Di dieu ayeuna sim kuring bade ngabahas Al Qur-an surat An Nisaa , ayat 3 . Ka palawargi USNet nu sami Mulya , upami bae aya ka teu cocokan sareng pangemut salira , mangga tiasa ngabantah atanapi kritik ka na ieu seratan . Tangtosna oge sanes sagawayah teu cocog , tangtos nganggo argumentasi anu kiat . Mangga urang sami sami ngaguar ieu ayat suci Al Qur-an , surah An Nisaa ayat 3 .
 
Ayat aslina : Wa in Khiftum allaa tuqsithuu filyataamaa
fankihuu maathaaba lakum minan nisaa-i matsna tsulatsa wa rubbaa'a fain khiftum allaa ta'diluu fawahidatan .
aumaa malakat aimaa nukum
dzaalika adnaa allaa ta'uuluu
 
Tarjamah bebas , tiasa dihartoskeun kieu : wa = demi atanapi jeung
 
demi lamun maneh sieun teu bisa ngalakukeun adil ka awewe nu geus baligh diantara nu yaratim , lamun maneh ngawin ka maranehanana ; maneh teu kudu wajib ngawin budak awewe yatim eta ; maneh bisa milih kawin ka anu dipideudeuh ku maneh , dua , tilu atawa opat . Tapi lamun
maraneh sieun teu mampu adil , nya kawin ka saurang wae . Nu kitu teh ngajauhkeun tina ngalakukeun kazoliman .
 
Guaran : Lamun aya budak awewe yatim baligh ; pamginten didieu ku margi bapana maot syahid lantaran ngabela Islam jaman harita ; diwajibkeun ka lalaki lalaki ngawin eta budak yatim , samemeh ngawin ka nu sejenna . ( randa kalebet panginten nya ? )
 
Tapi lamun sieun teu adil ( ku margi panginten teu micinta sste ) , maneh maning oge kawin ka wanoja anu dipicinta ku maneh . dua , tilu , opat .
Tah dugi ka dieu aya nu disyaratkeun , nya eta rasa deudeuh . Teras meunang rek 2 ,3 atawa 4 .
Saur kaseueuran Ulama , ditafsirkeun ieu teh wates tiasa hiji pameget nikah , nya eta opat tea . Tapi aya deui nu nafsirkeun , kalebet sim kuring sorangan ; nya eta eta teh hartosna rek dua tilu atawa opat ku ma maneh we ari kuat mah , hartos salajengna , langkung ti opat oge teu naon naon ; da teu ay hiji oge nu nyebatkeun ngawatesan ka na eta kalimah . Hartosna langkung ti hiji , sabaraha wae Wenang . Ngan syaratna tos jelas pisan , kedah ADIL ! Tah ieu nu sesah mah . Upami teu adil bebendonna Dunya Akherat ; mangka seueur pisan hiji jalmi sugih , ngadak2 kawin kadua kalina ; satutasna usahana mundur dugi ka bangkrutna pisan . Teu acan engke di akheratna .
 
Teras ayat salajengna maning ge HIJI wae .
Ieu teh panggeuing ( anjuran ) ti Allah langsung , jadi hartosna Allah Nyalira langkung seneng ningali pameget nikah ka hiji istri wae . Kumaha atuh ari kitu hukumna Ngawayuh teh ?
Rupina mah Makruh , lantaran sesah tea . Langkung sae dikantunkeun ti batan dilaksanakeun !
 
Kitu rupina para wargi sadayana , seratan ti sim kuring .
 
Billahi Taufiq wal Hidayah Wassalaamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh .
 
Abbas Amien


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke