Nyambung MJ sapulukaneun,
Pajajaran, ceuk sakaol, asal kecapna teh tina "Pada Sajajaran". Dua karajaan gede turunan ti Tarumanagara harita, nyaeta Sunda (Sembawa) anu iboktana di Pakuan tea (bogor ayeuna) jeung Galuh (Ciamis ayeuna) kum karajaan dihandapna sewang-sewangan, dihijikeun kalawan "status" anu sajajar. Nya naon deui, sok sanajan dina wangun karajaan, kawijakan ti luluhur ieu teh ari lain bibit buit federasi mah.
Jeung deui, sanajan disebut karajaan, di Tatar Sunda harita, modelna teh lain karajaan anu nyekel kakawasaan absolut. Tapi, raja leuwih mirupakeun simbol "pemersatu". Aya malah mantan wartawan anu ngaragukeun kana bener-bener ayana anu disebut "konsep" karajaan di urang sakumaha di Eropa atawa Jepang baheula. Sabab, cenah ceuk manehna, lamun enya teh karajaan-karajaan harita di Nusantara "konsep"-na siga di Eropa, naha kamekaranna ayeuna di urang beda pohara jeung di Eropa? Enya maksud manehna teh, ku naon ari model di Eropa atawa Jepang, karajaan-karajaan teh ayeuna jadi nagara-nagara anu demokrtais kalawan indikatorna kamakmuran anu leuwih ti urang? Tapi keun bae, soal anu akhir disebut bieu mah masih "debatable"-lah.
Bogor, Depok, Bekasi jadi Provinsi? walah, naon nya udaganna? ari ukur hayang misahkeun maneh mah ti Jawa Barat, bari heunteu ngudag udagan ngawalatrakeun kalohjinawian rahayat jeung lingkunganna, nya kana moal jauh baris malikan deui sajarah papasean (antara karajaan-karajaan leutik baheula atawa antara provinsi ayeuna) engkena teh. Enya benerMJ, kunaon atuh kawani teh sakalian bae ngusulkeun konsep nagara federasi tea.
Sakapeung sok aya pipikiran nalaktak, sugan kudu jadi karajaan deui Nusantara teh, khususna Tatar Sunda, tapi dina wanda karajaan model Jepang ayeuna. Enya, raja anu beunghar enggeus teu perlu naon-naon deui, teu perlu ku harta jeung tanaga rakyat; raja/karajaan alias ukur jadi simbol miara tintinggal tradisi.
Mending oge, Jawa Barat jeung Banten ngahiji deui, make ngaran Tatar Sunda. Provinsi Tatar Sunda, "keren"-lah. Tuluy bae para pangagung di luhur teh padungdeng unggal waktu, teu nanaon bari totonjok kana meja oge, asal anu dipadudengkeunna soal kumaha carana sangkan SILAS teh jadi roh kahirupan masyarakat, nurunkeun hukum anu adil, kahirupan rakyat nyoko kana pangwangunan prestasi ("Napakeun Diri"), ngudag "kerta bumi lamba" (kesejahteraan sosial yang adil merata), jeung mulasara "kabuyutan".
Baktos,
manAR
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
saleresna, mun noong sajarah, geus ti beh ditu mula, Tatar Sunda ngan kungsi sakeudeung ngahiji jadi karajaan Sunda Pakuan Pajajaran-nga ku dalapan/salapan raja. kitu oge alatan turunan Galuh jeung Pakuan rarabi. Beh dituna mah, kitu, masing2. Eta kitu oge, lain harti di wewengkon sejen (masih keneh di TS) teu aya karajaana atawa jadi bawahan karajaan sejen, tapi masing2 merdeka, dina kungsi gabung, masing2 sifatna federal. hartina urusan masing2 di urus ku masing2, teu ku pusat.
Mun enya Bogor Depok Bekasi jadi provinsi, nya ngudag sajarah eta. Pakuan Pajajaran!
mun arembung make ngaran Galuh (sabab arapal Galuh teh Ciamis ayeuna), nya Priangan we atuh, ngan para istri ulah sirik, aya Pria-na. lembur jalu! hehe.
eta sadaya ceuk cenah deui...
Mj
http://geocities.com/mangjamal
---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com
to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

