Keur basa soeharto jaya jayana, Agum Gumelar salah sahiji jalmi nu terbuka
wani ngalawan soeharto, malihan anjeuna pisan nu ngarestui Megawati janten
ketua PDI basa anjeuna jadi Pangdam Wirabuana, antukna karir Agum di ABRI
teu caang siga Prabowo mantu presiden, Hartono nu pinter ngajilat, atawa
Wiranto nu ngomong ABRI akan melindungi Mantan Presiden Soeharto+kulawarga
sabada turun tina tahta,SBY oge keur rame-ramena repormasi anjeuna kantos
ngomong yen "tidak ada reformasi" harita ditulis ku harian umum kompas. Agum
sabada jadi Pangdam Wirabuana ditugaskeun ka posisi nu teu strategis
sapertos lemhanas, atanapi KONI, PSSI nu sanes widangna, wajar upami
prestasi anjeuna di eta widang teu menonjol sapertos Myke Tyson dititah maen
badminton, atanapi Rudi Hartono nu jawara badminton dititah Tinju. Nanging
Agum teu ngundurkeun dina eta widang nempokeun yen anjeuna teu lumpat tina
kanyataan.
Kitu oge basa keur Gus Dur lengser, Gus Dur kantos ngancam Agum supados
ngadukung Gus Dur, dasar Agum gaduh ageung kawani ancaman eta teu dipalire,
malihan Agum oge nu gaduh jasa ageung Gus Dur turun tahta tur tiasa ngaredam
massa Gus Dur (ti Jatim), nu rek nyieun onar jakarta.
Megawati oge teu ngayahokeun diri tos ditunlungan ku Agum, dina kabinet
gotong royong Agum nyepeng jabatan nu teu strategis nyaeta Menhub, nanging
najan kitu teu weleh anjeuna ngajalankeun tugasna bari teu loba omong
kagorengan batur.
Basa Agum janten Pangdam Wirabuana oge anjeuna kantos janten ketua
masyarakat sunda di ujungpandang (makasar), malihan anjeuna pisan nu janten
sponsor raramean kasenian sunda sapertos wayang golek, kitu sasuran pun adi
nu aya di makasar ayeuna.
----- Original Message -----
From: "Hendri Mulyana" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, May 17, 2004 12:20 PM
Subject: RE: [UrangSunda] Re: KANG AGUM GUMELAR DEUI.....!
> Tadina uing mah rek nebus dosa ka PKS pedah sok ngekeak ketak PKS dimana
> mendi. maksudna mah mere cara pandang tina juru nu beda, tapi boa aya we
nu
> nyeri hate mah. Kuring geus wakca ka salah sahiji kader PKS, mun meunang
> elektroral treshold keur ngajukeun calon, arek miluan milih persiden nu
> didukung ku PKS. Tetela nepika kiwari teu aya bejana, kalahka aya
> selentingan PKS rek milih jadi oposisi.
>
> Duh bingung deui wae yeuh, ari bogoh ka amien rais, ari milih kudu ka agum
> da sunda, tapi teu bogoh. Sok atuh ngarah teu jadi suudzon (ninggali nu
> gorengna wungkul), ka sing saha nu boga catetan prestasi agum sikuring
bere
> nyaho, supaya teu buruk-buruk papan buruk teuing ....
>
> -----Original Message-----
> From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Monday, May 17, 2004 10:22 AM
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Subject: Re: [UrangSunda] Re: KANG AGUM GUMELAR DEUI.....!
>
>
>
> Didieu lain tempat jang kampanye SBY. da alus2 oge urang jatim. persebaya.
> kusnet mah negeri persib!
>
> soal reputasi, haha. reputasi duanana oge, Agum jeung SBY, sabab duanana
> tangtara. naha bet jadi pelindung srimulat, sabab gembong srimulat menta
ka
> agum. ari US mah rada individualis.
>
> perkawis kareta deui, ti jaman menhubna Danutirto, loba kareta nu cilaka
> kapal nu murag. lain salah menterina.
>
> Ceuk saha ngan SBY wungkul teu nasionalis? kabeh tangtara oge dicitak
jaradi
> nasionalis! justru Tantara US nu pangnasionalisna. Siliwangi lain tangtara
> jawa barat, tapi tangtara nasional. nu nyanghareupan Kahar Muzakar, saha?
nu
> nyanghareupan GAM saha.
>
> maca buku SBY kaci jeung alus, tapi kudu dibeuweung diutahkeun. teu kudu
> naon nu kuurang dibaca, eta nu pangbenerna. ulah naon nu ditulis didinya
> langsung diaminan. SBY keur jaman karusuhan MEI jadi naon? kamana manehna?
> reputasi naon? jenderal mah kabeh oge baroge reputasi. hihihi
>
> soal komitmen capres cawapres, nu gelo meureun nu teu boga niat rek
> ngawangun nagara dina sagala widang....
>
> buruk-buruk papan jati. ceuk aing sunda sunda..!
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/