"Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004"
5. Lelang Kawih Mang Koko
Pamungkas acara the taya deui iwal ti lengkah neangan biaya. Biaya anu dikumpulkeun udagan jauhna pikeun kamajengan YC jeung YPKMK, atuh udagan deukeutna pikeun nanjeurkeun acara konser kawih Mang Koko kaping 5 Juni 2004 di hotel Horison, Bandung. Enya atuda sagala rupa oge perlu biaya, komo ieu kasenian anu salami ieu kurang pisan perhatian ti pamarentah. Neangan biaya the dibungkus dina bungkusan acara anu diluyukeun jeung eusi kaseniana, nyaeta lelang kawih.
Lelang kawih dipidangkeun ku Kang Ibing, seniman sagala bisa anu kawentar salaku tukang ngabojeg intelek di sakuliah Tatar Sunda. Lelang kawih dikawitan ku Kang Eka Gandara anu tos lami cenah heunteu ngawih. Sok sanajan Kang Eka the nyebatkeun geus kari runtahna cenah kabisa ngawih the, tapi geuning ana prak mah ngahaleuang, sakitu masih halimpu soanten anjeuna the (kasebut runtahna eta the). Atuh anu ngahargaan ku mangrupa materi (artos) ka anjeuna sareng kawih anu dihaleuangkeuna heunteu sakedik. Kang Ibing ngomentaran saba�da Kang Eka ngawih: �Nyaho teu rusiah awet halimpuna sora si Eka?�. Diwalonan ku anjeuna keneh:�Eta tuda maneh mah heunteu eureun beger, hehehe!�.
Saterasna, pating solongkrong seniman-seniman anu parantos maroyan nyandakeun kawih-kawih Mang Koko kalayan sateuacana dijajapkeun ku kaparigelan Kang Ibing, ngawuwuhan tur �nawarkeun� pangajen kawih ka sadaya anu sarumping dibarung ku teu weleh ngabodor. Enya atuda Kang Ibing mah, ceuk sorangan, karek ningali rarayna sareng adegana dina panggung oge geus pikaseurieun (nyeungseurikeun pedah ku lucu, lain ngahina). Teu wudu, geuning katingalna mah loba oge artos anu lebet kana kotak kenclengan anu ngahaja disadiakeun pikeun ngawadahan anu nalawar kawih.
Rupa-rupa cara �meuli� kawih dina acara lelang kawih. Aya anu ngaartosan sapada harita kontan kana hiji kawih anu bade dihaleuangkeun, aya bae anu ku cara masihan kartu nama kalawan diseratan ku jumlah artos anu disanggupan bade ditedunan upama ditagih. Malah Kang Nano sareng si akang ti pausahaan �The Jalu� (hapunten heunteu kacatet namina, ke sugan aya waktu kapayun bade posting khusus ngeunaan The Jalu) mah nya ngahaleuangkeun kawih sorangan, nya dibayar ku sorangan kalawan bayaran ngajuta.
Anu matak waas mah eta, waktu opat isteri putrana Mang Koko nyolongkrong kapayun, rampak sasarengan ngahaleuangkeun kawih �Indung� anu matak nyeredet kana hate. Kawih �Indung� karya Mang Koko the siga basajan, tapi eusina kalintang luhurna, nyarioskeun kanyaah satiap indung ka anakna anu teu aya wates wangena. Saur Abah Damas (Ir. Oman Abdurohim, tilas direktur DIM) anu kaleresan calik sagedengeun si kuring, baheula mah cenah keur mangsa mahasiswana, Acil Bimbo oge osok ngahaleuangkeun kawih �Indung�. Geura ieu rumpaka kawih Indung kasanggakeun:
Indung
1.
Duh Indung, ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weleh deudeuh mikanyaah, asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh Indung, ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijieun puputon
Alok:
Duh, Indung, Duh Indung
Timang titi ngamongmong anak
Duh, Indung, Duh Indung
Teu kendat ngadudu�a
2.
Duh, Indung mun peuting ngajempling nyaring
Mu beurang lewang hariwang
Keukeuh heunteu jongjon ku puputon, gawe
Ngahehegar ngalelenjar
Duh, Indung peuting hariringan, nyaring
Lain hariring birahi
Ngeyong mepende puputon
Sieun anak heunteu tibra
Alok:
Duh, Indung, peuting hariringan nyaring
Lain hariring birahi
Ngeyong mepende puputon
Sieun anak heunteu tibra
Cag.
Baktos,
manAR
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

