Tadina uing mah rek nebus dosa ka PKS pedah sok ngekeak ketak PKS dimana
mendi. maksudna mah mere cara pandang tina juru nu beda, tapi boa aya we nu
nyeri hate mah. Kuring geus wakca ka salah sahiji kader PKS, mun meunang
elektroral treshold keur ngajukeun calon, arek miluan milih persiden nu
didukung ku PKS. Tetela nepika kiwari teu aya bejana, kalahka aya
selentingan PKS rek milih jadi oposisi. 

Duh bingung deui wae yeuh, ari bogoh ka amien rais, ari milih kudu ka agum
da sunda, tapi teu bogoh. Sok atuh ngarah teu jadi suudzon (ninggali nu
gorengna wungkul), ka sing saha nu boga catetan prestasi agum sikuring bere
nyaho, supaya teu buruk-buruk papan buruk teuing ....  

-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, May 17, 2004 10:22 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] Re: KANG AGUM GUMELAR DEUI.....!



Didieu lain tempat jang kampanye SBY. da alus2 oge urang jatim. persebaya.
kusnet mah negeri persib! 

soal reputasi, haha. reputasi duanana oge, Agum jeung SBY, sabab duanana
tangtara. naha bet jadi pelindung srimulat, sabab gembong srimulat menta ka
agum. ari US mah rada individualis.

perkawis kareta deui, ti jaman menhubna Danutirto, loba kareta nu cilaka
kapal nu murag. lain salah menterina. 

Ceuk saha ngan SBY wungkul teu nasionalis? kabeh tangtara oge dicitak jaradi
nasionalis! justru Tantara US nu pangnasionalisna. Siliwangi lain tangtara
jawa barat, tapi tangtara nasional. nu nyanghareupan Kahar Muzakar, saha? nu
nyanghareupan GAM saha.

maca buku SBY kaci jeung alus, tapi kudu dibeuweung diutahkeun. teu kudu
naon nu kuurang dibaca, eta nu pangbenerna. ulah naon nu ditulis didinya
langsung diaminan. SBY keur jaman karusuhan MEI jadi naon? kamana manehna?
reputasi naon? jenderal mah kabeh oge baroge reputasi. hihihi

soal komitmen capres cawapres, nu gelo meureun nu teu boga niat rek
ngawangun nagara dina sagala widang....

buruk-buruk papan jati. ceuk aing sunda sunda..!


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke