"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"

 

2. Panineungan mangsa ka tukang

 

Matak ti belat acara teh. Keur kuring bae anu mimiti miresep kawih-kawih Mang Koko mangsa keur SD (awal tahun 70-an) sakitu malikeun panineungan, sok komo deui pikeun pala putrana,  sobat sagulung-sagalangna anu terang pisan proses kalahiran hiji-hijina kawih Mang Koko, murid-muridna, oge para alumni Taman Cangkurileung jeung Taman Ganda Mekar anu sasatna harita mah heunteu lepas tina kawih-kawih Mang Koko. Heunteu kaget upami harita katangen ku urang nu haladir the seueur anu ngalimba nalika ngupingkeun kawih-kawih Mang Koko.

 

Kumaha heunteu matak tibelat, kawih-kawih anu sakitu geus mashurna di kalangan masyarakat Tatar Sunda anu micinta kawih harita, ayeuna digalindengkeun deui kalawan dijejeran ku panganteur mangrupa panineungan sakumaha kaalaman ku masing-masing anu ngahaleuangkeun eta kawih. Upamana bae, Kang Sonjaya anu minangka murid Mang Koko, teu weleh maparinan panineungan sateuacan anjeunna ngahaleuang. Kitu deui Kang Dedy ngadugikeun kumaha proses lahirna hiji kawih Mang Koko anu rumpakana diciptakeun ku anjeuna. Oge nu sanes-sanesna.

 

Enyaan acara the matak tibelat, matak kabengbat. Teu rek kitu kumaha, upama kawih-kawih anu sakitu dipikawanoh dina mangsana, harita dihaleuangkeun deui, sanes ku sasaha, tapi nya ku nu nyiptakeun rumpakana, ku murid kameumeutna, ku simpatisan leketna, sareng ku wakil-wakil ti pakumpulan-pakumpulan anu micinta kawih Mang Koko.  Kawih-kawih saperti: �Sariak Layung di Gunung�, �Salam Manis�, �Bungur Jalan Ka Cianjur�,   �Di Bandung Bulan keur Mayung�,  �Angin Priangan�, �Malati ti Gunung Guntur�, �Hamdan�,  �Bulan the Langlayangan Peuting�, �Imut Malati�, �Reumis Beureum dina Eurih�, jsb.,  harita ngagalideng patutur-tutur  paselang jeung ucap panineung ti pala putra, murid, sobat sareng simpatisan Mang Koko. 

 

Kawih-kawih anu dihaleuangkeun kamari bener-bener ngingetkeun ka mangsa-mangsa ka tukang, mangsa kahirupan seni Sunda, khususna kawih, keur aya dina pucuk kamekaranana. Pating seredet hate harita, rus-ras kana kawih-kawih Mang Koko sejena anu harita ngahias sakuliah Tatar Sunda, boh ku jasana RRI atawa dunya atikan jeung pagelaran seni Sunda sejena

 

Moal boa, keur sabagea anu ngipuk kaasih, miara kembang harepan dina mangsa harita, acara panglawungan kamari the jadi hiji panineungan anu mokaha. Iber pasini patepung lawung ayeuna, bari ngumbar teuteup jauh ngawangwang, patepung deui jadi hiji ranggeuyan malati, tawis deudeuh anu maranti. Keur aranjeunna, oge boa keur urang ka hareup, dina mangsa umur geus laju ka kulon, kawih Mang Koko di handap ieu (rumpaka kenging Kang Dedy Wndyagiri) siga anu geus surti kana naon anu baris karandapan:

 

Sariak Layung di Gunung

 

Sariak layung di gunung

Iber pasini patepung lawung

Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung

     

      Harendong meuhpeuy harideung

      Jalan satapak rarambu leuweung

      Kumalangkan renghapna nu kapitineung, duh

 

Surya surup layung hibar

Ka tanjakan sawangan diumbar

Geus ngolebat ieuh samar-samar

Hariring asihna kapireng ngalalar

 

     Angin tiis di mumunggang

     Katitipan harewos kamelang

     Tawis deudeuh ieuh nu maranti

     Sungkeman ka heman, saranggeuy malati
Cag.
Baktos,

manAR


---------------------------------
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com. Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/IotolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke