Asa sering maca nu disebat Gunung Sunda, mung sigana aya dua Gunung Sunda :
1. Gunung Sunda nu ayana kalereun Bandung, nu aya Curug Cijalu, ayeuna aya dina pangawasaan Perum Perhutani Unit III KPH Bandung Utara Jawa Barat.
2. Gunung Sunda (purba/kuno), anu kacida jangkungna anu teu weleh aya es diluhurna dugi ka katingal bodas (Cuda/Sangsekerta  nu hartosna bodas).
 
Gunung Sunda Kuno tangtos ayana teh samemeh Bandung jadi Situ Hyang (Danau Bandung purba), da saurna ku ayana Gunung Sunda bitu nu ngajantenkeun danau bandung purba.
Lamun kitu mah ngajunggiringna Gunung Sunda nya palebah Bandung, sedengkeun gunung sejena saperti Tangkuban Parahu, Burangrang jste, ngan saukur sisina.
 
Patarosanana, nu disebat Gunung Sunda (purba) teh ayana dijaman mana (pliestosen, miosen jste), teras bituna teh dijaman mana, kanggo sumber bacaan anu rada euyeub ngeunaan eta dina buku naon..?
 
MSasmita


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke