mulang ti telkom Ua Sas, teras ka karawitan 46, ti dinya, kang MGT ngajak ka Bandung Spirit, sareng kang Hawe Setiawan.
Bandung Spirit, sigana tos rada beken, LSM kersana kang Acil Bimbo nu udaganana, ngahudangkeun urang sunda sangkan teu moyodox sorodok. loba kemalang anjeuna ka urang sunda. kaasup soal tanah, nu sok dijualan ka batur. antukna urang sunda ngan aku2an wungkul tatar sunda, da sertifikatna mah geus nu batur, seler sejen, china jeung sajabana. kahayang teh, sing pageuh nyarekel tanah sewang2an, ulah dijarual sabisa-bisa mah. perkawis kahareup, anjeuna gaduh rencana renstra teh, duka nu kumaha, ngan cenah, 2004-2009 teh jang urang sunda mah kritis, waktu kudu hudang mun henteu tinggaleun batur. Tatar Sunda ngan ukur ngaran. Urang Sunda teu diitung dina urusan politik jeung nu sejenna di pentas nasional. karesep kang Acil ti beh ditu mula, basa aya riungan di hotel Panghegar, "Mun aya jelema nu ngomong yen urang teh sukuisme, provinsialisme, kadaerahan, kaci di gaplok!" haha...sabab kabeh oge, ngaku teu ngaku, baroga akar masing-masing selerna. asalna. Bandung SPirit lumpatna kana sosbud. kumaha sangkang urang teu jadi semah di lembur sorangan. kabeneran aya JAka Badranaya, minangka pelaksana harian Gerakan MAsyarakat Jawa BArat (Gema jAbar). manehna jeung kang Acil keur badami rek ngayakeun silaturahmi, poho deui judulna, pokona mah matak keueung. enya, soal urang, tarekah sangan kuniang hudang, kabehan. acarana di parahyangan room, hotel horison, tanggal 22 jam 09 beurang. ningal nu diulemna mah, sigana acara ieu mah keur US elit. para inohong di jakarta bandung. cenah mah, rek make sistim poros jakarta-bandung. nu apal rek diondang teh, jendral2 us, siga letjen (pangsiun) Sudrajat, dirjen pertahanan strategis dephankam, Eri Riyana Hardjapamekas si teuneung. ti KUSnet teh Ua Djatnika Puradinata. Mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

