Haturan Uwa Siddik.

 

Mugia aya dina kasaean!

 

Alhamdulillah Uwa, hatur nuhun pisan tos disambat ieu teh. Upami teu leupat, Uwa Siddik teh di Seoul , leures..? Kumaha kabarna baraya US nu sanesna di Kok Rea???

 

Salam baktos ka para wargi US nu aya di tungtung  wetan daratan Asia, mangga atuh Uwa linggih ka milis US di Emirates (Abu Dhabi) – [EMAIL PROTECTED] ([EMAIL PROTECTED])

 

Ceukap heula ah!

 

Hatur nuhun

 

Wassalam

 

-pun adi-

 

--------------

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikum salam !!
 
Mangga linggih ayi Rudy !!!, tah geuning nambihan deui kulawargi teh !!!, mangga para wargi geura bageakeun wargi enggal ti Abu Dhabi.
Sakitu titungtung wetan daratan Asia !!!
 
Wasalam
 
SSW

Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bismillah!

Assalamu'alaikum wr. wb.

Mugi parawargi US & kisunda aya dina panangtayungan allah nu maha
welasasih!

Sateuacanna sim kuring nyuhungkeun dihapunten manawi bilih cologog
kumawantun lebet dina milis ieu.

Aduh..!!!. bapak-bapak anu nuju dararepa, ibu-ibu anu ngajuru (nyempod
maksadnateh, punten lepat, warah kuring!)... meuni reueus kuring mah,
ningal aya milis US nu teu tanggung2 sa dunya (enya kitu?),
alhamdulillah! mugi aya na milis ieu teh tiasa nambihan cahaya "kasundaan" kuring
nu ampir-ampiran "pareumeun obor".

(Edas.... eta geura.. punten ah....naha blus blos wae ieu teh.) Nepang
keun, sun.. kuring, ti abu dhabi (pangapingan Kang lalan). Gaduh nami
teh Rudy tapi raos na mah di sebat Adi, kuring mah di lemah cai na teh
di..... Bogor tiasa, di Bandung oge moal ngahilapkeun. Damel teh
alhamdullilah di KBRI (ngabela nagara ceunah na mah ????). Bilih aya diantawis
parawargi US & Kisunda nu kaleresan ka "emirates" mangga atuh diantos
dirorompok, cikopi-cikopi mah insyaalloh di sayagi keun, kapan urang teh
dulur sakasur...eeehhh... dulur salembur lin?

Mangga atuh parawargi, nya ti sim kuring mah di ceukap keun heula dugi
kadieu insyaalloh tiasa ngiringan mairan dina waktos kapayunna.

Sakali deui hapunten! dupi aya nu kirang meureunah dina ieu cariosan
teh, carek, warah jeung pangapingkeun kuring. Da kuring mah hayang jadi
US nu merenah, geunah tur tumaninah (naha kadieu lumpatna??...eeh..
silaing mah!!).

Pribados Permios Amigos Gojojosssssssssss!!


Wassalam,

-Pun adi-



NB (sanes Note Bene tapi Nam Bihan ahhh) :
- Hapunten kuring mah anom keneh langkung sae di saur ayi bae batan
akang (sok isin kuring mah di akang akang teh sieun jadi DeLu alias si
Gede Hulu alias buta...hejo...hiiiiiii sieun pan???, hihihihihihi... heup
ah balem!).



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to