saleresna, mun noong sajarah, geus ti beh ditu mula, Tatar Sunda ngan kungsi 
sakeudeung ngahiji jadi karajaan Sunda Pakuan Pajajaran-nga ku dalapan/salapan raja. 
kitu oge alatan turunan Galuh jeung Pakuan rarabi. Beh dituna mah, kitu, masing2. Eta 
kitu oge, lain harti di wewengkon sejen (masih keneh di TS) teu aya karajaana atawa 
jadi bawahan karajaan sejen, tapi masing2 merdeka, dina kungsi gabung, masing2 sifatna 
federal. hartina urusan masing2 di urus ku masing2, teu ku pusat.

keur jaman Galuh, aya karajaan di Kuningan (he love namina, bukuna nu kenging Yoseph 
Iskandar, teu dibantun). beh dituna di Cirebon oge geus aya. oge di Banten, jeung 
sajabana. tapi masing2 masih keneh boga pancakaki jeung karajaan sejenna. Tarumanagara 
teh dina runtagna, teu leungit, tapi jadi sababaraha karajaan, nu masih sakaturunan.

Mun enya Bogor Depok Bekasi jadi provinsi, nya ngudag sajarah eta. Pakuan Pajajaran! 

Nu jelas, mun enya kitu, ngaran Jawa Barat teh kudu asli diganti. jadi Galuh we atuh 
ari arek marulang ka baheula mah. Galuh jeung Pakuan harita, batesna Citarum. ka wetan 
Galuh, ka kulon Pakuan. mun ngan ukur Bogor Depok Bekasi, Galuh jadi untung boga 
Sukabumi jeung Cianjur. hehe

mun arembung make ngaran Galuh (sabab arapal Galuh teh Ciamis ayeuna), nya Priangan we 
atuh, ngan para istri ulah sirik, aya Pria-na. lembur jalu! hehe.

eta sadaya ceuk cenah deui...

Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke