Wa'alaikum salam wr. wb, Kang Irfan, hatur nuhun kana informasina. Miresep Etanasia teh jadi inget deui kana novel oge filem "Playing God", kalintang pogot boh nontona atawa macana. Leres, ngalarapkeun pancen Pangeran teh kalintang dipahingna. Ieu teh nuturkeun kasauran salah sawios ahli tasawuf mah parantos papalimpangan sareng salah sahiji hakekat ibadah: nyaeta mung nyerahkeun sagala urusan (anu kawenanganna aya di Pangeran) ukur ka Pangeran
Bujeng-bujeng "Trans-Seksual" dalah "Etanasia" oge di urang kapireungeuhna teu acan jadi perhatian para ahli (kedokteran jsb), komo umum mah. Perhatian dina harti dipajemuhkeun kalawan daria. Padahal kasusna kungsi kajadian, waktu hiji ulama kondang di urang, kaganggayong mang bulan-bulan antara "maot" sareng "hirup". Nguping wartos, definisi "hirup" jeung "maot" teh sanes bae urusan aya keneh nafas sareng geterna jantung. Namung, cenah, katompernakeun ayeuna, urusan "pusat kesadaran" alias otak oge kalintang pentingna pikeun dibalitungkeun. Kacindekanna, dina bahasa awam mah, mereun kieu:"Percuma masing nafasna masih karasa oge jantungna masih ngagater oge ari jirimna geus teu sadar mah". Naha leres kitu, Kang? Cobi atuh pedar oge, kumaha padungdengan etanasia di Eropa teh? Ngeunaan trans-sexual anu pakait sareng perilaku, saluyu pisan. Yen lingkungan, sajabi genetik (anu oge tiasa kawangun ku lingkungan dina lalampahan sajarah garis katurunan) kalintang mangaruhanna kana wangunan tangtungan diri urang. Khususna, naha urang teh atawa anak urang teh arek jadi awewe atawa lalaki sagemblengna. Paingan atuh nya sepuh urang kapungkur parantos motekar, ngawilah- wilah kaulinan, mana anu keur awewe oge mana anu keur lalaki. di dieu tetela kabuktian, yen tradisi teh geuning, upama diteuleuman mah, heunteu salawasna katinggaleung jaman. Ngan hanjakal, kabehdieunakeun, ku alasan emansipasi jsb, geus mimiti tradisi- tradisi teh dihujat. Cekap ah dugi kadieu, bilih jadi matak ngawadul teu puguh catur. Baktosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], Mohamad Irfan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalaamualikum baraya, > kumaha wartosna? daramang? > Bade ngadongeng ieumah sanes ngabahas...mugia katampi > > Can beres dokter2 jeung ahli hukum di Eropa ngabahas ngeunaan Eutanasia(panginten parantos uninga nu ieu ah) > ayeuna datang deui masalah ngeunaan Tran-Seksual(perubahan perilaku/jenis kelamin manusia). > Boh ti awewe nu jadi lalaki atawa sabalikna. > >> Ulah hilap yen lingkungan teh ageung pisan pangaruhna kanggoperkembangan sareng sifat2 budak, salian ti Gen. > > > hatur nuhun > hormat abdi, > Irfan > > > > Mit sch�nen Gr��en von Yahoo! Mail. > Mit dem Yahoo! Messenger k�nnen Sie Freunde noch schneller erreichen! Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

