|
"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004" 4. Biantara ti Pupuhu Yayasan Cangkurileung Puseur Saba�da rehat, pasisiang, Kang Benyamin salaku pupuhu YC ngadugikeun biantara resmi minangka mataholangna acara. Eusi biantarana anu poko nya ngadugikeun panuhun ka sadaya tamu anu sarumping dina raraga tepung lawung alumni sareng simpatisan TC, oge ka sadayana kadang wargi anu parantos aktif dina ngadekeun sareng ngeusian kagiatan TC. Saterasna Kang Benyamin ngadugikeun gerak YC pikapayuneun anu dina danget ieu parantos disarengan ku Yayasan Panglawungan Kawih Mang Koko (YPKMK). Ka saha bae anu aya paniatan aktif dina ngamumule sareng nanjeurkeun kawih Sunda, boh Kawih Mang Koko atanapi kawih Sunda sanesna, boh dina widang ngawihna atanapi ngokolakeuna, dihaturanan aub di YPKMK. Ngeunaan posisi YPKMK dihadepkeun sareng YC baris dipadungdengkeun deui, Piwejang jeung ucap harepan ti Kang Benyamin dibarung ku kayakinan, yen sakuduna Urang Sunda mah sawawa. Sawawa pikeun miara Tanah Sunda sangkan Sunda Jaya. Heunteu kudu tepi ka tambuh laku alatan heunteu sapaham atawa benten cara bajoang. �Urang Sunda Sawawa�, �Tanah Sunda�, jeung �Sunda Jaya� oge ngarupakeun judul-judul kawih Mang Koko. Geura ieu, �Sunda Jaya�, ngagambarkeun kayakinan, paniatan, jeung cita-cita urang Sunda (rumpaka kenging Kang Wahyu Wibisana) alam harita: Sunda Jaya Bray siang alam Tatapakan pangapungan (pageuh) Alam dieu ngan nu kula (anu kula) Mataholang raga sukma (jaya wibawa raharja) Bray siang alam Tatapakan pangapungan (pageuh) Alam dieu ngan nu kula (anu kula) Mataholang raga sukma Surya medal kula datang Surya surup kula mulang (kula mulang) Datang ti dieu mulang ka dieu (kula Sunda ti Ki Sunda, kula Sunda keur Ki Sunda) Cag. Baktos, manAR
| |
|
|
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

