Sae dupi kitumah, atuh 'wa! sim kuring teh nembean didieu teh kirang langkung bade mapah ka 9 sasih na, ku kitu na di dieu teh kuring mah buburuh ngaulaan "Tuan Besar".
 
Perkawis paguyuban teh nembe ngadeug kana 3 minggonnan, eta oge pedah ti sim kuring sareung kang lalan teh gaduh pamaksadan kumaha supados US nu nuju ngumbara di nagara deungeun teh tiasa teu pareumeun obor, langkung2 na mah tiasa ngempeul keun kakiatan (ku pamikiran, dana sareung tanagi) kanggo ngamajeung keun "kasundaan" urang nu aya di lemah cai.
 
Uwa dupi di Emirates oge, kuring teh teuacan ngasensus sadayana sabaraha2 na US teh? tapi upami teu di kawitan tinu a'alitan mah kinteun2 iraha deui atuh uwa? iwal ti kitu na nya...  dimimitian ku 10 jalmi, urang2 teh sapakat ngadamel milis bari kurah koreh jeung tatalepa ka US nu sanesna yen di emirates teh aya milis US kanggo saha wae nu aya kadeudeuh sareung nu gaduh panyabakan kanggo kamajeungan "kasundaan". Insya alloh atuh uwa tiasa majeung. Jisim kuring ieu teh sok ngaheulas upami ngemutan "kasundaan" urang. Tatar, budaya, basa kitu oge jalmi2 na, asa asa na teh kampungan cuenah lamun neungneuleuman "kadaerahan" teh, padahal lamun heug urang teh hoyong jadi bangsa nu beunghar dina sagala rupana, salah sahiji na teh kapan kudu kuat akar budaya na.  
 
Saheunteuna sim kuring mah rada bungah ku ayana Sunda.net & KUSnet kitu oge kana pangmumulean para wargi di babakan KUSnet & Kisunda kana "kasundaan"urang teh.
 
Hayu atu urang mimitian ti hedep ieu, kereupkeun barisan ...urang silih asah silih asuh silih asih silih jagi silih pepeling...mugia "kasundaan" urang teh aya dina kamajeungan tur barokahna kanggo US jeung sabudeureunana (rahmatan lil alamin).
 
cag heula ah 'wa, permiosssssssssssss
 
 
wassalam,
 
-pun adi-
 
 
 
---------------------------------------------

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Amien ya robbal alamien !!
Bagian/Bidang naon di KBRI teh, si uwa mah di Bagian TU !!, kitu lah dapurna KBRI !!!, tos sabaraha lami ???, si uwa mah parantos likuran taun yeuh !!!.
Seueur US na di Abu Dhabi ??, geuning tos tiasa ngadamel paguyuban !!!.
Di Seoul mah teu acan kagarap, nembe disensus USna insya Allah kapayun mah dina waktos anu teu patos lami mugia tiasa ngajanten !!!.
Mangga sakitu heula pihatur ti Seoul !!
Wassalam
 
Pihaturna,
SSW


Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mugia urang sadaya aya dina kasaean ku kersaning alloh ta'ala!
 
Haturan ka uwa Siddik sareng teh Tien {nuhun pisan tos disambat ku teteh(punten ah.. bilihnga-teteh keun!!)}
 
Alhahamdulillah uwa!, sim kuring teh ceunah na mah nuju ngabela nagara (enya kitu? neda pidu'a na ti uwa,atuh!), di KBRI Abu Dhabi tepat na mah, panyawahan teh! 
 
Mangga atuh diantos pisan pangapingan tur pepeling ti uwa (nu dipika sepuh) kanggo jisim kuring ieu khususnamah, umum na mah kanggo wargi2 di [EMAIL PROTECTED].
 
Mangga atuh uwa dilajeungkeun deui papatah sareung talatah na.
 
Wassalam!
 
-pun adi- 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70/year

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70/year

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to