, barokatan

            �Ala Muhammad Rosulih

            Wa �ala alih wasohbih

 

Salam sinareng solawat

Muga netes ka Muhammad

Natrat ka para karabat

Para ahli jeung sohabat

 

Baktos,

manAR

 

Catetan:

Rumpaka ieu sumbangan ti Kang Yaya tina chatting, jalaran nu nulis sorangan heunteu apal salengkepna jeung waktu nulis ieu bahan posting eta rumpaka heunteu nyampak dina bahan-bahan tulisan anu aya.  


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke