"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"

 

 

1. Panganteur

 

Sakumaha kungsi diiberkeun ti heula, acara Mang Kokoan kaping 24 April 2004 nyaeta �Tepung Alumni jeung Simpatisan Taman Cangkurileung�, Alhamdulillah jadi oge lumangsung dina waktuna. Tempat acara the di padepokan patamanana Saung Angklung Ujo, di wewengkon Cicaheum, Bandung. Mokaha, salian ti rame, acara the matak tibelat jeung baluas panineungan ka magsa-mangsa ka tukang. Karamean suasana acara katambah-tambah ku acara pangbagea ka tamu-tamu wawakil ti nagara-nagara anu aya dina beungkeutan �nagara-nagara non blok� anu ngahaja ka Bandung dina raraga mieling Konferensi Asia-Afrika (KAA). Acara anu akhir disebutkeun lumangsung di aula utama pedepokan Saung Angklung Ujo.

 

Anu sarumping kana ieu acara kalintang euyeubna. Teu sirikna ti unggal cabang Yayasan Cangkurileung (YC) daerah/kabupaten sarumping wakil-wakilna, kayaning ti Purwakarta, Karawang, Bogor, Sukabumi, Cianjur, Jakarta, Ciamis, Tasikmalaya, Sumedang, Garut jsb., sarumping. Pon kitu deui, inohong-inohong anu parantos moyan dina seni Sunda, utamana seni karawitan, haladir. Upamana bea,  RAF, Kang Nano S., Kang Ibing, Ceu Tati Saleh, Kang Eka Gandara, Kang Sonjaya, Kang Dedy Windyagiri, jsb. Atuh teu kakantun anu ngokolakeun Yayasan YC, simpatisan oge palaputra Mang Koko. Ngan Kang Wahyu Wibisana asana anu heunteu katangen sumping the.

 

Acara the ngawitan ti tabuh 10 enjing-enjing dugi ka tabuh 4 sonten. Acara sagemblengna sacara ringkes: Bubuka ku Kang Tatan Benyamin Koswara salaku pupuhu Yayasan Cangkurileung (YK), diteraskeun ku kakawihan sumbangan ti para alumin, teras sambutan ti Abu (Ibu Iloh Armilah, isteri, 80 tahunan, sobat sagulung-sagalang Mang Koko), teras oga katineung ti murid-murid Mang Koko anu diwakilan ku Kang Nano S, diteraskeun istirahat sareng tuang siang balakecrakan sangu timbel khas Sunda, biantara utama ti Kang Benyamin diselang ku kawih rampak sekar ti pala putra Mang Koko sareng simpatisan sanesna. Panutup acara  lelang lagu anu di MC-an ku Kang Ibing, tempatna di aula utama Saung Angklung Mang Ujo anu samemehna dianggo acara ngareuah-reuah tamu kagiatan mieling KAA tea.

 

Kalaksanakeuna acara patepun lawung para seniman kawih jeung simpatisana dina mangsa kaayaan ekonomi jeung politik urang heunteu pati bengras wuwuh jadi panglipur kana ati. Uluk salam, katineung jeung suasana hate anu raket padeukeut ti antara anu haladir siga anu ngawujudkeun eusi salah sahiji kawih Mang Koko: �Salam Manis�:

 

Salam Manis

 

Ieu Salam manis

Manis salam kuring

Nya ieu pisan nu salawasna nyanding

Nyaring����..ngahariring

 

Ieu salam manis

Manis salam kuring

Nya ieu pisan nu salilana nganteng

Anteng����..kapitineung

 

Datangkeun kuring deukeutkeun

Deukeutkeun kuring raketkeun

Duh, jungjunan

Datangkeun kuring deukeuatkeun

Deukeutkeun kuring raketkeun

 

Cag.

 

Baktos,

manAR


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke