|
Manehna harita rek ka cai , barang Kring we Telepon
, atuh kapaksa manehanana nunda heula ka caina lantaran bisi penting nya terus
wae manehanana teh ngangkat telpon : Hallow .............. halloww
............. hallowww !!!
Nepi ka tilu kali manehanana ngahalowkeun teh
........... terus we .... nguuung ............... barang ku manehanana rek
ditutup , pek teh kadenge ku manehna aya hiji sora na telepon ............. tapi
kacirina jau jeung hararese ngomongna oge : Kang ...........
Hah ! saha ieu ?
"Abdi kang ................ Kang ......... jadi
abdi balik teh peuting ieu pisan .........
"Heueuh ............. keun , geus saminggu kapan
Ecin di Jakartana ; naha geuning peuting balikna ? ............. tapi teu aya
deui jawaban ti beulah ditu ........... tut tut tut cenah
.
"Ih pamajikan teh ngabejaan teh teu pararuguh pisan
." manehna ngagerendeng sorangan . Minggu kamari manehanana teh pan neang Ibuna
nu teu damang wales ; ayeuna kumaha nya teu damangna ibu mertua teh ? ayeuna
kakara jam 6 sore ; meureun engke jam dalapan kadieuna teh . Kitu gerentes hate
manehna .
Ba'da Isya kolotrak we panto pager siga aya nu muka
; manehanana noong tina jandela nyifikkeun saha sahana ; geuning si Jikan euy ,
bari gancang manehanan muru . Kaciri pamajikanan beuneutna sepa pisan , jeung
siga gareunteul . make baju terusan sarwa bodas .
"Kunaon Ecin teh , teu raraos badan ? Sok wae atuh
istirahat . Nya manehanan gancang nganteurkeun pamajikanan si na asup ka kamar ;
ari manehanan terus neruskeun hanca maca koran , keun we meureun engke bakal
disampeurkeun tah pamajikanan teh ; ayeuna mah keun we sina mondok heula . Kitu
pikiran manehanan bari terus mavca koran . Harita kira kira pukul 9 peuting .
Geus kitu manehanan ka cai rek bubuang heula . Nya saterusna nenag ka kamar ,
bari rek nanyakeun , naha pamajikan teu mawa naon naon , padahal kapan waktu
inditna aya dua koperna oge .
Barang asup ka kamar . manehanan heran , lantaran
pamajikanan euweuh di kamarna ..
Kamana deui ieu pamajikan teh ? Terus neang ka
loteng , bari nanyakeun barudak tiluan adi lanceuk beus baraleh kabehanan oge
.
"Eh Ejen , aya Mamah didieu ?"
"Mamah !? lah kapan masih di jakarta ? Naha iraha
mulihna ?"
"Lah kapan tadi satengah jam nu kaliwat Mamah teh
tos sumping ; kaman atuh nya ? keur gering kitu mah atuh ulah luas leos teu
puguh . Cek manehna kutuk gendeng di na hatena . a meureun ka tatangga sabeulah
, sabab hareudang .
Nya leos we nanyakeun ka tatanggana , atuh tatangga
teh mani olohok , naha iraha kitu garwa teh mulihna ?"
Euleuh kamana nya ? kumaha teu boga pikiran pisan
luas leos teu pararuguh , peuting peuting , karek ge datang , bari jeung gering
deuih ?
Nya akhirna mah ku panasaranan manehna ngadatangan
tatangga tatangga sabudeureun , bisi enya pamajikanana luas leos ka dinya . Tapi
lebeng teu aya nu terangeun , malah sawareh mah melong wae ka manehanan semu
heran jeung karunyaeun .
Nya akhirna bari heran , bari keuheuk , balik we
manehna ka imahna , meureun ayeuna mah geus aya sugan , piraku susumputan teu
pararuguh ; kena kena ka nu sono ?" kiytu pikiran manehna teh .
Neng .... neng .... 12X
Bedul ! Geuning geus jam 12 . terus manehanan nenag
ka kamar ........... euweuh ! Kamana atuh pamajikan aing teh ? keur
kitu KRIIIIINGNGNG , telepon disada ,
gancang wae manehna muru kaluar , terus ngangkat
telepon , ti beulah ditu kaciri sora lalaki :" Ieu Kang uned , cenah . Nyebut
ngaran manehna . "Muhun , ieu saha ?
"Eeee kapan Isak ."
Oooo Isak , mani geus lila nya urang tara panggih ?
Kumaha damang ?
"sae kang ..............
"Aya naon Sak ? ( Isak teh sdi beuteungna
nomer 4 )
"Eueu...... kieu Kang sing sabar
sing tawekal nya ........?
"Naon ? Aya naon atuh Sak ? naha Ibu tos tilar
dunya ?"
"Ooo sanes kang , da Ibu mah ayeuna siga rada
damang ."
"Naha naon atuh Sak ?"
"Eta Ceu ceu kacilakaan , beleyer dicandak ka RS
tadi jam 8 Pupus teu tiasa katulungan deui !"
"Saha Ceu Kiki ?"
"Ih ari akang , Ceu Ecin ........ kang
!"
"Haaaaaaaahhhhhhhhhhhhh
.............................
Keleprek wae manehanana ngagulupruk ; gedebruk
labuh les teu eling ; barudak ti loteng tuturubun , sabab ngadenge aya nu
ngaguluprak sakitu tarikna .
Nempo telepon ngagantung masih aya nu halow halowan
; terus wae diangkat .
Kang Juned , kunaon Kang ?"
"Apa mah geubis sareng ayeuna teu emut ; ieu saha
?"
"Oooo si Encep ... ieu Mang Isak ; kunaon eta apa
teh ?"
Reuwas panginten nya ?"
"Aya naon kitu Mang ? Apan Ibu teh tos maot
kacilakaan !"
Atuh goak wae budak yeh ceurik Telepon mah lur we
ditinggalkeun . Bapana oge diguyah guyah teu daek wae hudang . Tatangga tatangga
jul jol . Cek saurabng tatangga : Innalillahi !
Teu sangka kang Juned tos ngantunkeun
..................
Abbas Amien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [UrangSunda] Telepon: Mana Barthayuda na Abah? Abbas Amin
- Re: [UrangSunda] Telepon: Mana Barthayuda na Abah? Rukayadi Yaya

