"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"

 

3. Panineungan ti Kang Nano S.

 

Kang Nano, dina biantarana, ngadugikeun panineungan anjeuna, boh salaku muridna atanapi panerus Mang Koko dina widang seni karawitan Sunda. Aya hal anu ditandeskeun pisan ku Kang Nano, yen anu pang pentingna tina sajarah jeung �sepak-terjang�-na Mang Koko saleresna sanes jumlah kawih ciptaan anjeuna oge sanes eusining kawih-kawihna, jalaran dua-duana oge tiasa diciptakeun deui. Memang, kawih-kawih salaku karya Mang Koko the penting sabab parantos sakitu maparinan warna jeung ngabeungharkeun ka dunya seni Sunda. Namung, dina lebah eusina atawa pesen-pesen anu ditepikeun ku kawih, sok sanaos lolobana kaitung masih penting dina kahirupan ayeuna, tangtuna oge aya sababaraha anu heunteu sapagodos deui atawa, sakurang-kurangna, merlukeun sawangan deui dihadepkeun kana alam kaayeunaan.

 

Namung, anu kalintang pentingna dituladanan jeung diteruskeun, saur Kang Nano, teu aya sanes idek-liherna Mang Koko dina dunya atikan.  Upama heunteu aya jasa anjeuna dina mateakeun atikan pikeun ngalanggeungkeun seni, pon kitu keneh sabalikna, nya urang sigana moal tiasa patepung lawung siga ayeuna. Nya moal aya aweuhan kawih di sakuliah Tatar Sunda, nya moal aya kreasi-kreasi anyar dina dunya kawih. �Tah lebah dieu pisahn ajen ageungna Mang Koko the anu sakuduna ku urang dipiconto jeung diteruskeun�, saur Kang Nano nandeskeun.

 

Enya geura, teu rek kitu kumaha. Upama urang ngabandungan kumaha nagara-nagara maju samodel Jepang, neundeun perhatian anu sakitu gedena kana dunya atikan, khususna seni keur barudak, Mang Koko mah geus ti beh ditu mikiran hal eta. Upama Jepang tahun 80-an enggeus nyieun taman kasenian keur barudak, Mang Koko mah 30 tahun sateuacan Jepang parantos ngabidanan sareng ngokolakeun hal eta. Lahirna �Kaca Indihiang�, �Taman Cangkurileung�, �Taman Gandamekar�, jsb., ngarupikeun bukti kumaha ageungna perhatosan Mang Koko kana dunya atikan. Ku ayana eta �taman-taman�, ayeuna kabuktain, regenerasi panembang sareng kawih di Tatar Sunda heunteu katinggaleun  teuing, malah tetep langgeng. 

 

Patamanan jasa Mang Koko ieu anu sakedahna diteruskeun ku urang, sangkan budaya urang heunteu jadi �jati kasilih ku junti�.  Dunya atikan ngalangkungan seni kawih geus ditaratas ku Mang Koko ngalangkungan �Taman Cangkurileung�, �Taman Gandamekar�, jsb. Ayeuna kantun urang neruskeunana disaluyukeun jeung tuntutan kaayeunakeun, nggigelan jeung ngigelkeun jaman tea. Tina tepung lawung anggota sareng simpatisan taman cangkurileung urang diingetkeun pentingna regenerasi ngalangkungan dunya atikan sangkan budaya urang tetep nanjeur.  Kitu kirang langkung biantarana Kang Nano dina sela-sela panineungan anjeunna ka guruna anu kalintang dipikacintana.

 

Upama regenerasi dina widang atikan seni heunteu diperhatikeun, mangka naon anu karandapan ku Mang Koko anu diketrukeun kana salah sahiji kawihna baris karandapan (saenyana ayeuna asana enggeus karandapan) bari baris terus ngalegaan. Upama regenerasi ngaiwatan dunya atikan heunteu dipandang perlu ku sakabeh anu micinta seni, pasoalan naon deui iwal ti morosotna kahirupan ekonomi jeung moral �pelaku� seni, sakumaha iber dina kawih Mang Koko ieu:

 

 

Kasenian

 

1.

Kasenian miwanda kreasi anyar

Mindeng kamalinaan ku maceuh ramena pasar

 

Lagam India, senggol Malaya

Dicampur disusun dipirig gamelan Sunda

 

Sakapeung diibingan, sakapeung dijogedan

 

Kawih Sunda nyanding musik

Kawih musik ku gamelan

 

Pelog jeung Salendro

Nyirorot kurang pasaran

 

2.

Kasenia jalan kalemesan jiwa

Jalan tarahal nanjak,  pinuh goda rancana

                  

                   Nafsu birahi

                   Jeung leumpeuh yuni      

 

Mun hese dibendung, seni tanwade mateni

 

                   Miasih nu keur ngawih

                   Mieling nu keur ngibing

 

Lucu karya senina, disambung ku perkenalan

Medan seni musna, diganti ku peperlipan

 

3.

Kasenian bersifat non komersial

Bukanlah jual beli, tapi perhitungan adil

 

                   Ongkos latihan

                   Ongkos hiasan

                                                     

Ongkos ini ituh, jumlahna rada lumayan

    

                   Ditambah uang saku

                   Keur lipstik oge perlu

 

Ongkos keur administrasi, bayar komisi jeung catut

Reka total jendral, cukup keur meuli treuk butut

 

Cag.

Baktos,

manAR


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke