Alhamdulillah rengse sagala rupina dugi ka ahir dinten kamari.. Acara nu kahiji (dinten Rebo, 12 Mei 2004) sateuacan dialog dibuka, aya upacara adat pembukaan eusina tari-tarian, biasa we aya lengser, teras pamayang, diteraskeun ku nu ngaos mani kararasep, teras Paduan Suara Mahasiswa FASA, tos kitu pembukaan ku rektor tapi nu sumpingna pembantu rektor 3, diteraskeun ku Dialog Nasional sesi ka hiji nanggap Bu Fatimah Djajasudarma (Dekan Fasa Unpad) sareng Pa Cece Sobarna (dosen Sunda), sesi ka dua nanggap Pa Jacob Sumardjo (nu nyerat buku Simbol2 Artefak Sunda) sareng nanggap kang Aat Soeratin (nu ngangkat kabudayaan suku Asmat).. kenging keprok ti tiap delegasi..
Dinten kadua (Kemis, 13 Mei 2004) Temu Ilmiah ngabahas ngeunaan makalah ti tiap delegasi universitas sa-Indonesia, wengina tbh 19.00-07.00 (ti Kemis-JUmaah 13-14 Mei 2004) Musawarah Nasional, nanggap Sekjen nu ti Unpad, naha ditolak Laporan Pertanggungjawabanna, naha henteu, tapi ahirna ditampi.. mung aya delegasi ti UI (Universitas Indonesia Jur. Sastra Jawa) nu nolak, sareng ngaluarkeun SK nu eusina, IMBASADI teh cnah kudu dibubarkeun.. Tapi teu dipirosea ku delegasi2 ti universitas nu sanesna, ahirna UI dicoret ti IMBASADI, duka taun payun, naha diulem atanapi henteu, da anjeunna pan ngaluarkeun SK sapertos kitu, disambung deui ku milih Sekjen Imbasadi anyar, nu kapilih nyaeta Mba Novi delegasi ti UNESA (Universita Negeri Surabaya), kumargi nu kapilihna sekjen anyar teh ti Unesa, otomatis imbasadi taun payun di UNESA.. Dinten Jumaah 14 Mei 2004 delegasi karulem siangnamah, da capeeun tos munas teu kulem sawengi.. ari wengina (malem Saptu) ngayakeun pentas seni, bentang tamu aya grup beluk ti banjaran, sareng grup Ketuk ti STSI.. ditambihan deui Tari Ratugraeni+Kangsreng ti Panitia, sareng Puisi, plus nyanyi.. nu ramena, aya grup calung eta mah pentas seni delegasi ti UPI Bandung, ti UNCEN (Univ Cendrawasih) ABepura-Jayapura mah nyewa ka mun ceuk urang mah Paguyuban orang Jayapura nu di Bandung, sina nari Sajojo 3 urang bari ditato, nganggo acuk koneng, nganggo rambut jocong jiga injuk, pokonamah irian abis we.. ti USU (Univ Sumatera Utara) nanggap tarian batak, ti Bali (Univ Udayana) maca mun ceuk urang mah wawacan, mantun samodel kitu lah, ti UNESA mah nyanyi cucokrowo, ti UNHAS Makassar (Univ Hasanuddin) nanggap nyanyi deui wae, ti UGM akrobat, ti IKIP Gorontalo mah senyum sajah, da delegasina nyalira.. haha.. pokonamah rame we.. can ti Unpad mah nanggap Kembang Kehidupan, samodel Naif kitu.. tapi gelo.. Pentas Seni ti tabuh 8 wengi dugi ka 3 janari.. Enjingna enjing2, Saptu, caritana bade offroad mobilna jeep ti PJB (Paguyuban Jeep Bandung). ari rutena tadinamah bade ti Gn Manglayang teras ka Perkebunan Kina Malabar, teras ka Tangkuban Parahu, nembe balanja ka Cihampelas, ari teun teh, aya jeep nu tiguling, nya teu cios we da medanna pan nu nangtoskeun ti pihak PJB, medanna gelow bangget, enyaan offroadna teh... tapi nu jeep tiguling untungna delegasina teu kunanaon, sehat sabihara sabihari.. Enjingna dinten minggon, delegasi aya nu haroyongeun balanja, ahirna mah di Pasar UNpad we sareng dicandak ka Cipacing, da aya nu haroyongeun meser suling... sakantenan bubar jalan.... Sakitu ah, cape ngetikna, pokonamah sukses we acarana!!!! ~panata harta~ (bingung duitna leuwihna ageung pisaaaaaaaaaaaan) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

