ooooo.....mangga atuh ari kitu mah da geuningan salira teh tos dewasa tos
naksir dian sastro sareng jihan fahira sagala, tapi lieur oge saurna kamari
ka siti nurhaliza, mana anu leres ieu teh ???
Keun atuh ari akang teu tiasa medar prestasi kang AG, berarti urang teh
milih kang AG ku alesan seler sanes kitu ??? abdi mah panuju pisan upami
aya pamingpin anu aslna ti seler sunda, salaku US tangtos seseledek maju
ngadukung eta calon, komo ieu mah levelna nasional pasti nepuk dada yeuh US
bisa jadi pangawasa nusantara.........tapi, sateuacan na kuring agul kuring
sok hoyong terang heula naon wae atuh prestasi atanapi bentuk kadeuduehna
anjeuna kanggo masyarakat US teh (ulah dugi keun abdi janten agul ku payung
butut) ??? upami selerna nyalira tos diapik, dijaring dibela mah, tangtos ka
seler anu sanesna oge moal benten, kumargi di urang mah apanan pendudukna
teh multietnis tea. Tong dugikeun ka urang milih anjeuna mung saukur alesan
seler teu terang visi misi, dimana anjeuna tos anjeucleu dinu korsi
karajaan, kalah ka ngisin-ngisin jiga anu atos-atos apanan anu isin saha,
jawaban na pasti kuring da kuring milih anjeuna kusabab kuring jeung anjeuna
teh apanan US, hayo we der US ka kakoncara disakompet daunkeun. Pamugi AG
mah moal sapertos kitu, Amien.....hayu atuh baraya urang istikhorohan saha
anu bakal ku urang dipilih,
Kang ani mah jujur we bogoh ka AG teh ku selerna, tapi naha seler ieu tiasa
dipertanggungjawabkeun kanggo ngabebenah nagara ?? janten kumargi teu aya
seler sunda deui abdi mah condong ka AR we, insya alloh anjeuna amanah. Tapi
upami AAGYM dipasangkeun jeung AG, pasti kuring milih, itu pasti !!!! komo
AAGYM jeung AR hehehehe.....alias AJIP ROSIDI,(leres teu nya nyeratna)
nuhun + punten bilih nyinggung manah salira ku kecap eh...basa dina ieu
kalimah,
neng an
-----Original Message-----
From: R. Duli Dimyati D. [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 19, 2004 9:29 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] Re: KANG AGUM GUMELAR DEUI... ( conspiracy theory
of the komporator )
Hihihiy...upami ditingal tina judulna oge kedahna tos katingal pasti
eusi kirang pikalieureun, pan saur Agym oge kualitas diri tiasa ditoong
tina eusi cariosannana, sapertos teko - upami eusina susu, nu kaluarna
pasti susu,...tah dina dangeut ieu puguh pikiran abdi anu nuju lieur ku
mikiran bade milih Neng Dian Sastro atanapi Neng Jihan Fahira...tah eta
dua tokoh teh duka partey mana nu nyalonkeun janten capres /
cawapares...
Upami kirang paham kana perkawis nu di luhur mah kieu we atuh, Neng
An...
Batur bisa boga sikep kitu - abdi oge meunang atuh boga sikep kieu. Teu
adil atuh upami batur kenging ngocoblax bin ngacaprux, sayah ngan
kenging ngadangukeun. Bade sae - bade awon kabaca / kadangu sayah
gogorowokan et amah pan terserah sayah, panuju teu panuju, mangga the
teuing, bongan nu batur ngocoblak, nya sayah jadi ngacaprux - more or
less, pasti aya mangpaatna, sanes kitu? Nya heueuh!!!
AR = OK , HNW = oposan = OK,
Komo Agym, ok pisan sayah mah
Mun teu tiasa mah, nya Agum heula atuh
Da dina alphabetical order oge U heula tuluy Y
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/