Alhamdullilah kang, pangesto, sawalerna kumaha kang Edwin oge damang?
Mangga bade mantuan mah, eta paculen seueur keneh......kamari dikeureuyeuh, kang iyan sareng kang sidik teu acan atos.......Sok kang geura ancrub, ke di pasihan timbel sareng sambel lalab, ditambihan lauk menang ngagoreng garing...duh matak ni'mat......di tuangna dina saung, ngariung, ......komo aya jengkol ngora, di coelkeun kana sambel tarasi.....sing ceuleutrok ,,waas euy.........yu, ah kang sidik....urang ngariung, tea.......
 
Salam
Teteh TK

Edwin Bastian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 Aya teh nuju ngantosan tukang pijet sareng tukang jengkol
kamari teu pependak....kumaha damang teh tien....
sigana mah pakeupuk sareng rambetan nana..sok atuh urang bantosan ku
sim kuring....kaleresan nuju nganggur yeuh...
sok lah lebet kanggo kang eddy anu aya di sukabumi..
nepangkeun sim kuring edwin kawit ti caringin bandung
ayeuna nuju macul di batam....
 
edwin
 -----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 19 Mei 2004 17:58
From: teh tien [mailto:[EMAIL PROTECTED]
!!

Wilujeng gabung di lembur kusnet kang Eddy ..........
Wilujeng sonten kang Iyan, kumaha wartos na...?
Kang Edwin, aya...?
 
Salam
Teh Tien


-----Original Message-----
From: cimalati [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 19 Mei 2004 8:38


Kahatur para wargi urangsunda, punten sim abdi bade ngiringan 
icikibung di babakan KUSNET, mugi para wargi kersa nampi !!!, wasta mah
pun Eddy Sutardy, kawit ti Cimalati, Cicurug, Sukabumi. Cekap sakitu anu
kapihatur !!!

Pihaturna,

ES




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke